Budalan
5 Geus kitu, Musa jeung Harun ngadep ka Firaun sarta ngomong, ”Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa Allah Israél, ’Idinan umat Kuring indit ka tanah gurun pikeun ngayakeun perayaan keur Kuring.’” 2 Tapi Firaun némbalan, ”Saha Yéhuwa téh? Ku naon urang kudu nurut ka Manéhna sarta ngidinan urang Israél indit? Urang mah teu wawuh ka Yéhuwa. Urang Israél teu meunang indit.” 3 Maranéhna ngomong, ”Allahna urang Ibrani tos nyarios ka abdi sadaya. Ku kituna, abdi sadaya ménta idin badé angkat tilu dinten ka tanah gurun pikeun nyanggakeun korban ka Yéhuwa Allah abdi sadaya. Lamun henteu, abdi sadaya bakal dihukum ku panyakit atawa ku pedang.” 4 Raja Mesir ngajawab maranéhna, ”Hé Musa, Harun! Ku naon maranéh hayang jalma-jalma éta eureun digawé? Jig garawé deui!” 5 Firaun ngomong deui, ”Tuh tempo, sakitu lobana bangsa maranéh di ieu nagri! Maenya ku maranéh rék dititah eureun gawé?”
6 Poé éta kénéh, Firaun maréntahkeun kieu ka para pangawas jeung urang Israél nu diangkat jadi mandor, 7 ”Éta jelema-jelema ulah dibéréan deui jarami keur nyieun bata, keun wéh sina naréangan sorangan. 8 Tapi jumlah bata nu dijieunna mah kudu angger sakitu, teu meunang dikurangan, da maranéhna téh kalah ka jadi kedul. Nu matak maranéhna méménta kieu, ’Urang hayang indit, urang hayang méré korban ka Allah urang!’ 9 Béré leuwih loba pagawéan ngarah maranéhna teu barogaeun waktu keur ngadéngékeun omongan bohong.”
10 Jadi para pangawas jeung mandorna méré nyaho urang Israél, ”Ieu nu diucapkeun ku Firaun, ’Maranéh moal dibéré jarami deui. 11 Jung téangan sorangan jaramina. Kumaha maranéh wéh rék néangan ka mana, nu penting mah jumlah bata nu dijieun teu meunang ngurangan.’” 12 Tuluy urang Israél naréangan jarami ka sakuliah Mesir. 13 Para pangawas terus ngadesek maranéhna, ”Gancang digarawé! Jumlah bata nu dijieun unggal poé téh kudu sarua kawas saacanna, basa maranéh masih kénéh dibéré jarami.” 14 Para pangawas nu jadi bawahanana Firaun gé ngagebugan urang Israél nu diangkat jadi mandor. Ceuk maranéhna, ”Ku naon batana kurang? Poé ieu kurang, kamari kurang.”
15 Jadi para mandor Israél éta ngadep ka Firaun tuluy ngadu, ”Ku naon Raja téh meni teungteuingeun ka hamba-hamba Raja ieu? 16 Abdi sadaya tos teu dipasihan jarami deui, tapi angger wéh dipiwarang nyieunan bata. Abdi sadaya digebugan, padahal nu salah pan bawahan Raja.” 17 Raja ngajawab, ”Sia mah kedul, pangedulan kabéh. Nu matak pada ngaromong kieu, ’Urang hayang indit, urang hayang méré korban ka Yéhuwa.’ 18 Geus ka ditu, digarawé deui! Maranéh moal dibéré jarami, tapi jumlah batana kudu angger sakitu.”
19 Waktu ngadaréngé paréntah yén bata nu dijieun unggal poé téh teu meunang dikurangan, para mandor éta sadar maranéhna keuna masalah gedé. 20 Sanggeus ngadep ka Firaun, maranéhna panggih jeung Musa sarta Harun nu keur ngadagoan maranéhna. 21 Maranéhna langsung ngomong, ”Mugia Yéhuwa ningali jeung ngahukum maranéh. Da gara-gara maranéh, Firaun jeung bawahanana jadi geuleuh ka urang. Éta mah sarua wéh kawas méré pedang ka maranéhna sina maéhan urang.” 22 Geus kitu Musa ngadoa ka Yéhuwa, ”Yéhuwa, ku naon Gusti téh nyangsarakeun umat Gusti? Ku naon Gusti ngutus abdi? 23 Ti saprak abdi ngadep ka Firaun ngawakilan Gusti, manéhna téh jadi beuki jahat ka umat Gusti, ku Gusti gé teu ditulungan.”