Siloka
1 Paribasa-paribasa* Sulaéman anak Daud, raja Israél.
2 Ieu ditulis ngarah jalma jadi bijaksana jeung narima didikan,
Sarta ngarti kana kekecapan jalma nu bijaksana.
3 Ieu gé ditulis ngarah jalma diajar, ku kituna manéhna jadi boga pangarti,
Nyaho nu bener, bisa nyieun putusan nu bener,* sarta jujur.*
4 Ieu ditulis ngarah nu teu boga pangalaman jadi jalma bijaksana,
Sarta ngabantu budak ngora boga pangarti jeung asak pikir.
5 Jalma nu bijaksana* mah resep ngadéngékeun jeung loba diajar.
Jalma nu boga pangarti mah resep néangan bingbingan ti jalma nu bijaksana
6 Sangkan ngarti kana paribasa jeung ibarat*
Sarta ngarti kana kekecapan jeung tatarucingan jalma bijaksana.
7 Supaya bisa meunangkeun kanyaho,* jalma téh kudu hormat* ka Yéhuwa.
Ngan jalma bodo nu nyapirakeun kabijaksanaan jeung didikan.
8 Anaking, lamun dididik ku bapa téh déngékeun,
Lamun dipapatahan ku indung* téh ulah ngabalieur.
9 Éta téh lir makuta nu éndah dina sirah
Sarta kongkorong nu alus dina beuheung.
10 Anaking, mun manéh diolo ku nu baroga dosa, ulah daék.
11 Lamun maranéhna ngomong, ”Hayu milu!
Urang nyumput terus serang jalma nu teu boga salah.
Urang dodoho maranéhna tuluy paéhan. Sok geura, meni resep!
12 Kawas Kuburan,* urang legleg maranéhna hirup-hirup.
Kawas jelema anu asup kana liang kubur, maranéhna urang teureuy saawak-awak.
13 Hayu urang rampas kabéh hartana,
Urang pinuhan imah urang ku barang jarahan.
14 Manéh kudu milu,*
Engké hasilna urang bagi rata.”
15 Anaking, nu kitu mah ulah dituturkeun.
Omat, kalakuan maranéhna ulah dituturkeun.
16 Maranéhna hayang geura-geura ngalampahkeun nu jahat,
Hayang buru-buru maéhan.
17 Euweuh gunana masang jiret keur manuk mun katempo ku manukna.
18 Matakna maranéhna susulumputan, da hayang nyerang batur nepi ka paéh.
Maranéhna ngadodoho rék maéhan jalma.
19 Tah, siga kitu kalakuan jalma nu hayang meunang untung tapi carana teu jujur.
Nya siga kitu ogé maranéhna bakal paéh.
20 Kabijaksanaan nu sajati ngageroan di jalan,
Sorana kadéngé beuki tarik di lapangan.
21 Éta ngagero di péngkolan-péngkolan jalan nu ramé.
Di gerbang kota, kabijaksanaan ngomong kieu,
22 ”Hé nu teu baroga pangalaman, rék siga kitu terus?
Nu sok moyokan, rék nepi ka iraha moyokan waé?
Nu barodo, rék nepi ka iraha maranéh nolak élmu?*
23 Déngékeun* lamun ditegor ku kuring téh.
Engké kuring bakal méré kahébatan kuring.
Kuring bakal mantuan maranéh ngarah ngarti kana kekecapan kuring.
24 Waktu kuring ngageroan, teu didéngé ku maranéh.
Waktu kuring ngasongkeun leungeun, teu ditarima ku maranéh.
25 Maranéh terus nolak sakabéh naséhat kuring
Sarta nampik tegoran ti kuring.
26 Nya kuring gé bakal nyeungseurikeun waktu maranéh keuna ku musibat.
Kuring bakal mupuas waktu maranéh ngadégdég kasieunan.
27 Sagala nu dipikasieun ku maranéh datang siga angin ribut.
Éta musibat bakal datang siga angin topan.
Maranéh bakal keuna ku kasusah jeung masalah.
28 Engké maranéh bakal méménta tulung ka kuring, tapi ku kuring moal dijawab.
Kuring ku maranéh bakal terus ditéangan, tapi moal kapanggih,
29 Lantaran maranéh nolak élmu* sarta teu hormat* ka Yéhuwa.
30 Maranéh teu daék narima naséhat kuring
Sarta teu ngahargaan sakabéh tegoran kuring.
31 Jadi, maranéh bakal cilaka ku kalakuan sorangan
Sarta bakal seubeuh ku siasat sorangan.
32 Ku lantaran barontak, nu teu boga pangalaman bakal maot.
Ku lantaran hirupna haré-haré, nu bodo bakal binasa.
33 Tapi jalma nu ngadéngékeun kuring mah hirupna bakal aman
Sarta moal sieun ku musibat.”