Siloka
2 Anaking, lamun hidep daék ngadéngékeun papatah Bapa
Jeung nyimpen paréntah-paréntah+ Bapa lir harta,
2 Lamun hidep bener-bener daék ngadéngékeun kabijaksanaan+
Sarta muka haté ngarah bisa nimbang-nimbang,+
3 Lamun hidep méménta pangarti+
Sarta méménta ngarah bisa nimbang-nimbang,+
4 Lamun hidep terus néangan éta kabéh lir néangan pérak+
Sarta terus ngagali lir néangan harta pependeman,+
5 Kakara hidep bakal ngarti naon hartina hormat* ka Yéhuwa.+
Ucapana-Na bisa ngabantu jalma-jalma boga kanyaho* jeung pangarti.
7 Kabijaksanaan disimpen ku Anjeunna keur jalma bener.
Anjeunna jadi taméng keur jalma nu satia,+
8 Anjeunna ngajaga kahirupan jalma nu adil,
Anjeunna gé bakal nangtayungan umat-Na nu satia.+
9 Ku kituna, hidep bakal ngarti mana nu bener jeung adil,
Sarta sagala nu bener nu kudu dipilampah.+
10 Lamun kabijaksanaan aya dina haté hidep,+
Sarta kanyaho* nyukakeun hidep,*+
11 Hidep bakal asak pikir, éta téh ngajaga hidep.+
Hidep gé bakal pinter nimbang-nimbang, éta téh ngalindungan hidep.
12 Ku kituna, hidep moal ngalampahkeun kagoréngan.
Hidep gé moal kabawakeun ku jalma nu omonganana teu bener,+
13 Ku jalma nu ninggalkeun jalan anu lempeng
Pikeun ngajugjug ka jalan nu poék,+
14 Atawa ku jalma nu resep ngalampahkeun kagoréngan,
Nu resepna téh kana sagala nu jahat.
15 Jalan hirup maranéhna téh nyimpang,
Maranéhna teu bisa dipercaya.
16 Lamun bijaksana, hidep moal kapincut ku awéwé anu bejad ahlak,*
Ku awéwé bangor* anu omonganana ngagoda,+
17 Nu ngahianat ka salakina,* nu babarengan jeung manéhna waktu keur ngora kénéh.+
Manéhna teu satia kana perjangjianana jeung Allah.*
18 Lamun hidep ka imahna, éta sarua jeung nyampeurkeun ajal.
Lamun hidep leumpang ka dinya, éta sarua jeung leumpang ka kuburan.+
19 Lalaki anu ngalakukeun hubungan séks jeung éta awéwé moal bisaeun balik.
Manéhna moal bisa balik deui ka jalan anu brasna kana hirup.+
20 Nu matak hidep kudu nuturkeun hirupna jalma bageur.
Hidep gé kudu tetep aya di jalanna jalma bener,+
21 Sabab ngan jalma bener nu bakal cicing di bumi.
Ngan jalma nu bersih hirupna* nu bakal matuh di dinya.+
22 Sabalikna, jalma jahat mah bakal dimusnakeun ti bumi.+
Jalma nu teu satia bakal disingkirkeun ti dinya.+