Siloka
7 Anaking, déngékeun papatah Bapa,
Jeung hargaan paréntah ti Bapa.
2 Paréntah ti Bapa téh kudu terus dijalankeun ngarah panjang umur,
Pituduh* ti Bapa téh kudu dijaga ati-ati siga ngajaga siki panon manéh.
3 Éta kabéh kudu terus diinget-inget, saolah-olah dibeulitkeun kana ramo
Jeung ditulis dina haté manéh.
4 Kabijaksanaan téh kudu dianggap lanceuk awéwé,
Pangarti téh kudu dianggap dulur,
5 Sabab éta kabéh bisa ngajaga manéh ti awéwé nu bejad ahlak,*
Ti awéwé bangor* anu omonganana ngagoda.
6 Hiji waktu, tina kisi-kisi jandéla imah,
Bapa nempo ka handap.
7 Katénjo jalma-jalma anu polos.*
Ti antara barudak ngora, aya saurang nu kurang pangarti.
8 Manéhna ngaliwatan péngkolan imah éta awéwé,
Seug leumpang ka dinya
9 Pasosoré sanggeus panonpoé surup,
Pas téréh peuting jeung poék.
10 Bapa ningali éta awéwé téh nyampeurkeun manéhna.
Pakéanana kawas pakéan palacur, haténa téh licik.
11 Éta awéwé téh meni céréwéd jeung teu boga kaéra.
Manéhna tara aya di imah.
12 Sakapeung di luar imah, sakapeung di lapangan.
Manéhna ngadagoan di unggal péngkolan.
13 Kerewek éta budak ngora téh ditangkeup bari dicium.
Teu éra-éra, éta awéwé ngomong kieu,
14 ”Abdi téh pan kudu nyanggakeun korban karukunan.
Tah, poé ieu téh ikrarna tos kabayar.
15 Abdi kaluar téh badé mendakan Aa.
Ku abdi dipilarian, ari pék téh kapendak!
16 Ranjang ku abdi tos diamparan sepré nu alus,
Kaén linén warna-warni ti Mesir.
17 Malah ranjang téh tos meunang nyeungitan ku emur,* gaharu,* jeung kayu manis.
18 Hayu ah, urang puaskeun hasrat cinta urang duaan dugi ka énjing.
Urang puaskeun asmara urang,
19 Meungpeung salaki abdi nuju teu aya di bumi,
Nuju angkat jauh.
20 Uihna gé engké, tengah bulan,*
Da anjeunna tos nyandak artos.”
21 Tah, kitu ngolona ka éta budak ngora téh.
Omonganana meni manis jeung ngagoda.
22 Ngiclik éta budak ngora nuturkeun manéhna, lir sapi nu ditungtun rék dipeuncit,
Lir jalma bodo nu diranté,* teu bisa leupas tina hukuman,
23 Tungtungna panah nembus kana atina.
Manéhna teu engeuh nyawana keur kaancam, teu béda ti manuk nu asup kana jaring.
24 Ku sabab kitu, anaking, déngékeun Bapa.
Perhatikeun papatah ti Bapa.
25 Ulah kagoda ku awéwé siga kitu,
Ulah nuturkeun awéwé kitu.
26 Geus loba lalaki nu maot gara-gara manéhna.
Nu dipaéhanana téh geus teu kaitung.
27 Indit ka imahna téh sarua jeung indit ka Kuburan,*
Asup ka dinya téh sarua jeung asup ka tempat nu maraot.