Siloka
6 Anaking, mun manéh jangji rék ngajamin hutang batur,
Geus nyieun perjangjian* jeung jelema nu teu dikenal,
2 Ari pék téh kabeulit ku jangji sorangan,
Kacangcang ku ucap sorangan,
3 Hartina manéh geus aya dina genggeman éta jalma.
Anaking, tah kieu carana ngabébaskeun diri manéh:
Buru-buru datangan manéhna, rendahkeun diri, jeung ménta dipikawelas ku manéhna.
4 Lamun urusanana can bérés, ulah waka saré.
Sanajan tunduh gé, panon ulah waka peureum.
5 Geuwat ngejat lir kijang kabur ti nu moro,
Lir manuk nu leupas tina leungeun tukang néwak manuk.
6 Hé nu kedul, tuh tempo sireum.
Diajar ti sireum geura, ngarah bijaksana.
7 Sanajan teu boga komandan, mandor, atawa pamingpin,
8 Sireum mah nyimpen dahareun pas usum* halodo
Jeung ngumpulkeun sasadiaan dahareun pas usum panén.
9 Hé nu kedul, rék gogoléran terus manéh téh?
Iraha rék hudang?
10 Saré sakeudeung deui, peureum sakeudeung deui,
Gégéléhéan* sakeudeung deui.
11 Pék wéh, kamiskinan bakal ujug-ujug datang kawas rampog.
Kakurangan bakal narajang kawas jalma nu mawa senjata.
12 Jalma nu jahat jeung hirupna euweuh gunana mah ka mamana téh ngan ngabohong waé.
13 Panonna ngiceupan, sukuna dipaké keur méré isarat, leungeunna* gé méré isarat, da hayang nipu.
14 Haténa téh licik,
Ka mamana ngan ngaréka-réka kajahatan jeung nyiar-nyiar piributeun.
15 Ku sabab kitu, manéhna bakal ujug-ujug katinggang ku musibat.
Dina sakiceup, manéhna bakal diancurkeun jeung teu bisa dipulihkeun deui.
16 Aya genep perkara nu dipikangéwa ku Yéhuwa,
Tujuh perkara nu dipikageuleuh ku Anjeunna:
17 Panon nu sombong, létah nu sok ngabohong, leungeun nu maéhan jalma nu teu salah,
18 Haté nu ngaréka-réka siasat jahat, suku nu gura-giru kana kajahatan,
19 Saksi nu bohong deui bohong deui,
Sarta jelema nu ngadu-ngadukeun dulur.
20 Anaking, lamun dibéré paréntah ku bapa téh sing nurut,
Lamun dipapatahan ku indung* téh ulah ngabalieur.
21 Cangcang éta dina haté,
Kongkorongkeun dina beuheung,
22 Sabab éta bakal nungtun waktu manéh leumpang,
Bakal ngajaga waktu manéh saré,
Sarta bakal ngajar* pas manéh geus hudang.
23 Paréntah téh lir lampu,
Hukum téh lir cahaya,
Ari naséhat jeung didikan téh nungtun kana jalan kahirupan.
24 Éta kabéh bakal ngajaga manéh ti awéwé jahat,
Ti awéwé bangor* nu omonganana ngagoda.
25 Ulah kapincut ku geulisna,
Ulah kapikat ku panonna nu ngagoda.
26 Gara-gara palacur, lalaki téh jadi malarat.*
Awéwé nu jinah téh ngincer nyawa.
27 Mémangna bisa jalma neundeun seuneu dina dadana bari jeung bajuna teu kaduruk?
28 Atawa, bisa kitu jalma leumpang dina areng ruhay tapi sukuna teu kaduruk?
29 Nya, kitu ogé lamun jalma jinah jeung pamajikan batur,
Nu cubak cabak ka éta awéwé pasti dihukum.
30 Maling nu maok ku lantaran lapar mah
Moal dihina ku batur.
31 Tapi ari kanyahoan mah, angger wéh kudu ngagantian tujuh kalieun.
Kabéh pangaboga di imahna kudu diserahkeun.
32 Lalaki nu jinah téh teu boga pikiran,
Nu kitu mah nyangsarakeun diri sorangan.
33 Manéhna bakal dihina jeung ngalaman kasusah,
Sarta bakal éra saumur-umur.
34 Salaki nu timburu mah amarahna ngagedur.
Waktu ngabales, taya karunyana.
35 Ditebus ku naon baé gé, moal daék narima.
Moal bisa diolo sanajan dibéré hadiah kacida lobana.