Pandita
2 Kuring ngomong di jero haté, ”Cing rék ngajaran senang-senang, hayang nyaho engké bakal kumaha.” Sihoréng, éta gé mubadir.
2 Ceuk kuring téh, ”Seuseurian téh teu waras!”
Kuring gé ngomong, ”Jang naon senang-senang?”
3 Kuring hayang nyaho kumaha jadina mun kuring nginum cianggur nepi ka puas bari tetep ngajaga kabijaksanaan. Kuring nepi ka ngalampahkeun perkara-perkara bodo, pédah hayang nyaho naon nu panghadéna nu bisa dilampahkeun ku manusa, nu hirupna ngan sakolébat di kolong langit. 4 Kuring geus nyieun pagawéan nu harébat. Kuring ngabangun imah-imah sarta nyieunan kebon-kebon anggur jang sorangan. 5 Kuring nyieunan kebon-kebon jeung taman-taman jang sorangan. Éta kabéh dipelakan ku rupa-rupa tangkal bubuahan. 6 Kuring gé nyieunan kolam-kolam jang sorangan, pikeun nyaian tatangkalan nu ngarora kénéh di leuweung. 7 Kuring nyokot palayan-palayan lalaki jeung awéwé. Malah, aya ogé palayan-palayan anu lahir di imah kuring. Ingon-ingon kuring gé kacida lobana, aya sapi, embé, jeung domba. Nu dipiboga ku kuring téh leuwih loba tibatan nu dipiboga ku sakabéh jalma nu pernah hirup di Yérusalém saacan kuring. 8 Kuring numpuk-numpuk pérak jeung emas jang sorangan, beunang ngumpulkeun tina harta* para raja jeung ti propinsi-propinsi. Kuring ngumpulkeun juru-juru kawih, boh awéwé boh lalaki. Kuring gé boga nu dipikaresep ku lalaki, nyaéta awéwé. Nya, kuring boga loba awéwé. 9 Kuring jadi beuki makmur, leuwih ti saha waé nu pernah hirup di Yérusalém. Kabijaksanaan gé tetep aya dina diri kuring.
10 Sagala kahayang* kacumponan, sagala kasenangan teu ditahan. Haté meni gumbira ku sagala nu geus dipigawé ku kuring. Tah, éta nu jadi ganjaran* kuring. 11 Tapi barang mikiran sagala nu geus dipigawé jeung sagala hésé capé kuring, kuring sadar kabéhanana téh mubadir, kawas ngudag-ngudag angin. Di dunya mah, euweuh nu bener-bener aya paédahna.
12 Geus kitu, kuring mikiran kabijaksanaan, perkara-perkara nu teu asup akal, jeung perkara-perkara nu bodo. (Naon atuh nu bakal dilampahkeun ku jalma nu bakal aya sanggeus raja? Paling gé perkara-perkara nu salila ieu geus dilampahkeun.) 13 Geuning kabijaksanaan téh leuwih nguntungkeun tibatan kabodoan, kawas caang leuwih nguntungkeun tibatan poék.
14 Jelema bijaksana téh panonna awas, ari nu bodo mah leumpang di nu poék. Tapi kuring sadar, tungtungna mah duanana gé ngalaman nu sarua. 15 Nu matak kuring ngomong di jero haté, ”Nu kaalaman ku jalma bodo, bakal kaalaman ogé ku aing.” Jadi, naon untungna atuh kuring sakieu bijaksanana téh? Kuring ngomong di jero haté, ”Éta gé sarua, mubadir.” 16 Rék nu bijaksana rék nu bodo, duanana sarua, moal terus diinget-inget. Tungtungna mah kabéhanana gé bakal dipopohokeun. Cik, kumaha jalma bijaksana maot? Nya sarua wéh jeung nu bodo.
17 Kuring téh jadi geuleuh kana hirup, da atuh nu dipigawé di dunya téh ngan nyusahkeun baé. Mubadir kabéh, kawas ngudag-ngudag angin. 18 Geuleuh kuring mah kana sagala hasil pagawéan beunang kuring susah payah téh, da engkéna mah kudu ditinggalkeun keur jalma nu aya sanggeus kuring. 19 Saha nu nyaho manéhna bakal bijaksana atawa bodo? Tapi rék bijaksana rék bodo, angger wéh beubeunangan tina susah payah jeung kabijaksanaan kuring di dunya téh bakal dikawasaan ku manéhna. Éta gé mubadir. 20 Jadi mun mikirkeun sagala hésé capé kuring di dunya, kuring téh pegat harepan. 21 Da bisa waé hiji jalma getol digawé ngagunakeun kabijaksanaan, kanyaho, jeung pangabisana, tapi tungtungna mah sagala hasilna kudu dibikeun ka batur nu teu milu digawé. Ieu gé mubadir jeung matak nalangsa.
22 Manusa banting tulang jeung sakitu sumangetna digawé, tapi naon hasilna? 23 Saumur hirup, pagawéanana téh ngan nyangsarakeun jeung nyusahkeun haté. Peuting-peuting gé haté teu tenang. Éta gé mubadir.
24 Matakna, keur jelema mah nu panghadéna téh dahar, nginum, jeung ngarasakeun nikmatna digawé.* Tapi kuring gé sadar, ieu kabéh téh asalna ti Allah nu bener. 25 Cik, aya henteu jelema nu dahareun jeung inumeunana leuwih hadé tibatan kuring?
26 Allah nu bener méré kabijaksanaan, kanyaho, jeung kagumbiraan ka jalma nu nyenangkeun Anjeunna. Ari nu boga dosa mah ku Anjeunna sina digawé jeung ngumpulkeun harta nu engkéna dibikeun ka jalma nu nyenangkeun Anjeunna. Éta gé mubadir, kawas ngudag-ngudag angin.