Pandita
3 Sagala perkara téh aya waktuna,
Waktu pikeun ngalampahkeun unggal perkara di kolong langit:
2 Aya waktuna lahir, aya waktuna maot.
Aya waktuna melak, aya waktuna ngarabut nu geus dipelak.
3 Aya waktuna maéhan, aya waktuna nyageurkeun.
Aya waktuna ngaruntuhkeun, aya waktuna ngabangun.
4 Aya waktuna ceurik, aya waktuna seuri.
Aya waktuna nguyung, aya waktuna igel-igelan.*
5 Aya waktuna nyingkirkeun* batu, aya waktuna ngumpulkeun batu.
Aya waktuna nangkeup, aya waktuna henteu nangkeup.
6 Aya waktuna néangan, aya waktuna nganggap leungit.
Aya waktuna nyimpen, aya waktuna miceun.
7 Aya waktuna nyoéhkeun, aya waktuna ngaput.
Aya waktuna jempé, aya waktuna ngomong.
8 Aya waktuna mikanyaah, aya waktuna mikangéwa.
Aya waktuna perang, aya waktuna rukun.
9 Jelema susah payah digawé téh meunang naon? 10 Kuring geus nempo, Allah méré pagawéan ka putra-putra manusa ngarah maranéhna terus sibuk. 11 Anjeunna ngalampahkeun sagala hal nu hadé* dina waktuna. Ku Anjeunna, manusa disina boga kahayang pikeun hirup abadi.* Sanajan kitu, manusa mah moal pernah ngarti padamelan Allah nu bener, ti awal nepi ka ahir.
12 Ceuk kuring mah kasimpulanana téh kieu: Nu panghadéna keur manusa téh hirup sing gumbira sarta ngalampahkeun kahadéan sapanjang hirup. 13 Salian ti éta, unggal jalma alusna mah dahar, nginum, jeung ngarasa senang lantaran geus ngarasakeun nikmatna digawé. Ieu téh kurnia ti Allah.
14 Kuring ngarti, sagala nu dijieun ku Allah nu bener téh bakal langgeng salilana, euweuh nu kudu ditambahan atawa dikurangan. Ku Allah nu bener geus dijieun siga kitu, ngarah jalma-jalma hormat* ka Anjeunna.
15 Nu keur kajadian geus pernah kajadian. Nu bakal aya geus pernah aya. Tapi Allah nu bener bakal ngalaksanakeun naon nu diarep-arep jeung ditéangan ku manusa.*
16 Aya deui nu katempo ku kuring di dunya. Di tempat nu kuduna aya kaadilan, kalah ka aya kajahatan, sarta di tempat nu kuduna aya bebeneran, kalah ka aya kajahatan. 17 Ku kituna kuring ngomong di jero haté, ”Boh nu bageur boh nu jahat, ku Allah nu bener bakal dihakiman. Sagala tindakan jeung lalampahan téh aya waktuna.”
18 Di jero haté, kuring gé ngomong yén Allah nu bener bakal nguji putra-putra manusa sarta némbongkeun yén maranéhna téh kawas sato, 19 sabab nya manusa nya sato, tungtungna mah sarua. Manusa paéh, sato gé paéh. Manusa boga nyawa, sato gé boga nyawa. Jadi manusa téh teu leuwih punjul ti sato. Kabéh mubadir. 20 Duanana ngajugjug ka tempat nu sarua. Duanana asalna tina kekebul, mulang deui gé jadi kekebul. 21 Cik, saha nu bisa mastikeun nyawa manusa naék ka luhur, ari nyawa sato turun ka jero taneuh? 22 Kuring geus nempo, keur manusa mah nu panghadéna téh ngarasakeun nikmatna digawé, sabab éta nu jadi ganjaranana.* Ari geus maot, mémangna manusa nyaho naon nu bakal kajadian?