Pandita
7 Ngaran seungit* leuwih alus tibatan seuseungitan nu marahal. Poéna jalma maot leuwih hadé tibatan poéna jalma lahir. 2 Mending indit ka imah nu keur sungkawa tibatan ka tempat pésta, sabab kabéh jalma gé tungtungna bakal maot. Éta kudu terus dipikirkeun ku nu harirup kénéh. 3 Mending sedih tibatan seuri, sabab beungeut surem téh matak haté leuwih hadé. 4 Jelema bijaksana mah haténa aya di imah nu keur sungkawa, ari jelema bodo mah haténa aya di tempat pésta.*
5 Leuheung kénéh ditegor ku nu bijaksana tibatan dipuji ku* nu bodo. 6 Jelema bodo mah seurina téh kawas rungkun cucuk nu peperepetan diduruk handapeun panci. Éta gé mubadir. 7 Jalma bijaksana bisa kawas jalma gélo lamun ditindes. Ari haté ruksakna ku panyogok.
8 Ahir tina hiji perkara leuwih hadé tibatan awalna. Sabar téh leuwih hadé tibatan sombong. 9 Ulah teu kaopan, sabab nu teu kaopan mah jelema bodo.*
10 Kadé ulah ngomong kieu, ”Naha nya jaman baheula leuwih hadé tibatan jaman ayeuna?” Mun nanya kitu, hartina manéh teu bijaksana.
11 Lamun jalma bijaksana meunang warisan, éta téh alus, sabab kabijaksanaanana bakal aya mangpaatna keur nu harirup.* 12 Kabijaksanaan téh bisa jadi panyalindungan, sakumaha duit ogé bisa jadi panyalindungan. Tapi kanyaho* nu dibarengan ku kabijaksanaan bisa nyalametkeun kahirupan.
13 Pék pikirkeun nu geus dilampahkeun ku Allah nu bener. Cik, saha nu bisa ngalempengkeun anu ku Anjeunna geus dibingkengkeun? 14 Lamun hirup keur senang, sok témbongkeun kahadéan. Tapi mun keur susah,* sing inget susah senangna hirup téh mémang geus diidinan ku Allah. Éta téh ngarah manusa teu nyaho naon nu bakal kajadian dina mangsa ka hareup.
15 Sapanjang hirup kuring nu mubadir ieu, kuring geus nempo sagalana. Kuring nempo jalma bageur téh umurna pondok, padahal lampahna bener. Ari jalma jahat mah umurna panjang, padahal kalakuanana teu bener.
16 Ulah saléh-saléh teuing, atawa némbongkeun diri bijaksana pisan. Rék ngancurkeun hirup sorangan? 17 Sabalikna, jahat teuing ulah, bodo gé ulah. Hayang gancang paéh manéh téh? 18 Manéh kudu ngajalankeun naséhat nu kahiji, tapi naséhat nu hiji deui ulah disapirakeun, sabab jalma nu hormat* ka Allah mah bakal ngajalankeun duanana.
19 Ari bijaksana mah, hiji jalma bisa leuwih kawasa tibatan sapuluh pangawasa di kota. 20 Di dunya mah euweuh jalma bener anu bener sapapanjangna jeung teu pernah nyieun dosa.
21 Salian ti éta, unggal omongan batur téh ulah diasupkeun kana haté, ngarah manéh teu ngadéngé palayan manéh ngagogoréng* manéh. 22 Da manéh gé pasti rumasa sering ngagogoréng* batur.
23 Sagala perkara éta téh geus diuji ku kuring maké kabijaksanaan. Ceuk kuring, ”Aing bakal jadi bijaksana.” Ari pék téh éta teu kahontal. 24 Sagala nu geus kajadian téh teu katepi, teu kateuleuman bakating ku jero-jerona. Saha atuh nu bisa ngarti? 25 Kuring boga tékad hayang nyaho, hayang nalungtik, jeung hayang diajar ngeunaan kabijaksanaan, sarta ku naon sagala perkara téh kajadian. Kuring gé hayang ngarti kajahatanana jelema bodo jeung kagéloanana jelema nu teu asup akal. 26 Ieu nu kapanggih téh: Nu leuwih pait tibatan ajal téh nyaéta awéwé anu kawas jaringna tukang moro, anu haténa kawas jaring nalayan, jeung leungeunna kawas ranté paranti ngaborgol. Nu katéwak ku éta awéwé téh nyaéta nu dosa, ari nu nyenangkeun Allah nu bener mah bakal lolos ti manéhna.
27 Ceuk sang pandita, ”Ieu nu kapanggih ku kuring. Kuring nalungtik hiji-hiji téh pédah hayang boga kasimpulan, 28 sihoréng nu terus ditéangan téh can kapanggih-panggih. Tina sarébu lalaki ngan manggih saurang nu bener, tapi tina sarébu awéwé mah teu manggih saurang-urang acan nu bener. 29 Ngan ieu nu kapanggih ku kuring: Ku Allah nu bener, manusa téh dipidamelna bener, tapi manusana sorangan nu boga loba rencana.”