Pandita
8 Saha nu saperti jalma bijaksana? Saha nu bisa ngaréngsékeun masalah? Kabijaksanaan hiji jalma nyorot tina rarayna. Rarayna nu tadina sérius jadi marahmay.
2 Kuring ngomong, ”Paréntah raja téh tuturkeun,+ pan manéh geus sumpah ka Allah.+ 3 Ulah rurusuhan indit ti hareupeunana.+ Ulah pipilueun kana sagala nu goréng.+ Raja mah bisa ngalampahkeun naon waé sakahayangna, 4 sabab nu diucapkeun ku raja téh mangrupa paréntah.+ Saha nu wani ngomong kieu ka raja, ’Nanaonan manéh téh?’”
5 Jalma nu ngajalankeun paréntah raja moal keuna masalah.+ Jalma nu haténa bijaksana nyaho iraha waktuna jeung kumaha cara ngalampahkeunana.*+ 6 Manusa téh masalahna loba pisan, jadi tiap-tiap perkara téh kudu diréngsékeun dina waktu nu cocog jeung maké cara*+ nu bener. 7 Euweuh saurang-urang acan nu nyaho naon nu bakal kajadian, jadi saha nu bisa nerangkeun kumaha éta bakal kajadian?
8 Sakumaha euweuh jalma nu bisa nahan leungitna nyawa,* nya kitu ogé euweuh jalma nu bisa ngatur iraha poéna maot.+ Sakumaha euweuh prajurit nu meunang balik waktu keur perang, nya kitu ogé nu jarahat moal bisa bébas tina balukarna.*
9 Kuring geus nempo éta kabéh. Kuring gé mikiran sagala nu dilampahkeun di dunya. Salila ieu, manusa ngawasaan manusa, balukarna jalma-jalma sangsara.+ 10 Kuring gé nempo, jalma-jalma jahat nu tadina kaluar asup tempat suci ayeuna dikuburkeun. Tapi moal lila deui gé, maranéhna bakal dipopohokeun ku jalma-jalma di kota tempat maranéhna ngalampahkeun kajahatan.+ Éta gé mubadir.
11 Manusa jadi beuki wani ngalampahkeun kajahatan+ téh ku sabab nu ngalampahkeun kajahatan teu buru-buru dihukum.+ 12 Jalma nu boga dosa bisa waé ngalampahkeun kajahatan nepi ka saratus kali, sarta panjang umur. Sanajan kitu, kuring nyaho yén jalma nu hormat* ka Allah nu sajati mah bakal narima nu haradé.+ 13 Sabalikna, nu jarahat mah meunangkeunana téh nu garoréng.+ Maranéhna gé moal bisa manjangkeun umurna nu kawas kalangkang,*+ sabab maranéhna teu hormat* ka Allah.
14 Ieu nu mubadir* di bumi: Aya jalma bener nu dianggap jahat,+ aya ogé jalma jahat nu dianggap bener.+ Ceuk kuring mah éta téh mubadir.
15 Nu matak ceuk kuring mah leuwih hadé gumbira,+ sabab nu panghadéna keur manusa di dunya mah nyaéta dahar, nginum, jeung gumbira. Tah, éta nu kudu dilampahkeun téh, bari getol digawé sapanjang hirupna,+ hirup nu dibéré ku Allah nu sajati ka manéhna di dunya.
16 Kuring boga tékad hayang meunangkeun kabijaksanaan jeung hayang nempo sagala nu dipigawé di bumi,+ nepi ka ngabélaan beurang peuting teu saré.* 17 Tuluy kuring mikiran sagala padamelan Allah nu sajati. Kuring jadi ngarti, manusa mah moal paham kana naon-naon nu kajadian di dunya.+ Rék sakumaha diulikna gé, manusa mah moal bisa paham. Sanajan maranéhna ngarasa geus bijaksana jeung nyaho éta kabéh, sabenerna mah maranéhna teu bener-bener paham.+