Kidung Agung
1 karya Sulaéman nu pangéndahna:*+
2 ”Cium abdi ku biwir Engkang,
Sabab kanyaah Engkang langkung nyukakeun tibatan cianggur.+
3 Minyak seungit Engkang mani seungit kaambeuna.+
Nami Engkang lir minyak seungit nu dikucurkeun.+
Éta sababna para mojang barogoheun ka Engkang.
4 Engkang, candak abdi atuh. Hayu urang angkat.
Abdi téh tos dicandak lebet ka rohangan raja!
Hayu urang gumbira jeung senang-senang.
Hayu cumarita ngeunaan kanyaah Engkang, nu leuwih nyukakeun tibatan cianggur.
Teu héran maranéhna* téh barogoheun ka Engkang.
5 Mojang-mojang Yérusalém, hideung ogé abdi téh geulis.
Hideung lir kémah urang Kédar,+ tapi éndah lir kémahna Sulaéman.+
6 Tong melongkeun waé pédah abdi hideung.
Abdi hideung téh da kapoé.
Abdi dicarékan ku lanceuk-lanceuk lalaki abdi,
Seug dititah ngurus kebon anggur maranéhna.
Ari kebon anggur abdi sorangan teu kaurus.
7 Duh, Engkang nu dipikacinta pisan,
Engkang téh ngangon domba di mana?+
Domba-domba téh dicandak ka mana waktu keur panas poé?
Wartosan, ngarah abdi teu aprak-aprakan ka tengah kumpulan dombana réréncangan Engkang
Kawas awéwé nu keur sungkawa.”*
8 ”Hé mojang nu panggeulisna, mun teu terang mah
Sok wéh tuturkeun tapakna domba-domba,
Seug anak-anak embé anjeun téh angon di caket kémahna para pangangon.”
9 ”Enéng anu dipuja-puja ku abdi, Enéng téh geulis ibarat kuda bikang* nu narik karéta Firaun.+
10 Pipi Enéng manis ku ayana perhiasan,*
Beuheung éndah ku ranggeuyan manik-manik.
11 Engké Enéng rék dipangdamelkeun perhiasan emas
Nu dihias ku pérak.”
15 ”Enéng kadeudeuh Engkang, Enéng téh mani geulis.
Enéng mani geulis. Soca Enéng lir mata japati.”+
16 ”Engkang kakasih abdi, Engkang téh mani kasép, mani pikaresepeun.+
Jujukutan nu héjo téh amparan urang duaan.
17 Bumi urang duaan téh hateupna tina kai aras,
Tihang-tihangna tina kai juniper.