Yésaya
1 Ieu titingalian Yésaya* anak Amoz ngeunaan Yéhuda jeung Yérusalém dina jaman Uzzia, Yotam, Ahaz, jeung Hizkia, raja-raja Yéhuda:
2 Hé langit, déngékeun, hé bumi, perhatikeun,
Sabab Yéhuwa geus ngucap kieu,
”Anak-anak Kuring nu lalaki, nu geus digedékeun jeung diurus ku Kuring,
Kalah ka barontak ka Kuring.
3 Sapi waé apal ka nu bogana,
Kaldé nyaho di mana dununganana méré parab.
Ari Israél mah teu kenal ka Kuring,*
Umat Kuring teu boga pangarti.”
4 Cilaka hé maranéh bangsa nu dosa,
Jalma-jalma anu kasalahanana kacida lobana,
Barudak anu jarahat jeung barejad!
Maranéhna geus nampik Yéhuwa,
Maranéhna teu ngahargaan Allah Israél nu Suci,
Maranéhna geus ninggalkeun Anjeunna.
5 Ku naon maranéh téh bet barontak baé, rék di palebah mana deui maranéh kudu digebug?
Sirah maranéh geus pinuh ku raheut,
Jajantung maranéh geus keuna ku panyakit.
6 Ti dampal suku nepi ka sirah, geus euweuh nu séhat.
Saawak-awak bohak, geuneuk, jeung boléksék,
Euweuh anu diubaran,* dibulen, atawa diminyakan.
7 Nagri maranéh kalantar,
Kota-kotana diduruk.
Urang asing ngadahar hasil tanah maranéh hareupeun maranéh pisan.
Nagri maranéh burak-barik kawas nu kakara diserbu ku musuh.
8 Kota Zion geus diculkeun kawas saung di kebon anggur,
Kawas pondok di kebon bonténg,
Kawas kota nu dikepung.
9 Lamun ku Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga, teu disésakeun sababaraha urang,
Tangtu urang geus jadi kawas Sodom
Sarta geus jadi kawas Gomora.
10 Éh para pangawasa Sodom, déngékeun firman Yéhuwa.
Éh urang Gomora, perhatikeun hukum* Allah urang.
11 Saur Yéhuwa, ”Kurban maranéh nu loba téh naon gunana keur Kuring?
Kuring geus bosen kana domba jalu nu dijadikeun kurban beuleuman sarta gajih ti sato maranéh nu lalintuh.
Kuring gé teu resep kana getih sapi jalu ngora, anak domba, jeung embé.
12 Waktu maranéh ngadep ka Kuring,
Maranéh nincakan buruan Kuring,
Dititah ku saha maranéh kitu téh?
13 Ulah mawa kurban kadaharan deui, éta téh euweuh gunana.
Kuring ijid kana dupa maranéh.
Maranéh ngarayakeun bulan anyar, sabat, jeung perayaan-perayaan séjénna,
Tapi Kuring geus teu tahan nempo maranéh maké élmu gaib dina acara nu suci.
14 Kuring teu resep kana perayaan bulan anyar jeung perayaan-perayaan maranéh nu séjén.
Éta téh ngabeuratkeun ka Kuring,
Kuring geus capé nanggungna.
15 Waktu maranéh nadahkeun leungeun pikeun ngadoa,
Ku Kuring moal dilieuk.
Rék sakumaha loba maranéh ngadoa gé,
Ku Kuring moal didéngé,
Sabab leungeun maranéh lamokot ku getih.
16 Geura mandi, bersihan heula diri.
Singkirkeun kalakuan maranéh nu jahat ti hareupeun panon Kuring.
Eureunan kalakuan maranéh nu goréng.
17 Maranéh kudu diajar ngalampahkeun nu bener jeung adil.
Tukang nindes kudu ditegor.
Béla hak budak yatim,*
Béla perkara para randa.”
18 Saur Yéhuwa, ”Hayu ayeuna mah urang béréskeun ieu perkara téh.
Sanajan dosa-dosa maranéh beureum kawas getih,
Éta bakal dijadikeun bodas kawas salju.
Sanajan dosa-dosa maranéh kawas kaén beureum,
Éta bakal dijadikeun bodas kawas wol.
19 Lamun maranéh daék nurut,
Maranéh bakal ngadahar hasil nu hadé ti ieu tanah.
20 Tapi lamun maranéh barontak jeung teu daék nurut,
Maranéh bakal ditumpes ku pedang,
Sabab Kuring, Yéhuwa, geus ngucapkeun hal éta.”
21 Kota anu baréto sakitu satiana téh ayeuna geus jadi palacur!
Baréto manéhna téh kota nu adil,
Hal-hal anu bener aya di dinya.
Ari ayeuna, kari jalma-jalma tukang maéhan.
22 Pérak maranéh geus jadi kokotor logam,
Bir maranéh gé geus éncér da dicampur ku cai.
23 Para pamingpin maranéh téh heuras beuheung sarta ngabaturna téh ka tukang maok.
Maranéhna beuki kana suap jeung dolog kana panyogok.
Maranéhna teu adil ka budak yatim,*
Perkara para randa gé tara diurus.
24 Ku sabab kitu, Gusti nu sajati, Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga,
Allah Israél nu Kuat, nyarios kieu,
”Geus cukup! Musuh-musuh rék disingkirkeun ku Kuring,
Kuring rék ngabales musuh-musuh Kuring.
25 Kuring rék ngahukum maranéh.
Kokotor maranéh rék dibersihan ku cai apu.*
Maranéh rék dimurnikeun ku Kuring.
26 Maranéh rék dibéré deui para hakim
Jeung juru-juru naséhat kawas baréto.
Sanggeus kitu, maranéh bakal disebut Kota Kaadilan jeung Kota Kasatiaan.
27 Zion bakal ditebus ku kaadilan,
Pendudukna nu baralik deui bakal ditebus ku bebeneran.
28 Jalma-jalma nu barontak sarta jalma-jalma nu dosa bakal ditumpes babarengan.
Nu ninggalkeun Yéhuwa bakal dibinasakeun.
29 Maranéhna bakal éra ku lantaran tangkal-tangkal gedé nu dipikaresep ku maranéhna.
Maranéhna gé bakal éra ku lantaran kebon-kebon* nu dipilih ku maranéhna.
30 Maranéhna bakal kawas tangkal gedé nu daunna garing,
Kawas kebon nu teu dicaian.
31 Jalma nu kuat bakal kawas jujukutan garing,
Ari pagawéanana kawas burinyayna seuneu.
Duanana bakal kaduruk,
Moal aya nu bisa mareuman.”