Yésaya
51 ”Déngékeun Kuring, hé maranéh nu hayang pisan ngalampahkeun nu bener,
Sarta nu néangan Kuring, Yéhuwa.
Sing inget kana gunung batu asal maranéh
Sarta kana legok urut maranéh digali.
2 Sing inget ka Ibrahim bapa maranéh
Sarta ka Sara nu ngajurukeun maranéh.*
Basa ku Kuring disaur, Ibrahim téh ngan sorangan,
Tuluy ku Kuring diberkahan jeung dibéré turunan nu loba pisan.
3 Kuring, Yéhuwa, bakal ngupahan Zion.
Kabéh ruruntuhanana bakal diwangun deui,*
Tanah gurunna bakal dijadikeun kawas Éden,
Jeung gurun keusikna bakal dijadikeun kawas taman Yéhuwa.
Di dinya bakal pinuh ku kasukaan jeung kabungah
Sarta ku ucapan sukur jeung lagu pupujian.
4 Hé umat Kuring, perhatikeun Kuring.
Hé bangsa Kuring, déngékeun.
Kuring rék méré hukum,
Rék netepkeun kaadilan pikeun dijadikeun cahaya keur bangsa-bangsa.
5 Kaadilan ti Kuring geus deukeut.
Kasalametan ti Kuring téréh datang,
Sarta panangan Kuring bakal ngaadilan bangsa-bangsa.
Pulo-pulo bakal miharep ka Kuring,
Maranéhna ngadago-dago kawasa* Kuring.
6 Tingali langit,
Tempo bumi.
Langit bakal ngiles kawas haseup,
Bumi bakal ruksak kawas baju,
Pangeusina bakal paraéh kawas reungit.*
Sabalikna, kasalametan ti Kuring mah bakal langgeng,
Kaadilan ti Kuring bakal aya salawasna.*
7 Déngékeun Kuring, hé maranéh nu nyaho ka nu bener,
Nu nyimpen hukum* Kuring di jero haténa.
Ulah sieun ku panghina ti manusa,
Ulah gimir ku pamoyokna.
Tapi kaadilan ti Kuring mah bakal langgeng,
Kasalametan ti Kuring bakal aya turun-tumurun.”
9 Nun Yéhuwa, mugia Gusti ngangkat panangan.
Mugia Gusti ngangkat panangan pikeun némbongkeun kakuatan Gusti.
Mugia Gusti ngangkat panangan Gusti saperti kapungkur, saperti jaman baheula.
Gusti pan nu ngancurkeun Rahab,*
Nu nubles mahluk laut raksasa éta?
10 Gusti pan nu nyaatkeun laut nu jero jeung lega?
Gusti pan nu ngarobah laut jadi jalan supaya tiasa dipeuntasan ku jalma-jalma nu ditebus?
11 Jalma-jalma nu ditebus ku Yéhuwa bakal baralik deui.
Maranéhna bakal daratang ka Zion bari sarurak gumbira.
Maranéhna bakal dimakutaan ku kasukaan nu langgeng.
Kabungah jeung kabagjaan bakal jadi milikna,
Ari kasedih jeung kasusah bakal nyalingkir.
12 ”Kuring nu ngupahan manéh.
Ku naon manéh bet sieun ka manusa nu bakal paéh,
Nu ibarat jukut héjo nu bakal garing?
13 Ku naon manéh mopohokeun Kuring, Yéhuwa, Nu Nyiptakeun manéh,
Allah nu mentangkeun langit jeung masang pondasi bumi?
Sapanjang poé manéh sieun ku amarahna jalma nu nindes,*
Saolah-olah manéh geus rék dibinasakeun ku manéhna.
Tapi ayeuna, mana amarahna jalma nu nindes téh?
14 Nu diranté bakal dibébaskeun.
Manéhna moal paéh, moal diasupkeun kana liang kubur,
Jeung moal kakurangan dahareun.
15 Kuring téh Yéhuwa Allah manéh,
Nu ngaduk-ngaduk laut sina ombakna jumegur gumuruh.
Ngaran Kuring téh Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga.
16 Kuring bakal méré firman nu kudu diucapkeun ku manéh
Sarta bakal ngajaga manéh ku panangan Kuring,
Supaya Kuring bisa mentangkeun langit jeung masang pondasi bumi
Sarta bisa ngomong kieu ka Zion, ’Manéh téh umat Kuring’.
17 Hudang! Hudang! Geura cengkat, hé Yérusalém.
Manéh geus nginum tina cangkir amarah Yéhuwa nu aya dina panangan-Na.
Manéh geus nginum tina éta cangkir,
Diregot ku manéh nepi ka béak, nu matak manéh sasampoyongan.
18 Ti sakabéh anak nu dijurukeun ku manéh, euweuh hiji-hiji acan nu nungtun manéh.
Ti sakabéh anak nu digedékeun ku manéh, euweuh hiji-hiji acan nu nyekelan leungeun manéh.
19 Dua musibat ieu bakal ninggang manéh:
Karuksakan jeung kaancuran, sarta kalaparan jeung perang.
Saha nu bakal karunya ka manéh?
Saha nu rék ngupahan manéh?
20 Anak-anak lalaki manéh pada kapiuhan.*
Maranéhna tinggolépak di unggal simpangan jalan,
Kawas domba liar nu kajiret dina jaring.
Maranéhna ngarasakeun amarah Yéhuwa nu mudal, hukuman ti Allah manéh.”
21 Ku kituna, hé awéwé nu balangsak jeung nu mabok tapi lain ku cianggur,
Yeuh déngékeun.
22 Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, Gusti manéh, Allah manéh nu ngabéla umat-Na,
”Cangkir nu ngalantarankeun manéh sasampoyongan ku Kuring rék dicokot tina leungeun manéh.
Éta téh cangkir amarah Kuring.
Manéh moal nginum deui ti dinya.
23 Ku Kuring rék diteundeun dina leungeun jalma-jalma nu nganiaya manéh,
Nu ngomong kieu ka manéh, ’Sok nangkuban, ngarah urang bisa leumpang luhureun manéh!’
Ku kituna tonggong manéh jadi kawas taneuh,
Kawas jalan jang maranéhna leumpang.”