Yésaya
65 ”Kuring mah daék nulungan jalma nu teu daék wanoh ka Kuring.
Kuring gé daék ngajawab jalma nu teu néangan pituduh Kuring.
Kuring ngomong kieu ka bangsa nu teu sasambat ka ngaran Kuring, ’Ieu Kuring, Kuring aya di dieu!’
2 Sapoé jeput, Kuring nyodorkeun panangan Kuring ka bangsa nu bedegong,
Ka jalma-jalma nu kalakuanana goréng,
Nu nuturkeun pamikirna sorangan.
3 Éta bangsa terang-terangan terus nganyenyeri Kuring.
Maranéhna ngurban di taman-taman sarta meuleum kurban luhureun batu bata.
4 Maranéhna diuk di antara kuburan
Sarta meuting di tempat nu buni.*
Maranéhna ngadahar daging babi,
Sarta aya kuah tina daging nu pikageuleuheun* dina pariuk maranéhna.
5 Maranéhna ngomong kieu ka nu séjén, ’Ka ditu ah, ulah deukeut-deukeut,
Da aing leuwih suci tibatan manéh.’*
Éta nu matak amarah Kuring terus ngagugudug ka nu kararitu, kawas seuneu nu hurung sapoé jeput.
6 Hal éta geus ditulis hareupeun Kuring,
Kuring moal cicing waé,
Tapi rék ngabales maranéhna.
Ngabalesna satimpal jeung kalakuanana,
7 Satimpal jeung kasalahanana sarta karuhunna,” saur Yéhuwa.
”Maranéhna ngurban di gunung-gunung
Sarta ngagogoréng Kuring di pasir-pasir.*
Ku kituna, nu mimiti rék dilampahkeun ku Kuring nyaéta nangtukeun hukuman nu satimpal keur maranéhna.”
8 Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa,
”Waktu hiji jalma ningali aya ranggeuyan anggur nu bisa dijieun cianggur anyar,
Manéhna ngomong kieu, ’Ulah dimusnakeun, aya kénéh nu alusna.’
Kitu kénéh Kuring ka hamba-hamba Kuring,
Moal dimusnakeun kabéh.
9 Ti Yakub, Kuring bakal ngabijilkeun turunan.
Ti Yéhuda, Kuring bakal milih jalma pikeun ngawaris gunung-gunung Kuring.
Éta bakal dipimilik ku jalma-jalma nu dipilih ku Kuring
Sarta bakal dicicingan ku hamba-hamba Kuring.
10 Syaron bakal dijadikeun tegal jukut keur domba,
Lebak Akhor bakal dijadikeun tempat reureuhna sapi.
Éta bakal dilaksanakeun ku Kuring, demi umat Kuring nu néangan Kuring.
11 Maranéh téh jalma-jalma nu ninggalkeun Yéhuwa,
Nu mopohokeun gunung Kuring nu suci,
Nu nyiapkeun méja keur Déwa Nasib,
Sarta nu ngeusian cangkir-cangkir ku cianggur oplosan keur Déwa Takdir.
12 Ku kituna, maranéh rék diantep sina paéh ku pedang,
Sarta maranéh bakal sujud hareupeun jalma nu rék meuncit maranéh,
Bongan waktu Kuring ngageroan, maranéh teu ngajawab,
Waktu Kuring ngomong, maranéh teu ngadéngékeun.
Maranéh haben baé ngalampahkeun nu jahat dina pandangan Kuring
Sarta milih hal-hal nu teu dipikaresep ku Kuring.”
13 Ku kituna, ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung,
”Tingali! Hamba-hamba Kuring bakal dalahar, tapi maranéh mah bakal kalaparan.
Hamba-hamba Kuring bakal ngarinum, tapi maranéh mah bakal kahalabhaban.
Hamba-hamba Kuring bakal saruka bungah, tapi maranéh mah bakal nandang kaéra.
14 Hamba-hamba Kuring bakal sarurak gumbira lantaran senang haté,
Tapi maranéh mah bakal ngajerit lantaran peurih haté,
Bakal ceurik lantaran sedih pisan.
15 Sanggeus maranéh euweuh, hamba-hamba Kuring bakal maké ngaran maranéh pikeun ngutuk batur.
Kuring, Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, bakal maéhan maranéh kabéh,
Sabalikna hamba-hamba Kuring mah ku Kuring bakal disebut ku ngaran séjén.
16 Saha waé nu néangan berkah di bumi
Bakal diberkahan ku Allah nu satia,*
Sarta saha waé nu sumpah di bumi
Bakal sumpah demi Allah nu satia.*
Kasangsaraan* nu ka tukang-tukang bakal kapopohokeun,
Éta kabéh moal katingali deui ku panon Kuring.
17 Tingali! Kuring nyiptakeun langit anyar jeung bumi anyar.
Hal-hal nu ka tukang-tukang moal kainget-inget deui,
Moal muncul deui dina haté.
18 Ku kituna, sing bungah jeung gumbira salawasna ku lantaran ciciptaan Kuring.
Maranéh bakal bungah ku lantaran naon nu dilampahkeun ku Kuring ka Yérusalém.
Maranéh bakal gumbira ku lantaran naon nu dilampahkeun ku Kuring ka pendudukna.
19 Kuring bakal gumbira ku lantaran Yérusalém sarta bungah ku lantaran umat Kuring.
Di dinya, moal kadéngé deui sora nu ceurik atawa nu udah-aduh.”
20 ”Di dinya, moal aya deui orok nu hirupna ngan sababaraha poé.
Jalma nu kolot gé bakal panjang umur.
Ari jalma dosa mah, najan umurna saratus taun gé, bakal paéh dikutuk.*
Nu maot dina umur saratus taun téh bakal dianggap budak kénéh.
21 Maranéhna bakal ngawangun imah, seug dicicingan ku maranéhna kénéh.
Maranéhna bakal nyieun kebon anggur, tuluy buahna didahar ku maranéhna kénéh.
22 Maranéhna moal ngawangun imah tapi batur nu nyicinganana,
Moal melak tapi batur nu ngadaharna.
Umur umat Kuring bakal kawas umur tangkal.
Maranéhna bakal metik kanikmatan hasil gawéna.
23 Maranéhna moal capé gawé tapi euweuh hasil,
Moal ngalahirkeun anak ngan saukur pikeun sangsara,
Sabab maranéhna jeung anak incuna téh
Turunan ti jalma-jalma nu diberkahan ku Yéhuwa.
24 Malah saacan maranéhna sasambat, ku Kuring geus dijawab.
Maranéhna keur ngomong kénéh gé, ku Kuring geus ditulungan.
25 Ajag jeung domba bakal nyatu bareng,
Singa bakal ngahakan jarami cara sapi,
Sarta oray bakal ngahakan kekebul.
Sato-sato éta moal nyilakakeun atawa ngaruksak sagala nu aya di gunung Kuring nu suci,” saur Yéhuwa.