PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Yérémia 2
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Yérémia

      • Israél ninggalkeun Yéhuwa demi allah-allah séjén (1-37)

        • Israél kawas tangkal anggur liar (21)

        • Dina bajuna aya noda getih (34)

Yérémia 2:2

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”manéh némbongkeun asih satia”.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Hos 2:15
  • +Bud 24:3
  • +Pam 2:7

Yérémia 2:3

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 19:6; Pam 7:6
  • +Bud 17:8, 13

Yérémia 2:5

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Yés 5:4; Mi 6:3
  • +Pam 32:21
  • +Jab 115:4, 8

Yérémia 2:6

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 14:30
  • +Pam 1:1; 32:9, 10
  • +Pam 8:14, 15

Yérémia 2:7

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bil 13:26, 27; Pam 6:10, 11; 8:7-9
  • +Ima 18:24; Bil 35:33; Jab 78:58; 106:38; Yér 16:18

Yérémia 2:8

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +1Sam 2:12; Tan 4:13
  • +Yéh 34:7, 8
  • +1Raj 18:19; Yér 23:13

Yérémia 2:9

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Yéh 20:35; Mi 6:2

Yérémia 2:10

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”ka pulo-pulo”.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 10:2, 4
  • +Kaj 25:13; Jab 120:5; Yér 49:28

Yérémia 2:11

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Jab 106:20

Yérémia 2:13

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”motong pikeun nyieun”, katingalina motong batu.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Jab 36:9; Yér 17:13; Why 22:1

Yérémia 2:15

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”Singa-singa ngora nu jabrig”.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Yés 5:29; Yér 4:7

Yérémia 2:16

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”Mémfis”.

  • *

    As. ”dahar luhureun sirah manéh”.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Yér 46:19
  • +Yér 43:4, 7; 46:14; Yéh 30:18

Yérémia 2:17

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +1Bab 28:9; 2Bab 7:19, 20

Yérémia 2:18

Catetan Handap

  • *

    Nyaéta salah sahiji cagak Walungan Nil.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Yés 30:2; 31:1; Tan 5:6; Yéh 16:26; 17:15
  • +2Raj 16:7; Hos 5:13

Yérémia 2:19

Catetan Handap

  • *

    As. ”sieun-sieunna”.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Yér 4:18
  • +Yér 5:22

Yérémia 2:20

Catetan Handap

  • *

    Tingali Daptar Istilah.

  • *

    Atawa ”bukit”.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Ima 26:13
  • +Bud 34:15; Yéh 16:15, 16
  • +1Raj 14:22, 23; Yéh 6:13

Yérémia 2:21

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 15:17; Jab 80:8; Yés 5:1
  • +Yés 5:4

Yérémia 2:22

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”alkali”.

  • *

    Atawa ”larutan alkali”.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Yér 16:17

Yérémia 2:24

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”usim”.

Yérémia 2:25

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Yér 18:12
  • +Yés 2:6; Yér 3:13
  • +Yér 44:17

Yérémia 2:26

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Ézr 9:7

Yérémia 2:27

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Yés 44:13
  • +2Bab 29:6; Yér 32:33
  • +Hak 10:13-15; Jab 78:34; 106:47; Yés 26:16; Hos 5:15

Yérémia 2:28

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Pam 32:37, 38
  • +Yér 11:13

Yérémia 2:29

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Yér 5:1; 9:2; Dan 9:11

Yérémia 2:30

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +2Bab 28:20-22; Yés 9:13
  • +Yés 1:5; Yér 5:3; Zéf 3:2
  • +2Bab 36:15, 16; Néh 9:26; Kis 7:52

Yérémia 2:31

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Pam 32:15

Yérémia 2:32

Catetan Handap

  • *

    Sabuk nu dihias nu dipaké ku pangantén awéwé dina poé perkawinan.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Jab 106:21; Yés 17:10; Yér 18:15; Hos 8:14

Yérémia 2:33

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +2Bab 33:9

Yérémia 2:34

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +2Raj 21:16; Jab 106:38; Yés 10:1, 2; Mat 23:35
  • +Bud 22:2

Yérémia 2:36

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Yés 30:3; Yér 37:7
  • +2Bab 28:20, 21

Yérémia 2:37

Catetan Handap

  • *

    As. ”bari leungeun manéh dina sirah”.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +2Sam 13:19

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.

Kabéh Ayat

Yér. 2:2Hos 2:15
Yér. 2:2Bud 24:3
Yér. 2:2Pam 2:7
Yér. 2:3Bud 19:6; Pam 7:6
Yér. 2:3Bud 17:8, 13
Yér. 2:5Yés 5:4; Mi 6:3
Yér. 2:5Pam 32:21
Yér. 2:5Jab 115:4, 8
Yér. 2:6Bud 14:30
Yér. 2:6Pam 1:1; 32:9, 10
Yér. 2:6Pam 8:14, 15
Yér. 2:7Bil 13:26, 27; Pam 6:10, 11; 8:7-9
Yér. 2:7Ima 18:24; Bil 35:33; Jab 78:58; 106:38; Yér 16:18
Yér. 2:81Sam 2:12; Tan 4:13
Yér. 2:8Yéh 34:7, 8
Yér. 2:81Raj 18:19; Yér 23:13
Yér. 2:9Yéh 20:35; Mi 6:2
Yér. 2:10Kaj 10:2, 4
Yér. 2:10Kaj 25:13; Jab 120:5; Yér 49:28
Yér. 2:11Jab 106:20
Yér. 2:13Jab 36:9; Yér 17:13; Why 22:1
Yér. 2:15Yés 5:29; Yér 4:7
Yér. 2:16Yér 46:19
Yér. 2:16Yér 43:4, 7; 46:14; Yéh 30:18
Yér. 2:171Bab 28:9; 2Bab 7:19, 20
Yér. 2:18Yés 30:2; 31:1; Tan 5:6; Yéh 16:26; 17:15
Yér. 2:182Raj 16:7; Hos 5:13
Yér. 2:19Yér 4:18
Yér. 2:19Yér 5:22
Yér. 2:20Ima 26:13
Yér. 2:20Bud 34:15; Yéh 16:15, 16
Yér. 2:201Raj 14:22, 23; Yéh 6:13
Yér. 2:21Bud 15:17; Jab 80:8; Yés 5:1
Yér. 2:21Yés 5:4
Yér. 2:22Yér 16:17
Yér. 2:25Yér 18:12
Yér. 2:25Yés 2:6; Yér 3:13
Yér. 2:25Yér 44:17
Yér. 2:26Ézr 9:7
Yér. 2:27Yés 44:13
Yér. 2:272Bab 29:6; Yér 32:33
Yér. 2:27Hak 10:13-15; Jab 78:34; 106:47; Yés 26:16; Hos 5:15
Yér. 2:28Pam 32:37, 38
Yér. 2:28Yér 11:13
Yér. 2:29Yér 5:1; 9:2; Dan 9:11
Yér. 2:302Bab 28:20-22; Yés 9:13
Yér. 2:30Yés 1:5; Yér 5:3; Zéf 3:2
Yér. 2:302Bab 36:15, 16; Néh 9:26; Kis 7:52
Yér. 2:31Pam 32:15
Yér. 2:32Jab 106:21; Yés 17:10; Yér 18:15; Hos 8:14
Yér. 2:332Bab 33:9
Yér. 2:342Raj 21:16; Jab 106:38; Yés 10:1, 2; Mat 23:35
Yér. 2:34Bud 22:2
Yér. 2:36Yés 30:3; Yér 37:7
Yér. 2:362Bab 28:20, 21
Yér. 2:372Sam 13:19
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
  • 18
  • 19
  • 20
  • 21
  • 22
  • 23
  • 24
  • 25
  • 26
  • 27
  • 28
  • 29
  • 30
  • 31
  • 32
  • 33
  • 34
  • 35
  • 36
  • 37
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Yérémia 2:1-37

Yérémia

2 Yéhuwa nepikeun firman-Na ka abdi, 2 ”Jung indit jeung umumkeun ieu di Yérusalém, ’Yéhuwa nyarios kieu,

”Kuring inget pisan basa manéh keur ngora, manéh téh kacida ngabdina* ka Kuring,+

Sarta basa rék ditikah mah manéh téh nyaah pisan ka Kuring.+

Manéh gé nunutur Kuring di tanah gurun,

Di tanah nu teu dipelakan ku binih.+

 3 Keur Yéhuwa, Israél téh suci,+ hasil panén-Na nu mimiti.”’

Ucap Yéhuwa, ’Saha waé nu nyilakakeun manéhna bakal dianggap salah.

Maranéhna bakal ditarajang ku musibat.’”+

 4 Hé turunan Yakub jeung sakabéh kulawarga urang Israél,

Dangukeun firman Yéhuwa.

 5 Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa,

”Naon salah Kuring ka karuhun maranéh,+

Nepi ka maranéhna nyimpang jauh ti Kuring?

Maranéhna nyembah ka berhala-berhala nu euweuh gunana+ nepi ka maranéhna sorangan gé jadi euweuh gunana.+

 6 Maranéhna teu ngomong kieu, ’Hayu urang ménta pituduh ka Yéhuwa,

Nu geus mawa urang budal ti Mesir,+

Nu nungtun urang di tanah gurun,

Gurun keusik+ nu pinuh ku lombang,

Tanah nu garing+ jeung poék mongkléng,

Nu teu diliwatan ku sasaha

Jeung teu dicicingan ku jelema.’

 7 Kuring mawa maranéh ka tanah nu subur,

Ngarah maranéh bisa ngadahar buah jeung hasilna nu haradé.+

Tapi, maranéh datang tuluy nganajisan tanah Kuring.

Gara-gara maranéh, milik Kuring jadi pikageuleuheun.+

 8 Para imam teu aya nu ngomong kieu, ’Hayu urang ménta pituduh ka Yéhuwa.’+

Jalma-jalma nu sakuduna ngajarkeun Torét teu warawuheun ka Kuring.

Para pangangon barontak ka Kuring.+

Para nabi ngaramal demi ngaran Baal.+

Maranéhna ngabakti ka allah-allah nu teu bisa méré nanaon.

 9 ’Jadi Kuring rék terus ngadakwa maranéh,’+ ucap Yéhuwa,

’Kuring gé rék ngadakwa anak incu maranéh.’

10 ’Jung meuntas ka daérah basisir* urang Kitim+ tuluy tempo ku maranéh.

Kirim utusan ka Kédar+ jeung pikirkeun bener-bener.

Perhatikeun, pernah kitu nu siga kieu kajadian di ditu?

11 Aya kitu bangsa nu nukeur allahna ku nu lain allah?

Tapi, umat Kuring mah geus nukeur kamulyaan Kuring ku nu euweuh gunana.+

12 Keun langit sina olohok nempo ieu,

Sina ngadégdég bakating ku sieun,’ ucap Yéhuwa.

13 ’Éta téh lantaran umat Kuring ngalampahkeun dua kagoréngan:

Maranéhna geus ninggalkeun Kuring, cinyusu kahirupan,+

Tuluy ngagali* sumur keur dirina sorangan,

Sumur bocor nu teu bisa nadahan cai.’

14 ’Mémangna Israél téh palayan atawa anakna palayan nu dijurukeun di imah dununganana?

Naha atuh bet dijadikeun tawanan?

15 Singa-singa ngora* ngagaur ka manéhna,+

Sorana mani tarik.

Éta tanah dijadikeun tempat nu pikasieuneun ku maranéhna.

Kota-kotana diduruk, ku kituna euweuh nu nyicingan.

16 Urang Nof*+ jeung Tahpanés+ ngajarah tanah manéh,* pan?

17 Éta téh bongan manéh sorangan.

Manéh geus ninggalkeun Yéhuwa Allah manéh+

Basa keur ditungtun di perjalanan.

18 Jang naon manéh indit ka Mesir,+

Rék nginum cai di Syihor?*

Jang naon manéh indit ka Asiria,+

Rék nginum cai di Walungan Éfrat?

19 Manéh kudu diajar tina kajahatan manéh.

Manéh kudu ditegor lantaran teu satia.

Pék rasakeun sorangan sakumaha goréng jeung peurihna+

Ninggalkeun Yéhuwa Allah manéh.

Manéh mah euweuh hormat-hormatna* acan ka Kuring téh,’+ ucap Gusti Nu Maha Agung, Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga.

20 ’Baheula Kuring ngancurkeun kai tanggungan* manéh+

Sarta megatkeun barogod manéh.

Tapi manéh ngomong kieu, ”Abdi mah moal ngalalayanan Gusti.”

Manéh kalah ka nangkarak ngalacurkeun diri+

Di unggal pasir* nu luhur jeung handapeun tangkal nu daunna gomplok.+

21 Manéh ku Kuring dipelak kawas tangkal anggur beureum pilihan,+ kabéhanana bibit panghadéna.

Jadi, naha atuh sirungna bet goréng kawas tina tangkal anggur liar?’+

22 ’Kasalahan manéh téh kawas noda nu teu leungit-leungit.

Najan dikumbah ku soda* jeung loba sabun* gé, angger wéh katempo ku Kuring,’+ ucap Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung.

23 Tapi, manéh kalah ka ngomong kieu, ’Abdi mah teu nganajiskeun diri.

Abdi mah teu nyembah ka Baal da.’ Teungteuingeun manéh mah.

Tuh tempo kalakuan manéh di lebak.

Cik mikir, nanaonan éta téh?

Manéh kawas onta bikang ngora nu keur begér,

Lulumpatan ka ditu ka dieu.

24 Manéh téh kawas kaldé liar nu hirup di tanah gurun,

Nu keur ngangseu néangan jalu bakating ku birahi.

Saha nu bisa ngahalang-halang kaldé bikang nu keur napsu?

Kaldé-kaldé jalu teu kudu hésé-hésé néangan,

Da dina usum* kawin, pasti manggih bikangna.

25 Éh Israél, suku téh ulah dipaké aprak-aprakan,

Tikoro téh ulah nepi ka garing pédah ngudag hal-hal nu euweuh gunana.

Tapi ceuk manéh, ’Moal mungkin abdi barobah pikiran!+

Da abdi geus bogoh ka allah-allah asing,+

Rék terus nuturkeun itu.’+

26 Sakumaha bangsat diéra-éra waktu katéwak,

Urang Israél ogé geus diéra-éra,

Kitu deui raja-rajana, pajabat-pajabatna,

Imam-imamna, jeung nabi-nabina.+

27 Maranéhna mibapa ka tangkal,+

Miindung ka batu.

Tapi ari ka Kuring mah maranéhna teu ningali-ningali acan, kalah ka nonggongan.+

Ari keur susahna wéh maranéhna téh ngomong kieu,

’Gusti, énggal sumping, salametkeun abdi sadaya!’+

28 Cik, mana éta allah-allah jieunan manéh téh?+

Sina daratang ari bisaeun nyalametkeun manéh tina kasusah mah.

Éh Yéhuda, pan allah-allah manéh téh sarua lobana jeung kota-kota manéh.+

29 ’Ku naon maranéh némbalan waé?

Ku naon maranéh kabéh barontak ka Kuring?’+ ucap Yéhuwa.

30 Cumah Kuring ngahukum anak-anak maranéh,+

Da maranéhna embung dipapatahan.+

Saibarat singa ngamuk,

Maranéh geus maéhan nabi-nabi maranéh sorangan ku pedang.+

31 Éh jalma-jalma nu hirup dina jaman ayeuna, pikirkeun firman Yéhuwa.

Mémangna Kuring téh kawas tanah gurun keur Israél

Atawa tanah nu poék mongkléng?

Naha atuh maranéh bet ngomong kieu, ’Mending gé ngumbara sakahayang sorangan,

Moal mulang ka Gusti’?+

32 Aya kitu mojang nu poho kana perhiasanana?

Aya kitu pangantén awéwé nu poho kana sabukna?*

Ari umat Kuring mah geus pohara lilana poho ka Kuring.+

33 Manéh mémang pinter pisan néangan kabogoh!

Manéh geus ahli ngalampahkeun nu jahat.+

34 Malahan, dina baju manéh téh aya getih jalma-jalma miskin nu teu salah,+

Padahal maranéhna mah teu ngabobol imah manéh,

Tapi getihna aya dina baju manéh.+

35 Najan kitu, ceuk manéh, ’Abdi mah teu salah.

Gusti pasti geus teu ambek deui ka abdi.’

Ayeuna Kuring rék ngahukum manéh,

Sabab manéh ngomong, ’Abdi teu boga dosa.’

36 Ku naon manéh téh teu boga pisan pamadegan, sakeudeung ka ditu sakeudeung ka dieu?

Manéh bakal éra ku lantaran Mesir,+

Sakumaha manéh éra ku lantaran Asiria.+

37 Ku lantaran éta ogé, manéh bakal indit bari ngeluk éra,*+

Sabab Yéhuwa geus nolak saha waé nu diandelkeun ku manéh.

Maranéhna moal bakal nulungan manéh.”

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kabijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun