PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Tangis Yérémia 5
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Tangis Yérémia

      • Doa ménta dipulihkeun

        • ”Sing émut ka nu kaalaman ku abdi sadaya” (1)

        • ”Cilaka abdi sadaya téh ku lantaran tos dosa” (16)

        • ”Nun Yéhuwa, wangsulkeun abdi sadaya” (21)

        • ’Pulihkeun deui sapertos kapungkur’ (21)

Tangis Yérémia 5:11

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”diperkosa”.

Tangis Yérémia 5:13

Catetan Handap

  • *

    Tingali ”Batu Panggilingan” dina Daptar Istilah.

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
  • 18
  • 19
  • 20
  • 21
  • 22
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Tangis Yérémia 5:1-22

Tangis Yérémia

5 Nun Yéhuwa, sing émut ka nu kaalaman ku abdi sadaya.

Tingali kahinaan abdi sadaya.

 2 Warisan abdi sadaya tos diserahkeun ka jalma nu teu dikenal. Rorompok abdi sadaya dicicingan ku urang asing.

 3 Abdi sadaya jadi yatim, teu gaduh bapa. Indung jadi randa.

 4 Cai kanggé nginum kedah dibayar, kai kanggé suluh kedah dipésér.

 5 Nu ngudag-ngudag abdi sadaya tos caket, tos di pengkereun.

Abdi sadaya lalungsé, tapi teu tiasa reureuh.

 6 Abdi sadaya ngandelkeun Mesir sareng Asiria supaya tiasa kénging tuangeun.

 7 Karuhun abdi sadaya nu ngalampahkeun dosa téh tos maraot, tapi abdi sadaya nu katempuhan.

 8 Ayeuna, abdi sadaya téh dikawasaan ku para palayan. Teu aya nu ngaleupaskeun abdi sadaya tina genggeman maranéhna.

 9 Kanggo nyandak tuangeun gé abdi sadaya kedah naruhkeun nyawa, da jalma-jalma nu nyandak pedang téh tingalider di tanah gurun.

10 Kulit abdi sadaya jadi panas kawas tungku bakating ku lapar-laparna.

11 Bojo-bojo di Zion direndahkeun* ku maranéhna, kitu ogé mojang-mojang di kota-kota Yéhuda.

12 Panangan para pajabat ditalian, tuluy maranéhna digantung. Para kokolot teu dihormat.

13 Para jajaka ngangkat batu panggilingan leutik,* ari barudak lalaki titarajong lantaran mawa kai nu beurat.

14 Teu aya deui para kokolot di gerbang kota. Para pamuda gé tara tatabeuhan deui.

15 Kabagjaan dina haté téh tos musna, igel digentos ku kasungkawaan.

16 Makuta tos ragrag tina mastaka. Cilaka abdi sadaya téh ku lantaran tos dosa!

17 Éta sababna, haté téh mani peurih kacida.

Soca gé jadi teu cékas.

18 Éta téh lantaran Gunung Zion tos kalantar, tos jadi tempatna rubah-rubah laliar.

19 Tapi nun Yéhuwa, Gusti salamina calik dina tahta.

Tahta Gusti aya kanggo salalanggengna.

20 Ku naon Gusti mopohokeun sareng ngantunkeun abdi sadaya sakitu lamina?

21 Nun Yéhuwa, wangsulkeun abdi sadaya ka Gusti, nya tangtos abdi sadaya bakal wangsul.

Mugia sadayana pulih deui sapertos kapungkur.

22 Tapi, abdi sadaya tos bener-bener ditolak ku Gusti.

Gusti teras bendu ka abdi sadaya.

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun