Tangis Yérémia
א [Alef]
4 Emas nu hérang, emas nu murni, jadi surem teu cahayaan!
Batu-batu ti tempat suci pabalatak di unggal juru jalan!
ב [Bet]
2 Penduduk Zion nu dihormat, nu baheulana dianggap kawas emas murni,
Ayeuna mah dianggap kawas pariuk taneuh,
Jieunan tukang nyieun gagarabah!
ג [Gimel]
3 Anjing leuweung waé nyusuan anakna,
Ari bangsa abdi* mah telenges, kawas manuk onta di tanah gurun.
ד [Dalet]
4 Bakating ku halabhab, létah orok nepi ka napel kana lalangit.
Barudak leutik méménta dahareun, tapi euweuh nu méré.
ה [He]
5 Jalma-jalma nu biasa dahar ngeunah, ayeuna tinggalolér kalaparan di jalan-jalan.
Jalma-jalma nu ti leuleutik biasa maké baju méwah, ayeuna ngagolér dina tumpukan lebu.
ו [Waw]
6 Hukuman keur* bangsa abdi* téh leuwih beurat tibatan hukuman keur* Sodom,
Nu ujug-ujug digulingkeun bari euweuh nu nulungan.
ז [Zayin]
7 Baheula mah jalma-jalma Nazir di Zion téh leuwih bersih tibatan salju, leuwih bodas tibatan susu.
Maranéhna leuwih beureum tibatan koral* sarta cahayaan kawas batu sapir.
ח [Het]
8 Tapi, ayeuna maranéhna leuwih hideung tibatan areng.
Di jalan-jalan, batur teu wawuheun éta téh saha.
Kulitna karijut dina tulangna, mani garing siga kai garing.
ט [Tet]
9 Nu paéh ku pedang téh leuwih untung tibatan nu paéh ku kalaparan,
Sabab nu paéh ku kalaparan mah paéhna lalaunan.
י [Yod]
10 Indung-indung nu tadina gedé kanyaah gé téga ngulub anak-anakna sorangan.
Anak-anakna dijadikeun dahareun dina mangsa ancurna bangsa abdi.*
כ [Kaf]
11 Yéhuwa geus ngumbar amarah-Na,
Geus numplekkeun amarah-Na nu ngagedur.
Anjeunna ngaduruk Zion nepi ka pondasi-pondasina.
ל [Lamed]
12 Raja-raja di bumi jeung sakabéh penduduk bumi
Teu percayaeun yén musuh-musuh bisa nembus gerbang-gerbang Yérusalém.
מ [Mem]
13 Ieu téh kajadian ku lantaran dosa nabi-nabina sarta kasalahan imam-imamna,
Nu geus maéhan jalma-jalma bener di dinya.
נ [Nun]
14 Para nabi jeung imam mapay-mapay jalan kawas nu lolong.
Maranéhna dikotoran ku getih,
Nepi ka euweuh nu daék nyabak bajuna.
ס [Samekh]
15 Jalma-jalma ngagorowok, ”Nyingkah manéh! Rujit! Nyingkah! Ka ditu! Tong antel ka urang!”
Maranéhna téh teu boga imah jeung aprak-aprakan.
Jalma-jalma ti bangsa-bangsa ngomong kieu, ”Maranéhna teu meunang matuh bareng jeung urang.*
פ [Pe]
16 Maranéhna téh geus dipabalencarkeun ku Yéhuwa,
Moal dipikaresep deui ku Anjeunna.
Imam-imam moal dihormat, para kokolot gé moal dianggap deui.”
ע [Ayin]
17 Ayeuna panon abdi sadaya tos capé lantaran néangan pitulung tapi teu aya baé,
Haben ngarep-ngarep pitulung ti hiji bangsa nu teu bisa nyalametkeun.
צ [Tsade]
18 Maranéhna teterusan moro abdi sadaya nepi ka abdi sadaya teu bisa leuleumpangan di jalan-jalan.
Ajal geus deukeut, hirup abdi sadaya geus téréh anggeus, geus nepi kana panungtungan.
ק [Qof]
19 Musuh-musuh nu ngudag-ngudag téh leuwih gancang tibatan heulang di awang-awang.
Lumpat ka gunung diudag, ka tanah gurun didodoho.
ר [Res]
20 Jalma nu dilantik ku Yéhuwa geus digebruskeun kana lombang gedé, padahal anjeunna téh napas hirup abdi sadaya.
Abdi sadaya pernah ngomong ngeunaan anjeunna, ”Ku panyalindungan ti anjeunna, abdi sadaya bakal hirup di antara bangsa-bangsa.”
ש [Sin]
21 Éh urang Édom nu maratuh di tanah Uz, sing aratoh.
Tapi, manéh gé bakal diasongan cangkir nu eusina musibat. Manéh bakal mabok jeung taranjang.
ת [Taw]
22 Éh kota Zion, hukuman keur kasalahan manéh geus téréh anggeus.
Allah moal bakal ngaboyong manéh deui ka pangbuangan,
Tapi manéh, éh Édom, manéh bakal dihukum ku lantaran kasalahan manéh.
Dosa-dosa manéh bakal dibolékérkeun ku Anjeunna.