Yéhézkiél
16 Yéhuwa nepikeun deui firman-Na ka abdi, saur-Na, 2 ”Anak manusa, béjaan Yérusalém yén kalakuanana téh pikaijideun. 3 Manéh kudu ngomong kieu, ’Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, ka Yérusalém, ”Manéh téh asalna ti nagri urang Kanaan, manéh dijurukeun di ditu. Bapa manéh urang Amori, indung manéh urang Hét. 4 Dina poé manéh dijurukeun, tali ari-ari manéh teu dikeureut. Manéh gé teu dimandian ngarah bersih, teu digosok ku uyah, jeung teu dibedong. 5 Euweuh nu kitu ka manéh, da euweuh nu karunya, euweuh nu paduli. Manéh kalah ka dipiceun ka tegalan, da ti barang brol gé manéh téh geus dipikaijid.
6 ”’”Basa Kuring ngaliwat, Kuring ningali manéh roroésan dina getih. Pok Kuring ngomong, ’Duh, ulah paéh, nya!’ Waktu manéh ngagolér, bobolokot kénéh ku getih, Kuring ngomong, ’Duh, ulah paéh, nya!’ 7 Kuring ngajadikeun manéh beuki loba kawas pepelakan nu sirungan di kebon. Manéh ngagedéan, ngajangkungan, jeung maké perhiasan nu pangalusna. Buah dada manéh jadi montok, buuk manjangan, tapi manéh taranjang kénéh.”’
8 ”’Basa Kuring ngaliwat jeung ningali manéh, Kuring paham yén manéh téh geus meujeuhna kawin, jadi awak manéh nu taranjang ku Kuring ditutupan ku baju Kuring. Geus kitu, Kuring sumpah sarta nyieun perjangjian jeung manéh. Ku kituna, manéh jadi milik Kuring,’ ceuk Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung. 9 ’Manéh gé ku Kuring dimandian, dibersihan tina getih, tuluy dibalur ku minyak. 10 Sanggeusna, manéh ku Kuring didangdanan maké baju nu disulam, selop tina kulit* nu pangalusna, sorban tina linén lemes, sarta baju-baju nu marahal. 11 Tuluy manéh dipakéan perhiasan, digeulangan, dikongkorongan, 12 irung jeung ceuli diantingan, terus sirah diterapan makuta nu éndah. 13 Manéh terus ngadangdanan diri sorangan ku emas jeung pérak. Baju manéh téh tina linén lemes, kaén nu mahal, jeung baju nu disulam. Dahareun manéh téh tipung lemes, madu, jeung minyak. Beuki gedé téh manéh beuki geulis, cocog jadi ratu.’”
14 ”’Manéh* téh kasohor di antara bangsa-bangsa bakating ku geulis-geulisna, sabab Kuring nu ngajadikeun kageulisan manéh sampurna,’ ceuk Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung.”
15 ”’Tapi, manéh kalah ka ngandelkeun kageulisan manéh, tuluy ngalacur lantaran manéh kasohor. Manéh nyampeurkeun unggal jalma nu ngaliwat tuluy ngalacurkeun diri. Kageulisan manéh jadi milik éta jalma. 16 Papakéan nu warna-warni téh ku manéh dibawa tuluy dipaké jang ngahias tempat-tempat pamujaan, tempat manéh ngalacurkeun diri. Nu kitu téh sakuduna mah teu dilampahkeun, teu kajadian. 17 Perhiasan nu aralus ti Kuring, nu dijieun tina emas jeung pérak, ku manéh dijieunan patung-patung lalaki, seug dipaké ngalacur. 18 Baju-baju manéh nu disulam téh dicokot tuluy dipaké jang nutupan patung-patung éta. Minyak jeung dupa milik Kuring ku manéh dibaktikeun ka patung-patung éta. 19 Roti paméré Kuring keur dahareun manéh, nu dijieun tina tipung lemes, minyak, jeung madu, ku manéh dibaktikeun ka patung-patung eta ngarah bungaheun ku seungitna. Éta pisan nu kajadian téh,’ ceuk Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung.”
20 ”’Anak-anak lalaki jeung anak-anak awéwé beunang manéh ngajurukeun pikeun Kuring téh ku manéh dibaktikeun ka berhala-berhala. Teu cukup kitu manéh ngalacur salila ieu téh? 21 Anak-anak Kuring nu lalaki ku manéh dipareuncitan, diduruk dijadikeun kurban keur berhala-berhala éta. 22 Salila manéh ngalampahkeun hal-hal nu pikaijideun jeung ngalacurkeun diri mah bororaah inget ka mangsa manéh orok keneh, waktu manéh taranjang jeung roroésan dina getih. 23 Cilaka manéh, cilaka! Manéh téh sakitu jahatna,’ ceuk Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung. 24 ’Manéh ngawangun mézbah jeung tempat-tempat pamujaan di unggal alun-alun. 25 Manéh ngawangun tempat-tempat pamujaan di tempat nu paling katingali di unggal jalan. Ku lantaran manéh nyampeurkeun unggal jalma nu ngaliwat tuluy ngalacurkeun diri, kageulisan manéh téh jadi hal nu pikaijideun. Manéh kalah ka beuki sering ngalacur. 26 Manéh ngalacur ka urang Mesir, tatangga manéh nu birahi. Teu kaitung lobana manéh ngalacurkeun diri. Éta téh nganyenyeri haté Kuring. 27 Ku kawasa Kuring, Kuring rék ngahukum manéh sarta ngurangan pasadiaan dahareun manéh. Manéh gé ku Kuring rék diserahkeun ka awéwé-awéwé nu ijid ka manéh, nyaéta urang Filistin. Maranéhna téh arijideun nempo lampah manéh nu masiat.
28 ”’Lantaran can puas kénéh, manéh ngalacurkeun diri ka urang Asiria. Tapi sanggeus kitu gé, angger wéh manéh teu puas-puas. 29 Jadi, manéh beuki sering ngalacur di nagri Kanaan* sarta ngalacur ka urang Khaldéa. Tapi geus kitu gé, manéh can puas kénéh. 30 Haté manéh mah teu kaopan kana gogoda téh.* Manéh ngalampahkeun éta kabéh kawas palacur nu teu boga kaéra!’ ceuk Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung. 31 ’Tapi waktu manéh keur ngawangun mézbah di tempat nu paling katingali di unggal jalan sarta ngawangun tempat-tempat pamujaan di unggal alun-alun, manéh mah teu kawas palacur, da teu daék dibayar. 32 Manéh mah pamajikan nu nyéléwéng, leuwih resep ka jalma nu teu dikenal tibatan ka salaki sorangan. 33 Biasana, palacur nu dibéré hadiah téh. Ari manéh mah, kalah ka manéh nu méré hadiah ka kabéh nu birahi ka manéh. Jalma ti mana-mana ku manéh disogok sina datang pikeun jinah jeung manéh. 34 Manéh mah béda sorangan, teu kawas palacur séjén. Euweuh nu ngalacurna cara manéh! Lain dibayar, manéh mah kalah ka mayar. Tibalik manéh mah.’
35 ”Éh palacur, déngékeun firman Yéhuwa. 36 Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, ’Manéh geus ngumbar birahi sarta taranjang waktu manéh ngalacur jeung kabogoh-kabogoh manéh sarta berhala-berhala manéh nu pikageuleuheun* jeung pikaijideun, nu dikurbanan getih anak-anak manéh nu lalaki. 37 Ku kituna, Kuring rék ngumpulkeun kabéh kabogoh manéh nu geus disenangkeun ku manéh, boh nu dipikacinta kénéh boh nu geus dipikangéwa. Kabéhanana ku Kuring rék dikumpulkeun ti mana-mana. Manéh ku Kuring rék ditaranjangan, sina ditarongton ku maranéhna.
38 ”’Kuring rék ngahukum manéh ku hukuman nu pantes keur awéwé nu jinah jeung maéhan batur. Bakating ku ambek jeung timburu, manéh ku Kuring rék dipaéhan. 39 Manéh rék diserahkeun ka kabogoh-kabogoh manéh. Mézbah-mézbah manéh bakal diruntuhkeun ku maranéhna. Tempat-tempat pamujaan manéh gé bakal diancurkeun. Manéh rék dibuligiran, perhiasan-perhiasan manéh nu aralus rék dicarokotan. Manéh bakal diculkeun taranjang. 40 Maranéhna bakal mawa gorombolan, tuluy manéh bakal dibalédogan sarta dipeuncit ku pedang. 41 Imah-imah manéh bakal diduruk ku maranéhna. Manéh bakal dihukum hareupeun loba awéwé. Kuring rék ngereunkeun palacuran manéh, sarta manéh moal bisa deui mayar kabogoh-kabogoh manéh. 42 Kuring bakal numplekkeun amarah Kuring ka manéh. Mun geus kitu mah kakara Kuring bakal tenang jeung teu nyeri haté deui. Kuring moal ambek deui ka maneh.’
43 ”’Manéh geus teu inget yén manéh téh ku Kuring diurus ti leuleutik. Nya ayeuna, Kuring ambek lantaran manéh ngalampahkeun nu kararitu. Manéh rék disina ngarasakeun balukarna. Manéh moal masiat deui sarta moal ngalampahkeun hal-hal nu pikaijideun deui,’ ceuk Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung.
44 ”’Waktu ngomongkeun manéh, jalma-jalma bakal maké ieu paribasa, ”Anak awéwé téh teu béda ti indungna!” 45 Dasar manéh saruana jeung indung manéh nu geuleuheun ka salakina jeung anak-anakna. Manéh gé saruana jeung dulur-dulur manéh nu awéwé, nu geuleuheun ka salakina jeung anak-anakna. Indung manéh téh urang Hét, bapa manéh urang Amori.’”
46 ”’Lanceuk awéwé manéh téh Samaria, nu matuh di kaléreun manéh bareng jeung anak-anak awéwéna.* Adi awéwé manéh téh Sodom, nu matuh di kiduleun manéh bareng jeung anak-anak awéwéna. 47 Manéh lain ngan saukur nuturkeun kalakuan maranéhna nu pikaijideun. Malah acan gé lila, manéh geus leuwih bejad tibatan maranéhna.’ 48 Ceuk Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, ’Demi Kuring nu hirup, Sodom adi manéh jeung anak-anakna can pernah ngalampahkeun naon nu dilampahkeun ku manéh jeung anak-anak manéh. 49 Tah ieu kasalahan Sodom adi manéh téh: Manéhna jeung anak-anakna agul pédah boga loba dahareun jeung hirup ayem tengtrem, tapi maranéhna teu nulungan ka nu sangsara jeung ka nu miskin. 50 Maranéhna terus sombong sarta ngalampahkeun hal-hal nu pikaijideun hareupeun Kuring. Nya Kuring ngarasa maranéhna kudu disingkirkeun.
51 ”’Dosa Samaria teu nepi ka saparona tina dosa manéh. Manéh terus ngalampahkeun hal-hal nu pikaijideun, leuwih-leuwih ti maranéhna. Lantaran manéh ngalampahkeun hal-hal éta, adi jeung lanceuk manéh jadi katingali leuwih bener. 52 Ayeuna manéh kudu nanggung kahinaan lantaran geus ngadukung kalakuan adi jeung lanceuk manéh. Ku sabab dosa manéh leuwih pikaijideun tibatan dosa maranéhna, maranéhna téh leuwih bener tibatan manéh. Jadi, ayeuna manéh kudu diéra-éra jeung direndahkeun, lantaran gara-gara manéh, adi jeung lanceuk manéh jadi katingali leuwih bener.’
53 ”’Kuring rék ngumpulkeun jalma-jalma nu ditawan, nyaéta tawanan ti Sodom jeung anak-anakna sarta ti Samaria jeung anak-anakna. Penduduk manéh nu ditawan gé rék dikumpulkeun bareng jeung maranéhna. 54 Manéh bakal ngarasa éra ku diri sorangan, sabab adi jeung lanceuk manéh jadi ngarasa tenang ku lantaran kalakuan manéh. 55 Adi jeung lanceuk manéh, nyaéta Sodom jeung anak-anakna sarta Samaria jeung anak-anakna, bakal kawas baheula deui. Nya, manéh jeung anak-anak manéh gé bakal kawas baheula deui. 56 Basa manéh keur sombong mah Sodom adi manéh téh mani disapirakeun. 57 Éta téh saacan kajahatan manéh dibolékérkeun. Ayeuna mah manéh dipoyok ku penduduk Siria jeung tatangga-tatanggana. Manéh gé dihina ku penduduk Filistin nu aya di sakuriling manéh. 58 Manéh bakal ngarasakeun balukar tina kalakuan manéh nu masiat jeung pikaijideun,’ ceuk Yéhuwa.”
59 ”Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, ’Manéh ku Kuring rék dibales satimpal jeung kalakuan manéh, sabab manéh geus nyapirakeun sumpah manéh, geus ngalanggar perjangjian Kuring. 60 Ari Kuring mah moal poho kana perjangjian nu dijieun ku Kuring jeung manéh basa manéh ngora kénéh. Kuring rék ngayakeun perjangjian nu langgeng jeung manéh. 61 Manéh bakal inget kana kalakuan manéh sarta ngarasa éra waktu nyambut adi-adi jeung lanceuk-lanceuk awéwé manéh. Maranéhna kabéh ku Kuring rék dibikeun jadi anak-anak awéwé manéh, tapi lain ku lantaran perjangjian antara Kuring jeung manéh.’
62 ”’Kuring rék ngayakeun perjangjian jeung manéh. Ku kituna, manéh bakal nyaho yén Kuring téh Yéhuwa. 63 Kuring rék ngahampura manéh, teu sual naon nu geus dilampahkeun ku manéh. Ti dinya, manéh bakal inget kana sagala nu dilampahkeun ku manéh sarta bakal ngarasa éra. Saking érana, manéh moal bisa ngomong sakecap-kecap acan,’ ceuk Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung.”