PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Yéhézkiél 27
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Yéhézkiél

      • Lagu sungkawa ngeunaan kapal Tirus nu tilelep (1-36)

Yéhézkiél 27:14

Catetan Handap

  • *

    Turunan kaldé jalu jeung kuda bikang.

Yéhézkiél 27:16

Catetan Handap

  • *

    Dina jaman Alkitab, batu koral téh mahal pisan.

Yéhézkiél 27:18

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”wol warna abu-abu semu beureum”.

Yéhézkiél 27:19

Catetan Handap

  • *

    As. ”kasia”.

  • *

    Basa Inggrisna nyaéta calamus.

Yéhézkiél 27:20

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”kaén nu disulam keur sadel”.

Yéhézkiél 27:25

Catetan Handap

  • *

    Atawa bisa jadi ”manéh mulya”.

Yéhézkiél 27:36

Catetan Handap

  • *

    As. ”ngahéot”.

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
  • 18
  • 19
  • 20
  • 21
  • 22
  • 23
  • 24
  • 25
  • 26
  • 27
  • 28
  • 29
  • 30
  • 31
  • 32
  • 33
  • 34
  • 35
  • 36
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Yéhézkiél 27:1-36

Yéhézkiél

27 Yéhuwa nepikeun deui firman-Na ka abdi, saur-Na, 2 ”Anak manusa, kawihkeun lagu sungkawa keur Tirus, 3 pék ngomong kieu ka Tirus,

’Hé manéh nu matuh di gerbang-gerbang laut,

Nu sok dagang jeung jalma-jalma ti loba pulo,

Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung,

”Hé Tirus, manéh pernah ngomong kieu, ’Kaéndahan Kuring téh sampurna.’

 4 Wilayah manéh téh aya di tengah laut.

Ku tukang-tukang wangunan manéh kaéndahan manéh dijieun jadi sampurna.

 5 Maranéhna nyieun papan-papan manéh tina kai juniper ti Sénir

Sarta nyieun tihang-tihang kapal manéh tina kai aras ti Lébanon.

 6 Maranéhna nyieun dayung-dayung manéh tina tangkal ék ti Basyan

Sarta nyieun bagian hareup manéh tina tangkal camara nu dihias ku gading ti pulo-pulo Kitim.

 7 Layar manéh dijieun tina kaén linén warna-warni ti Mesir,

Sarta kaén panutup galadag manéh dijieun tina benang biru jeung wol ungu ti pulo-pulo Élisya.

 8 Tukang-tukang dayung manéh téh penduduk Sidon jeung Arwad.

Éh Tirus, palaut-palaut manéh téh jalma-jalma nu arahli.

 9 Nu ngoméan sela-sela manéh ngarah teu bocor téh jalma-jalma nu ahli jeung boga loba pangalaman ti Gébal.

Kabéh kapal jeung para palautna daratang pikeun jual beuli jeung manéh.

10 Urang Pérsia, Lud, jeung Put téh tentara manéh nu maju perang demi manéh.

Taméng jeung hélem maranéhna tinggarantung di manéh, ku kituna manéh jadi mulya.

11 Urang Arwad dina pasukan manéh ditempatkeun di sakuriling témbok manéh sina ngajaraga.

Lalaki-lalaki nu wani sina ngawaskeun munara-munara manéh.

Maranéhna ngagantung taméng-taméng bunderna di sakuriling témbok manéh.

Ku kituna, kaéndahan manéh jadi sampurna.

12 ”’”Tarsyis jual beuli jeung manéh lantaran manéh boga loba barang nu aralus. Maranéhna meulian barang-barang manéh, dibayarna maké pérak, beusi, timah bodas, jeung timah hideung. 13 Yawan, Tubal, jeung Mésyékh jual beuli jeung manéh. Maranéhna meulian barang-barang manéh, dibayarna ku budak beulian sarta barang-barang tina tambaga. 14 Turunan Togarma meulian barang-barang manéh, dibayarna ku kuda, kuda perang, jeung bagal.* 15 Urang Dédan jual beuli jeung manéh. Para padagang ti loba pulo digawé ka manéh. Maranéhna méré upeti, nyaéta gading jeung kai hideung nu alus. 16 Édom jual beuli jeung manéh lantaran manéh boga loba barang. Maranéhna meulian barang-barang manéh, dibayarna ku batu pirus, wol ungu, kaén sulaman nu warna-warni, kaén lemes, koral,* jeung batu mirah dalima.

17 ”’”Yéhuda jeung nagri Israél jual beuli jeung manéh. Maranéhna meulian barang-barang manéh, dibayarna ku gandum ti Minit, kadaharan nu pangalusna, madu, minyak, jeung balsem.

18 ”’”Damaskus jual beuli jeung manéh lantaran manéh boga loba barang nu aralus. Dibayarna ku cianggur ti Hélbon jeung wol ti Zahar.* 19 Wédan jeung Yawan ti Uzal meulian barang-barang manéh, dibayarna ku barang tina beusi, ku kayu manis,* jeung ku jukut seungit.* 20 Dédan meulian barang-barang manéh, dibayarna ku sadel.* 21 Urang Arab jeung sakabéh pamingpin Kédar digawé ka manéh. Maranéhna téh ngajualan anak domba, domba jalu, jeung embé. 22 Tukang dagang ti Syéba jeung Raama jual beuli jeung manéh. Maranéhna meulian barang-barang manéh, dibayarna ku minyak seungit nu pangalusna, batu-batu permata, jeung emas. 23 Haran, Kané, Éden, tukang dagang ti Syéba, Assyur, jeung Khilmad jual beuli jeung manéh. 24 Di pasar-pasar manéh, maranéhna ngajualan papakéan nu aralus, jubah tina kaén biru jeung tina kaén sulaman nu warna-warni, sarta karpét warna-warni. Kabéhanana dibeungkeut pageuh ku tali.

25 Kapal-kapal Tarsyis ngakutan barang-barang dagangan manéh.

Ku kituna, di tengah laut téh manéh pinuh ku muatan,* kakayaan manéh beuki loba.

26 Tukang dayung manéh mawa manéh ka tengah laut nu motah.

Manéh ditarajang ku angin ti wétan nepi ka bejad di tengah laut.

27 Kakayaan manéh, barang-barang manéh, dagangan manéh, palaut, para pagawé di kapal manéh,

Jalma-jalma nu ngoméan sela-sela manéh ngarah teu bocor, nu daragang jeung manéh, sarta nu perang jeung manéh,

Pokona kabéhanana nu aya di manéh,

Bakal tilelep di tengah-tengah laut dina poéan manéh rugrug.

28 Waktu para palaut manéh tingjarerit, wilayah basisir bakal ngadégdég.

29 Kabéh tukang dayung, palaut, jeung nu digawé di kapal séjén

Bakal tarurun tina kapalna tuluy nangtung di darat.

30 Maranéhna bakal ngajerit jeung nyeungceurikan manéh

Bari ngawurkeun kekebul kana sirahna sarta gugulingan dina lebu.

31 Maranéhna bakal ngagundulan sirahna jeung maké kaén goni.

Maranéhna bakal nyeungceurikan manéh, ngajerit kanyenyerian.

32 Bari ceurik, maranéhna bakal ngawihkeun lagu sungkawa jeung ngawih kieu,

’Aya kitu nu kawas Tirus, nu ayeuna jempling di tengah laut?

33 Waktu barang-barang manéh datang ti lautan, manéh nyugemakeun loba bangsa.

Kakayaan manéh nu loba jeung barang-barang dagangan manéh ngabeungharkeun raja-raja di bumi.

34 Ayeuna, manéh ancur di lautan, di samudra.

Kabéh barang dagangan manéh jeung penduduk manéh milu tikerelep jeung manéh.

35 Kabéh jalma nu matuh di pulo-pulo bakal ngajenghok ningali manéh,

Raja-rajana bakal ngadégdég sarieuneun, kagambar dina beungeutna.

36 Waktu ningali naon nu kaalaman ku manéh, tukang dagang ti bangsa-bangsa bakal ngahina manéh.*

Manéh bakal ujug-ujug katarajang ku musibat nu pikasieuneun.

Geus kitu mah manéh bakal musna salilana.’”’”

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun