Yéhézkiél
28 Yéhuwa nepikeun deui firman-Na ka abdi, saur-Na, 2 ”Anak manusa, béré nyaho pamingpin Tirus, ’Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung,
”Lantaran sombong, manéh terus ngomong, ’Aing téh allah.
Aing diuk dina tahta allah di tengah lautan.’
Sanajan manéh ngarasa manéh téh allah,
Manéh mah manusa, lain allah.
3 Manéh ngarasa leuwih bijaksana tibatan Daniél.
Manéh bisa ngarti kana sagala rasiah.
4 Manéh jadi beunghar lantaran bijaksana sarta boga pangarti.
Manéh terus ngumpulkeun emas jeung pérak di panyimpenan harta.
5 Manéh pinter dagang, matakna jadi beunghar.
Sanggeus beunghar téh manéh jadi sombong.”’
6 ”’Ku kituna ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung,
”Lantaran manéh ngarasa manéh téh allah,
7 Kuring rék ngadatangkeun urang asing, bangsa nu pangbengisna, sina nyerang manéh.
Maranéhna bakal nyabut pedangna tuluy ngancurkeun sagala rupa nu éndah, beubeunangan kabijaksanaan manéh.
Kamulyaan manéh gé bakal diruksak.
8 Maranéhna bakal mawa manéh turun ka liang kubur.
Manéh bakal paéh sangsara di tengah lautan.
9 Mémangna manéh bakal terus ngomong, ’Aing téh allah’, ka jalma nu ngaleungitkeun nyawa manéh?
Jalma nu nyapirakeun manéh mah nganggap manéh téh jalma biasa, lain allah.”’
10 ’Ku urang asing, manéh bakal dipaéhan kawas jalma nu teu disunat,
Sabab Kuring geus ngucap kitu,’ ceuk Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung.”
11 Terus Yéhuwa nepikeun deui firman-Na ka abdi, saur-Na, 12 ”Anak manusa, kawihkeun lagu sungkawa ngeunaan raja Tirus, tuluy béjakeun kieu, ’Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung,
”Manéh téh conto kasampurnaan.
Manéh téh bijaksana pisan. Kaéndahan manéh gé sampurna.
13 Baheula manéh aya di Éden, di taman Allah.
Manéh dihias ku rupa-rupa batu permata,
Nyaéta mirah dalima, topas, yaspis, krisolit, oniks, giok, sapir, pirus, jeung jamrut.
Kabéh batu téh dipasangna dina cangkok emas.
Éta kabéh disiapkeun dina poé manéh diciptakeun.
14 Kuring milih sarta ngalantik manéh pikeun jadi kérub nu ngajaga.
Baheula, manéh aya di gunung suci Allah. Manéh leuleumpangan di antara batu-batu nu seuneuan.
15 Ti barang manéh diciptakeun, kalakuan manéh téh taya cacadna,
Nepi ka tungtungna manéh ngalampahkeun nu teu bener.
16 Lantaran usaha manéh beuki gedé,
Manéh jadi beuki telenges. Manéh gé jadi nyieun dosa.
Lantaran manéh najis, Kuring rék ngusir manéh ti gunung Allah tuluy ngabinasakeun manéh.
Hé kérub nu ngajaga, Kuring rék ngusir manéh ti tempat batu-batu nu seuneuan.
17 Ku lantaran kaéndahan manéh, manéh jadi sombong.
Kamulyaan manéh ngaruksak kabijaksanaan manéh.
Manéh ku Kuring rék dibeubeutkeun kana taneuh.
Manéh rék dijadikeun tongtonan raja-raja.
18 Ku lantaran kasalahan manéh nu gedé sarta usaha manéh nu curang, manéh nganajisan tempat suci manéh.
Kuring rék ngahurungkeun seuneu di tengah-tengah manéh sina ngaduruk manéh.
Manéh bakal musna jadi lebu dina taneuh, katémbong ku saréréa.
19 Kabéh jalma ti bangsa-bangsa bakal ngajenghok nempo manéh.
Manéh bakal ujug-ujug katarajang ku musibat nu pikasieuneun.
Geus kitu mah manéh bakal musna salilana.”’”
20 Terus, Yéhuwa nepikeun deui firman-Na ka abdi, saur-Na, 21 ”Anak manusa, tempo ka Sidon, pék ngaramal ngeunaan manéhna. 22 Manéh kudu ngomong kieu, ’Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung,
”Hé Sidon, Kuring téh musuh manéh. Kuring bakal dimulyakeun di tengah-tengah manéh.
Jalma-jalma bakal nyaho yén Kuring téh Yéhuwa waktu Kuring ngahukum manéh sarta waktu Kuring disucikeun ku jalan manéh.
23 Kuring rék ngadatangkeun wabah panyakit ka manéh, getih bakal ngucur di jalan-jalan manéh.
Loba nu bakal paéh ku pedang waktu manéh digempur ti unggal juru.
Ari geus kitu mah jalma-jalma bakal nyaho yén Kuring téh Yéhuwa.
24 ”’”Geus kitu, urang Israél moal dikurilingan deui ku rungkun cucuk nu nojos sarta matak raheut, nyaéta jalma-jalma nu ngahina maranéhna. Ku kituna, jalma-jalma bakal nyaho yén Kuring téh Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung.”’
25 ”’Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, ”Waktu Kuring ngumpulkeun deui urang Israél ti antara bangsa-bangsa, ti tempat maranéhna dipabalencarkeun, Kuring bakal disucikeun ku jalan maranéhna hareupeun bangsa-bangsa. Maranéhna bakal matuh di nagri nu dibikeun ku Kuring ka Yakub hamba Kuring. 26 Maranéhna bakal aman matuh di dinya. Maranéhna gé bakal ngawangun imah sarta kebon anggur. Maranéhna bakal tetep aman waktu Kuring ngahukum kabéh nu aya di sakurilingeun maranéhna, nu ngahina maranéhna. Ari geus kitu mah maranéhna bakal nyaho yén Kuring téh Yéhuwa, Allah maranéhna.”’”