Yoél
2 ”Tiup tarompét tanduk di Zion!
Gorowokkeun tanda perang di gunung suci Allah.
Sakabéh penduduk ieu nagri* keun sina ngadarégdég,
Sabab poé Yéhuwa téréh datang! Poé éta geus deukeut!
2 Poé éta téh poék jeung surem,
Poé nu poék, jaba hideung katutup ku méga*
Kawas cahaya pajar nu kahalangan ku gunung-gunung.
Aya hiji bangsa nu gedé jeung kuat.
Ti baheula, can aya bangsa nu saperti kitu,
Ka hareupna gé moal aya bangsa nu siga kitu,
Ti génerasi ka génerasi.
3 Seuneu ngaduruk sagala nu aya di hareupeun maranéhna
Sarta ngaduruk sagala nu aya di tukangeun maranéhna.
Saacan maranéhna datang, éta nagri lir Taman Éden,
Tapi sanggeus maranéhna indit, éta jadi tanah gurun nu kalantar,
Euweuh nu bisa lolos.
4 Rupa maranéhna kawas kuda,
Lumpatna kawas kuda tempur.
5 Waktu maranéhna tingarajleng ka puncak-puncak gunung, sorana kawas karéta-karéta perang tinggurudug
Jeung kawas sora jarami nu kaduruk tingbeletok.
Maranéhna kawas pasukan nu perkasa nu siap tempur.
6 Bangsa-bangsa guligah ku karana maranéhna.
Sakabéh jalma beungeutna sepa.
7 Maranéhna narajang lir para prajurit,
Naraékan témbok lir para serdadu.
Masing-masing maju di jalanna sorangan,
Teu pungkal-péngkol.
8 Maranéhna teu silih sedek jeung pada baturna.
Masing-masing maju di jalanna sorangan.
Lamun aya nu paéh keuna ku panah,
Nu séjén mah terus maju.
9 Maranéhna nyerbu ka jero kota, lalumpatan di luhur témbok.
Maranéhna naraékan imah-imah, terus arasup tina jandéla kawas bangsat.
10 Waktu maranéhna maju, tanah eundeur, langit gé oyag.
Panonpoé jeung bulan jadi poék,
Béntang-béntang pareum cahayana.
11 Ku sora-Na nu ngageleger, Yéhuwa bakal méré paréntah ka pasukan-Na nu kacida lobana.
Anjeunna téh perkasa sarta bakal ngalaksanakeun firman-Na.
Poé Yéhuwa téh hébat jeung matak tajub.
Saha nu bisa tahan?”
12 Saur Yéhuwa, ”Ayeuna, geura baralik deui ka Kuring ku sagemblengna haté.
Pék puasa bari ceurik jejeritan.
13 Teu cukup ku nyosoéh pakéan hungkul, haté maranéh nu remuk gé kudu némbongkeun rasa kaduhung.*
Geura baralik ka Yéhuwa Allah maranéh,
Sabab Anjeunna téh karunyaan, welas asih, teu gancang ambek, jeung nyaahan pisan.*
Anjeunna bakal barobah pikiran,* teu jadi ngadatangkeun musibat.
14 Sugan baé Anjeunna teu ambek deui, tuluy ngarobah putusana-Na*
Jeung ngaberkahan maranéh.
Ku kituna, maranéh bisa ngabaktikeun kurban kadaharan jeung kurban inuman ka Yéhuwa Allah maranéh.
15 Tiup tarompét tanduk di Zion!
Umumkeun puasa, ayakeun acara nu istiméwa.
16 Kumpulkeun éta bangsa, sucikeun éta jamaah.
Kumpulkeun nu karolot,*
Kitu deui jeung barudak sarta orok nu nyarusu kénéh.
Pangantén lalaki sina kaluar ti kamarna,
Kitu deui jeung pangantén awéwé.
17 Di antara tepas* jeung mézbah,
Imam-imam nu ngalalayanan Yéhuwa sina careurik jeung ngaromong kieu,
’Nun Yéhuwa, sing karunya ka umat Gusti.
Umat Gusti ulah dugi ka dipoyokan,
Ulah dugi ka dikawasaan ku bangsa-bangsa séjén.
Ulah dugi ka bangsa-bangsa ngaromong kieu, ”Mana Allah maranéhna téh?”’
18 Yéhuwa bakal ngajaga nagri-Na
Sarta mikawelas umat-Na.
19 Yéhuwa bakal ngajawab umat-Na,
’Kuring rék méré sisikian, cianggur anyar, jeung minyak
Nepi ka maranéh seubeuh.
Kuring moal ngantep maranéh dihina deui ku bangsa-bangsa.
20 Nu nyerang ti kalér, ku Kuring bakal dijauhkeun ti maranéh,
Rék disina papencar ka tanah nu garing jeung kalantar,
Barisan hareupna sina nyanghareup ka laut beulah wétan,*
Barisan tukangna ka laut beulah kulon.*
Bau bangké-bangkéna bakal kaambeu,
Bauna bakal kaambeu ka mana-mana,
Sabab Allah bakal midamel hal-hal hébat.’
21 Hé tanah, ulah sieun.
Sing gumbira jeung suka bungah, sabab Yéhuwa bakal midamel hal-hal hébat.
22 Hé sato-sato liar di tegalan, ulah sieun,
Sabab tegal jukut di tanah gurun bakal jadi héjo.
Tangkal-tangkal bakal baruahan.
Tangkal ara jeung tangkal anggur bakal loba pisan buahna.
23 Hé urang Zion, sing gumbira jeung suka bungah ku karana Yéhuwa Allah maranéh,
Sabab Anjeunna bakal masihan cukup hujan dina usum* gugur.
Anjeunna bakal nurunkeun hujan gedé.
Anjeunna bakal masihan hujan dina usum gugur jeung usum semi, kawas saacanna.
24 Pangirikan* bakal pinuh ku sisikian.
Tempat pameresan bakal mudal ku cianggur anyar jeung minyak.
25 Kuring bakal ngagantian sagala nu geus diruksak salila mangtaun-taun ku pasukan nu dikirim ku Kuring,
Pasukan nu kacida lobana nu ngahakan hasil panén maranéh,
Nyaéta simeut nu jangjangan, simeut nu can jangjangan, simeut nu rampus, jeung simeut tukang ngahakan.
26 Maranéh bakal dahar nepi ka seubeuh.
Maranéh bakal muji nami Yéhuwa Allah maranéh,
Nu geus midamel hal-hal hébat demi maranéh.
Moal aya deui nu ngahina umat Kuring.
27 Maranéh bakal nyaho yén Kuring téh aya di tengah-tengah Israél,
Kuring téh Yéhuwa Allah maranéh, taya deui nu séjén!
Moal aya deui nu ngahina umat Kuring.
28 Geus kitu, Kuring bakal ngucurkeun kawasa suci ka sagala rupa jalma.
Anak awéwé jeung anak lalaki maranéh bakal ngaramal,*
Nu kolot bakal meunang impian,
Sarta budak ngora bakal meunang titingalian.
29 Dina mangsa éta, Kuring gé bakal ngucurkeun kawasa suci
Ka palayan awéwé jeung palayan lalaki Kuring.
30 Kuring bakal nyieun tanda-tanda di langit jeung di bumi,
Bakal aya getih, seuneu, jeung gumpelan-gumpelan haseup.
31 Panonpoé bakal jadi poék, bulan jadi beureum kawas getih.
Geus kitu, poé Yéhuwa nu hébat jeung matak tajub éta datang.
32 Tapi sing saha nu sasambat ka nami Yéhuwa bakal salamet.
Sakumaha ucapan Yéhuwa, di Gunung Zion jeung di Yérusalém bakal aya nu salamet,
Nyaéta jalma-jalma nu dipanggil ku Yéhuwa.”