Yoél
3 ”Dina mangsa éta,
Waktu Kuring mawa balik urang Yéhuda jeung urang Yérusalém nu ditawan,+
2 Kuring gé rék ngumpulkeun sakabéh bangsa,
Rék digiring ka Lebak Yéhosyafat.*
Di dinya, maranéhna ku Kuring rék diadilan+
Demi umat Kuring jeung milik Kuring, nyaéta Israél,
Sabab umat Kuring ku maranéhna dipaburencaykeun ka antara bangsa-bangsa.
Nagri Kuring ku maranéhna dibagi-bagi keur maranéhna sorangan.+
3 Umat Kuring diundi ku maranéhna.+
Budak lalaki dijual, duitna dipaké lacur.
Budak awéwé dijual, duitna dipaké jang meuli cianggur.
4 Éh Tirus, Sidon, jeung sakuliah wilayah Filistia,
Wawanianan maranéh ka Kuring!
Maranéh téh rék ngabales Kuring?
Lamun enya kitu,
Kuring gé rék gancang ngabales maranéh satimpal jeung lalampahan maranéh.+
5 Maranéh geus ngarampasan pérak jeung emas milik Kuring,+
Sarta ngakut harta banda Kuring nu aralus ka kuil-kuil maranéh.
6 Maranéh geus ngajual urang Yéhuda jeung urang Yérusalém ka urang Yunani,+
Supaya maranéhna jauh ti lemburna.
7 Ayeuna, maranéhna ku Kuring rék dibawa balik ti ditu, ti tempat maranéhna dijual.+
Kuring rék ngabales maranéh satimpal jeung lalampahan maranéh.
8 Anak-anak maranéh nu lalaki jeung nu awéwé ku Kuring bakal dijual ka urang Yéhuda.+
Engké ku maranéhna bakal dijual deui ka urang Syéba, bangsa nu jauh,
Sabab Kuring, Yéhuwa, geus nyebutkeun kitu.
9 Umumkeun kieu ka bangsa-bangsa,+
’Siap-siap perang! Gedurkeun sumanget para prajurit!
Para serdadu sina maju jeung ngagempur!+
10 Mata-mata wuluku* jieunan pedang, péso-péso pangkas jieunan tumbak.
Nu lalemah sina ngaromong, ”Aing kuat.”
11 Éh bangsa-bangsa ti unggal juru, geura karumpul, sok silih bantu.’”+
Nun Yéhuwa, utus para prajurit Gusti nu kuat ka dinya.
12 ”Keun éta bangsa-bangsa sina carengkat tuluy daratang ka Lebak Yéhosyafat,
Sabab Kuring bakal diuk pikeun ngaadilan bangsa-bangsa ti unggal juru.+
13 Sabetkeun arit, sabab panéneun geus siap diala.
Tincakan anggur, sabab pameresan anggur geus pinuh.+
Wadah cianggur geus mudal, sabab kajahatan maranéhna geus numpuk.
14 Jalma-jalma di lebak pangadilan mani ngagimbung,
Lantaran di dinya, poé Yéhuwa geus deukeut.+
15 Panonpoé jeung bulan bakal jadi poék,
Béntang-béntang bakal pareum cahayana.
16 Yéhuwa bakal ngagaur ti Zion,
Sora Anjeunna ngageleger ti Yérusalém.
Langit jeung bumi bakal aleundeur,
Tapi Yéhuwa bakal jadi panyalindungan keur umat-Na,+
Jadi bénténg keur urang Israél.
17 Maranéh bakal nyaho yén Kuring téh Yéhuwa Allah maranéh, nu matuh di Zion, gunung Kuring nu suci.+
Yérusalém bakal jadi tempat nu suci.+
Urang asing moal asup deui ka dinya.+
18 Dina poé éta, cianggur amis bakal nyakclakan ti gunung-gunung,+
Susu bakal ngocor ti pasir-pasir,*
Kabéh walungan di Yéhuda bakal loba caina.
19 Ari Mesir bakal kalantar,+
Édom bakal jadi tanah gurun nu diculkeun,+
Sabab maranéhna geus kejem ka urang Yéhuda+
Sarta geus maéhan jalma-jalma nu teu salah di nagri Yéhuda.+
20 Ari Yéhuda mah bakal terus dicicingan,
Kitu deui Yérusalém, ti génerasi ka génerasi.+
21 Maranéhna* moal dianggap salah deui ku Kuring.+
Yéhuwa bakal matuh di Zion.”+