Imamat
13 Geus kitu Yéhuwa ngomong ka Musa jeung Harun, 2 ”Lamun dina kulit hiji jalma aya bénjolan, koréng, atawa totol-totol nu bisa jadi nyirikeun panyakit kusta,* manéhna kudu dibawa ka Imam Harun atawa salah sahiji imam turunan Harun. 3 Imam kudu mariksa inpéksi dina kulitna. Lamun bulu dina inpéksina jadi bodas jeung inpéksina katingali jero, éta téh kusta. Sanggeus dipariksa, imam kudu ngumumkeun manéhna najis. 4 Lamun totol-totolna bodas, teu jero, jeung buluna teu bodas, imam kudu nitah éta jalma dikarantina tujuh poé. 5 Dina poé katujuh, ku imam kudu dipariksa deui. Lamun inpéksina teu beuki parah jeung teu nyebar dina kulitna, imam bakal nitah manéhna dikarantina tujuh poé deui.
6 ”Dina poé katujuh, ku imam kudu dipariksa deui. Lamun inpéksina ngurangan jeung teu nyebar dina kulitna, imam kudu ngumumkeun manéhna teu najis, éta téh ngan koréng biasa. Éta jalma kudu nyeuseuh bajuna, ku kituna manéhna teu najis. 7 Tapi lamun sanggeus ngadep ka imam jeung diumumkeun teu najis, geuning koréngna* téh nyebar dina kulitna, manéhna kudu ngadep deui ka imam. 8 Ku imam kudu dipariksa deui. Lamun koréngna geus nyebar dina kulitna, imam kudu ngumumkeun manéhna najis. Éta téh kusta.
9 ”Lamun aya nu katerap ku panyakit kusta, éta jalma kudu dibawa ka imam 10 jeung dipariksa. Lamun aya bénjolan bodas nu nyababkeun buluna gé jadi bodas, jeung dina bénjolanana aya borok, 11 éta hartina kustana téh parah. Imam kudu ngumumkeun manéhna najis. Manéhna teu kudu dikarantina pikeun dipariksa ku imam, da geus sidik manéhna najis. 12 Lamun imam ningali kustana téh geus nyebar saawak-awak, ti sirah nepi ka suku, 13 tuluy sanggeus dipariksa téh mémang bener kustana geus nutupan sakujur awakna jeung kulitna jadi bodas, imam kudu ngumumkeun panyakitna moal népa.* Ku kituna, manéhna teu najis. 14 Tapi lamun aya borok dina kulitna, manéhna najis. 15 Waktu imam ningali éta borok, manéhna kudu ngumumkeun éta jalma najis. Borokna téh najis, éta téh kusta. 16 Tapi lamun borokna jadi bodas, manéhna kudu datang ka imam. 17 Ku imam kudu dipariksa. Lamun inpéksina jadi bodas, imam kudu ngumumkeun éta jalma teu najis.
18 ”Lamun dina kulit hiji jalma aya bisul, tuluy bisulna cageur, 19 tapi dina urutna aya bénjolan bodas atawa totol-totol bodas semu beureum, manéhna kudu datang ka imam. 20 Ku imam kudu dipariksa. Lamun totol-totolna téh katingali jero jeung buluna jadi bodas, éta téh kusta nu bijil dina urut bisulna. Imam kudu ngumumkeun manéhna najis. 21 Tapi lamun sanggeus dipariksa euweuh bulu nu bodas, totol-totolna teu jero, jeung warnana pias, imam kudu nitah éta jalma dikarantina tujuh poé. 22 Lamun totol-totolna geus sidik nyebar dina kulitna, imam kudu ngumumkeun manéhna najis. Éta téh kusta. 23 Tapi lamun totol-totolna angger sakitu jeung teu nyebar, éta mah ngan radang tina bisul. Imam kudu ngumumkeun manéhna teu najis.
24 ”Lamun dina kulit hiji jalma aya tapak kabeuleum, seug jadi boléksék tuluy aya totol-totol bodas semu beureum atawa totol-totol bodas, 25 ku imam kudu dipariksa. Lamun totol-totolna katingali jero jeung buluna jadi bodas, éta téh kusta nu bijil tina tapak kabeuleum. Imam kudu ngumumkeun manéhna najis. Éta téh kusta. 26 Tapi lamun sanggeus dipariksa totol-totolna teu jero, warnana pias, jeung euweuh bulu nu bodas, imam kudu nitah éta jalma dikarantina tujuh poé. 27 Dina poé nu katujuh, imam kudu mariksa deui manéhna. Lamun totol-totolna geus sidik nyebar dina kulitna, imam kudu ngumumkeun manéhna najis. Éta téh kusta. 28 Tapi lamun totol-totolna angger sakitu, henteu nyebar, jeung warnana pias, éta mah ngan bénjolan dina tapak kabeuleum. Imam kudu ngumumkeun manéhna teu najis, lantaran éta téh radang dina tapak kabeuleum.
29 ”Lamun aya lalaki atawa awéwé nu keuna inpéksi dina sirah atawa gado, 30 ku imam kudu dipariksa. Lamun inpéksina katingali jero sarta buuk atawa janggotna jadi konéng jeung carang, imam kudu ngumumkeun manéhna najis. Kulit sirah atawa gadona inpéksi, éta téh kusta dina sirah atawa gado. 31 Tapi lamun sanggeus dipariksa inpéksina téh ngan dina kulitna hungkul, sarta dina inpéksina euweuh buuk atawa janggot hideung, imam kudu nitah éta jalma dikarantina tujuh poé. 32 Dina poé katujuh, imam kudu mariksa deui inpéksina. Lamun teu nyebar, euweuh buuk atawa janggot konéng, jeung inpéksina teu jero, 33 éta jalma kudu nyukur buukna atawa ngurud janggotna, tapi kulit nu keuna inpéksina mah ulah dinanaonkeun. Geus kitu, imam bakal nitah manéhna dikarantina tujuh poé deui.
34 ”Dina poé katujuh, ku imam kudu dipariksa deui. Lamun inpéksi dina kulit sirah jeung dina gadona teu nyebar jeung teu jero, imam kudu ngumumkeun manéhna teu najis. Manéhna kudu nyeuseuh bajuna, ku kituna manéhna teu najis. 35 Tapi lamun sanggeus diumumkeun teu najis, geuning inpéksina nyebar, 36 ku imam kudu dipariksa. Lamun inpéksina mémang geus nyebar, manéhna najis. Imam geus teu kudu mariksa konéng henteuna buuk atawa janggot éta jalma. 37 Tapi lamun sanggeus dipariksa inpéksina teu nyebar sarta buuk atawa janggot hideungna jaradi deui, inpéksina geus cageur. Manéhna teu najis, tuluy imam kudu ngumumkeun manéhna teu najis.
38 ”Lamun aya hiji jalma, boh lalaki boh awéwé, nu dina kulitna aya totol-totol bodas, 39 ku imam kudu dipariksa. Lamun warna totol-totolna pias, éta teu bahaya, ukur panyakit kulit biasa. Manéhna teu najis.
40 ”Lamun buuk hiji lalaki murudul nepi ka botak, manéhna teu najis. 41 Lamun nu murudul téh buuk dina bagian hareup, tuluy bagian éta jadi botak, manéhna teu najis. 42 Lamun dina bagian nu botak atawa dina tarangna aya borok warna bodas semu beureum, éta téh kusta nu bijil dina kulit sirah atawa tarang, 43 ku imam kudu dipariksa. Lamun inpéksi dina bagian nu botak atawa dina tarangna aya bénjolan warna bodas semu beureum jeung katingali kawas kusta dina kulit, 44 manéhna katerap kusta, manéhna najis. Tuluy imam kudu ngumumkeun manéhna najis lantaran panyakit dina sirahna. 45 Jalma nu katerap kusta kudu nyoéhkeun pakéanana, ngantep buukna sina acak-acakan, jeung nutupan sungutna* bari gogorowokan, ’Najis, najis!’ 46 Manéhna bakal tetep najis salila katerap ku éta panyakit. Ku sabab najis, manéhna kudu mencilkeun diri di luareun pakémahan.
47 ”Lamun aya kusta dina pakéan tina wol atawa linén, 48 dina serat kaén nu ditinun tina wol atawa linén, dina bahan kulit, atawa dina naon waé nu dijieun tina kulit, 49 tuluy aya buluk warna héjo semu konéng atawa buluk semu beureum dina pakéan, bahan kulit, serat kaén, atawa barang naon waé tina kulit, éta barang geus keuna ku kusta jeung kudu ditémbongkeun ka imam. 50 Ku imam kudu dipariksa, terus barang-barangna kudu dikarantina tujuh poé. 51 Dina poé katujuh, ku imam kudu dipariksa deui. Lamun bulukna nyebar dina pakéan, serat kaén, atawa bahan kulit (teu sual bahan kulitna dipaké keur naon), éta téh kusta nu parah, barangna najis. 52 Imam kudu ngaduruk pakéan, serat kaén nu ditinun tina wol atawa linén, atawa barang naon waé tina kulit nu keuna ku buluk, sabab éta téh kusta nu parah. Éta kudu diduruk dina seuneu.
53 ”Tapi lamun sanggeus dipariksa kustana henteu nyebar dina pakéan, serat kaén, atawa barang naon waé tina kulit, 54 imam kudu maréntahkeun supaya barang-barang éta dikumbah atawa diseuseuh, tuluy dikarantina tujuh poé deui. 55 Sanggeus dikumbah atawa diseuseuh nepi ka bersih, ku imam kudu dipariksa deui. Lamun kustana aya kénéh, najan angger sakitu jeung teu nyebar, éta barang téh najis. Éta kudu diduruk lantaran geus keuna kusta, boh luarna boh jerona.
56 ”Tapi lamun sanggeus dikumbah atawa diseuseuh warna kustana pias, imam kudu nyoéhkeun bagian nu keuna kustana, boh tina pakéan boh tina bahan kulit boh tina serat kaén. 57 Lamun kustana bijil dina bagian séjén dina pakéan, dina serat kaén, atawa barang naon waé tina kulit, éta hartina kustana geus nyebar. Éta barang kudu diduruk. 58 Tapi lamun sanggeus dikumbah atawa diseuseuh kustana leungit tina pakéan, serat kaén, atawa barang naon waé tina kulit, barangna kudu dikumbah atawa diseuseuh deui. Geus kitu kakara barangna jadi teu najis.
59 ”Éta téh hukum ngeunaan kusta nu bijil dina pakéan tina wol atawa linén, serat kaén, atawa barang naon waé tina kulit. Ku kituna, imam bisa ngumumkeun mana barang nu najis mana nu henteu.”