Imamat
12 Yéhuwa neruskeun omongana-Na ka Musa, 2 ”Béjaan urang Israél, ’Lamun awéwé ngandung tuluy ngalahirkeun anak lalaki, manéhna bakal najis salila tujuh poé, sakumaha manéhna najis waktu keur haid. 3 Dina poé kadalapan, éta orok kudu disunatan. 4 Éta awéwé kudu nyucikeun diri salila 33 poé deui lantaran manéhna geus ngaluarkeun getih. Manéhna teu meunang nyabak naon waé nu suci jeung teu meunang asup ka tempat suci nepi ka manéhna bérés nyucikeun diri.
5 ”’Lamun anakna awéwé, manéhna bakal najis salila 14 poé, sakumaha manéhna najis waktu keur haid. Manéhna kudu nyucikeun diri salila 66 poé deui lantaran manéhna geus ngaluarkeun getih. 6 Sanggeus bérés nyucikeun diri lantaran ngalahirkeun anak lalaki atawa awéwé, manéhna kudu mawa hiji domba jalu nu umurna sataun atawa kurang pikeun kurban beuleuman. Manéhna gé kudu mawa hiji japati ngora atawa hiji tikukur pikeun kurban pangampura dosa. Bawa éta kabéh ka imam di lawang asup kémah tepangan. 7 Imam bakal ngabaktikeun éta kurban di hareupeun Yéhuwa jeung mangméntakeun pangampura keur éta awéwé. Geus kitu, kakara éta awéwé dianggap bersih tina getihna. Ieu hukum ngeunaan awéwé nu ngalahirkeun, boh anakna lalaki boh anakna awéwé. 8 Tapi saupama éta awéwé henteu sanggup ngabaktikeun hiji domba, manéhna kudu mawa dua tikukur atawa dua japati ngora. Hiji keur kurban beuleuman, hiji keur kurban pangampura dosa. Imam bakal mangméntakeun pangampura keur éta awéwé. Ku kituna, éta awéwé bakal dianggap bersih.’”