Imamat
16 Yéhuwa ngomong ka Musa sanggeus dua anak lalakina Harun maot basa ngadep ka Yéhuwa. 2 Ceuk Yéhuwa, ”Béjaan Harun lanceuk manéh yén manéhna teu meunang asup ka Rohangan Mahasuci* iraha waé sakahayangna sarta nangtung hareupeun tutup peti perjangjian. Lamun sambarangan asup ka ditu, manéhna bakal maot, sabab Kuring bakal némbongan dina méga* luhureun tutup peti.
3 ”Saacan asup ka Rohangan Mahasuci, Harun kudu ngabaktikeun hiji sapi jalu ngora keur kurban pangampura dosa jeung hiji domba jalu keur kurban beuleuman. 4 Manéhna kudu maké jubah suci tina linén, calana pondok* tina linén keur nutupan aoratna, beubeur tina linén, jeung sorban tina linén keur nutupan sirahna. Éta kabéh téh suci. Manéhna kudu mandi heula, tuluy éta kabéh kudu dipaké.
5 ”Jamaah Israél kudu maréré ka Harun dua embé jalu ngora pikeun jadi kurban pangampura dosa jeung hiji domba jalu pikeun jadi kurban beuleuman.
6 ”Harun kudu ngabaktikeun sapi jalu nu jadi kurban pangampura dosa keur dirina sorangan. Harun kudu ménta pangampura dosa keur dirina jeung kulawargana.*
7 ”Geus kitu manéhna kudu nyokot dua embé, tuluy bawa ka hareupeun Yéhuwa di lawang asup kémah tepangan. 8 Harun kudu ngalungkeun undi pikeun nangtukeun mana embé keur Yéhuwa mana embé keur Azazél.* 9 Embé nu geus ditangtukeun keur Yéhuwa kudu dibaktikeun ku Harun jadi kurban pangampura dosa. 10 Tapi, embé nu geus ditangtukeun keur Azazél kudu dibawa ka hareupeun Yéhuwa hirup-hirup supaya jamaah bisa dihampura. Éta embé kudu dileupaskeun keur Azazél ka tanah gurun.
11 ”Harun kudu mawa sapi jalu nu jadi kurban pangampura dosa keur dirina sorangan. Harun kudu ménta pangampura keur dirina jeung kulawargana.* Geus kitu manéhna kudu meuncit éta sapi jalu.
12 ”Tuluy, manéhna kudu mawa wadah dupa nu geus dieusian ku areng ruhay tina mézbah di hareupeun Yéhuwa sarta mawa dupa seungit dua keupeul. Éta kabéh kudu dibawa ka Rohangan Mahasuci.* 13 Dupana kudu diteundeun di luhureun areng ruhay di hareupeun Yéhuwa supaya haseupna ngaliputan tutup peti perjangjian. Ku kituna, manéhna moal maot.
14 ”Manéhna kudu nyokot getih sapi jalu éta saeutik, tuluy képrétkeun ku ramona di hareupeun tutup peti, nyaéta di sisi wétan. Képrétkeun getihna tujuh kali di hareupeun tutup peti.
15 ”Geus kitu, manéhna kudu meuncit embé nu jadi kurban pangampura dosa keur éta bangsa. Getihna kudu dibawa asup ka Rohangan Mahasuci* tuluy diképrét-képrétkeun di hareupeun tutup peti, sakumaha getih sapi jalu téa.
16 ”Manéhna kudu nyucikeun Rohangan Mahasuci tina kalakuan urang Israél nu najis sarta tina kasalahan jeung dosa maranéhna. Manéhna gé kudu nyucikeun kémah tepangan nu aya di tengah-tengah urang Israél nu najis.
17 ”Salila Harun aya di Rohangan Mahasuci pikeun mangméntakeun pangampura dosa, teu meunang aya nu asup ka kémah tepangan. Harun kudu ménta pangampura dosa keur dirina sorangan, kulawargana,* jeung sakumna jamaah Israél.
18 ”Geus kitu, manéhna kudu kaluar terus indit ka mézbah nu aya di hareupeun Yéhuwa pikeun nyucikeun éta mézbah. Manéhna kudu nyokot getih sapi jalu saeutik jeung getih embé saeutik. Ulaskeun éta getih kana tanduk-tanduk di sakabéh sisi mézbah. 19 Getihna gé kudu diképrét-képrétkeun ku ramona tujuh kali kana mézbah. Éta téh pikeun ngamurnikeun jeung nyucikeun mézbah tina kalakuan urang Israél nu najis.
20 ”Sanggeus bérés nyucikeun Rohangan Mahasuci, kémah tepangan, jeung mézbah, Harun kudu mawa embé nu hirup téa. 21 Manéhna kudu numpangkeun dua leungeunna kana hulu éta embé tuluy ngakukeun sakabéh kasalahan, palanggaran, jeung dosa urang Israél. Éta kabéh saolah-olah diteumbleuhkeun kana hulu éta embé. Geus kitu, kencarkeun embéna di tanah gurun ku jalma nu geus ditugaskeun. 22 Éta embé dileupaskeun ka tanah gurun pikeun mawa sakabéh kasalahan urang Israél.
23 ”Geus kitu, Harun kudu asup ka kémah tepangan tuluy ngalaanan baju linén nu dipaké basa manéhna asup ka Rohangan Mahasuci. Éta baju kudu disimpen di dinya. 24 Manéhna kudu mandi tuluy ganti baju ku baju imam. Geus kitu, manéhna kudu ngabaktikeun kurban beuleuman keur dirina jeung kurban beuleuman keur éta bangsa. Manéhna gé kudu ménta pangampura keur dosana jeung dosa éta bangsa. 25 Manéhna kudu ngabeuleum gajih kurban pangampura dosa dina mézbah supaya haseupna ngebul.
26 ”Jelema nu ngencarkeun embé keur Azazél kudu nyeuseuh bajuna tuluy mandi. Geus kitu kakara manéhna meunang asup deui ka pakémahan.
27 ”Sapi jalu jeung embé nu jadi kurban pangampura dosa, nu getihna dibawa asup ka Rohangan Mahasuci pikeun ménta pangampura, kudu dibawa ka luar pakémahan. Kulit, daging, jeung eusi peujitna kudu diduruk. 28 Jelema nu ngaduruk éta kabéh kudu nyeuseuh bajuna jeung mandi. Geus kitu kakara manéhna meunang asup deui ka pakémahan.
29 ”Ieu aturan nu kudu dijalankeun sapapanjangna: Dina poé kasapuluh bulan katujuh, boh urang Israél boh urang asing nu cicing di antara maranéh kudu ngarendahkeun diri* jeung teu meunang baranggawé. 30 Dina poé éta, imam bakal mangméntakeun pangampura supaya maranéh bersih. Dina pandangan Yéhuwa, maranéh bakal bersih tina sakabéh dosa. 31 Éta téh sabat, jadi maranéh kudu istirahat jeung ngarendahkeun diri. Éta téh aturan nu kudu dijalankeun sapapanjangna.
32 ”Imam nu geus dikucuran ku minyak sarta dilantik jadi imam gaganti bapana kudu ngabaktikeun kurban-kurban supaya dosana dihampura. Manéhna kudu maké baju tina linén, nyaéta baju imam.* 33 Manéhna kudu nyucikeun tempat suci, kémah tepangan, jeung mézbah. Manéhna gé kudu mangméntakeun pangampura keur para imam jeung sakumna jamaah Israél. 34 Éta aturan nu kudu dijalankeun sapapanjangna. Imam kudu mangméntakeun pangampura keur dosa urang Israél sataun sakali.”
Éta kabéh ku Harun dijalankeun sakumaha nu diparéntahkeun ku Yéhuwa ka Musa.