Imamat
17 Yéhuwa neruskeun omongana-Na ka Musa, 2 ”Béjakeun ka Harun, anak-anak lalakina, jeung sakabéh urang Israél, ’Ieu nu diparéntahkeun ku Yéhuwa:
3 ”’”Lamun aya urang Israél nu meuncit sapi jalu, domba jalu ngora, atawa embé di jero pakémahan atawa di luar pakémahan, 4 tapina teu dibawa ka lawang asup kémah tepangan pikeun dibaktikeun ka Yéhuwa di hareupeun tabernakel Yéhuwa, éta jalma dianggap salah. Manéhna geus maéhan sato ku cara nu salah, ku kituna manéhna kudu dipaéhan. 5 Ieu téh supaya urang Israél teu meuncit sato di tegalan deui. Sato nu rék dikurbankeun keur Yéhuwa kudu dibawa ka imam di lawang asup kémah tepangan. Éta kudu dibaktikeun jadi kurban karukunan ka Yéhuwa. 6 Getihna kudu diképrét-képrétkeun ku imam kana mézbah Yéhuwa di lawang asup kémah tepangan, ari gajihna kudu dibeuleum supaya haseupna ngebul jeung seungitna nyukakeun Yéhuwa. 7 Urang Israél teu meunang nyembah* jeung méré kurban deui ka roh-roh jahat nu kawas embé.* Ieu aturan nu kudu dijalankeun sapapanjangna ku maranéh jeung turunan maranéh.”’
8 ”Béjakeun ka maranéhna, ’Lamun aya urang Israél atawa urang asing nu cicing di antara maranéh nu ngabaktikeun kurban beuleuman atawa kurban séjénna, 9 tapi teu dibawa ka lawang asup kémah tepangan pikeun dibaktikeun ka Yéhuwa, éta jalma kudu dipaéhan.
10 ”’Lamun aya urang Israél atawa urang asing nu cicing di antara maranéh ngadahar getih naon waé, Kuring bakal nolak éta jalma. Manéhna bakal dipaéhan ku Kuring. 11 Nyawa unggal mahluk aya dina getihna. Kuring geus nangtukeun supaya getih téh dibaktikeun dina mézbah, ku kituna dosa maranéh bisa dihampura. Lantaran nyawa aya dina getih, dosa maranéh bisa dihampura ku jalan éta getih. 12 Éta sababna Kuring ngomong ka urang Israél, ”Maranéh kabéh teu meunang ngadahar getih. Urang asing nu cicing di antara maranéh gé teu meunang ngadahar getih.”
13 ”’Lamun aya urang Israél atawa urang asing nu cicing di antara maranéh moro jeung néwak manuk atawa sato séjénna nu meunang didahar, getihna kudu dikucurkeun tuluy ditutupan ku taneuh. 14 Nyawa unggal mahluk téh nya getihna, lantaran nyawa aya dina getih. Éta sababna Kuring ngomong ka urang Israél, ”Maranéh teu meunang ngadahar getih manusa atawa getih sato, sabab nyawana aya dina getihna. Saha waé nu ngadahar getih kudu dipaéhan.” 15 Saha waé, boh urang Israél boh urang asing, nu ngadahar bangké sato atawa sato nu geus disasaak ku sato liar kudu nyeuseuh bajuna jeung mandi. Manéhna bakal jadi najis nepi ka panonpoé surup. Geus kitu kakara manéhna teu najis deui. 16 Tapi lamun manéhna teu nyeuseuh bajuna jeung teu mandi, manéhna kudu nanggung balukarna.’”