Imamat
7 ”’Ieu hukum ngeunaan kurban kasalahan: Kurban ieu téh kacida sucina. 2 Sato keur kurban kasalahan kudu dipeuncit di tempat meuncit sato kurban beuleuman. Getihna kudu diképrét-képrétkeun kana sakabéh sisi mézbah. 3 Baktikeun kabéh gajihna, kaasup gajih dina buntut, gajih nu nutupan peujit, 4 dua giginjel deukeut cangkéng jeung gajih-gajihna, sarta gajih dina atina. 5 Éta kabéh ku imam kudu dibeuleum dina mézbah supaya haseupna ngebul. Éta téh kurban kasalahan nu dibeuleum keur Yéhuwa. 6 Dagingna kudu didahar ku unggal lalaki nu jadi imam. Didaharna kudu di hiji tempat nu suci. Éta téh kacida sucina. 7 Boh kurban pangampura dosa boh kurban kasalahan, hukumna sarua. Daging nu dibaktikeun éta téh milik imam nu mangméntakeun pangampura ka Allah.
8 ”’Waktu imam ngabaktikeun kurban beuleuman keur hiji jalma, kulit satona bakal jadi milik imam.
9 ”’Tiap kurban kadaharan, boh nu dipanggang boh nu diolah dina panci atawa katél cépér, bakal jadi milik imam nu ngabaktikeunana. Éta téh milikna. 10 Tapi tiap kurban kadaharan anu henteu diasakan, boh nu maké minyak boh nu garing, bakal jadi milik anak-anak lalakina Harun. Masing-masing meunang jatah nu sarua.
11 ”’Ieu hukum keur jalma nu rék ngabaktikeun kurban karukunan ka Yéhuwa: 12 Lamun manéhna ngabaktikeunana lantaran hayang ngungkabkeun rasa sukurna ka Allah, manéhna gé kudu ngabaktikeun roti nu teu diragian nu bentukna siga geulang jeung dicampur ku minyak, roti ipis nu teu diragian nu diulasan ku minyak, sarta roti nu bentukna siga geulang nu dijieun tina tipung lemes jeung dicampur ku minyak. 13 Salian ti ngabaktikeun kurban karukunan pikeun ngungkabkeun rasa sukurna, manéhna gé kudu ngabaktikeun roti nu diragian nu bentukna siga geulang. 14 Tina tiap jinis roti, baktikeun hiji ka Yéhuwa pikeun jadi bagian nu suci. Éta téh bakal jadi milik imam nu ngéprét-ngéprétkeun getih kurban karukunan. 15 Daging kurban karukunan nu dibaktikeun pikeun ngungkabkeun rasa sukur kudu didahar poé éta kénéh, teu meunang disimpen nepi ka isukna isuk-isuk.
16 ”’Lamun éta kurban dibaktikeun keur ikrarna atawa keur kurban sukaréla, éta kudu didahar dina poé manéhna ngabaktikeun kurban. Upama teu béak, meunang diisukkeun. 17 Tapi lamun nepi ka pagétona nyésa kénéh, éta kudu diduruk. 18 Lamun pagétona dagingna masih kénéh didahar, jalma nu ngadaharna moal dipikaresep ku Kuring. Kurbanna moal aya mangpaatna keur manéhna, éta téh pikageuleuheun. Jalma nu ngadaharna kudu nanggung balukarna. 19 Upama dagingna antel kana naon waé nu najis, éta teu meunang didahar, kudu diduruk. Saha waé nu teu najis meunang ngadahar daging kurban.
20 ”’Tapi lamun jalma nu najis ngadahar daging kurban karukunan nu dibaktikeun ka Yéhuwa, manéhna kudu dipaéhan. 21 Lamun aya jalma nu nyabak naon waé nu najis, boh manusa boh sato boh naon waé nu pikageuleuheun, tuluy ngadahar daging kurban karukunan nu dibaktikeun ka Yéhuwa, manéhna kudu dipaéhan.’”
22 Tuluy Yéhuwa neruskeun deui omongana-Na, 23 ”Béjaan urang Israél, ’Maranéh teu meunang ngadahar gajih sapi jalu, gajih domba jalu ngora, atawa gajih embé. 24 Gajih sato nu geus paéh atawa sato nu dipaéhan ku sato séjén teu meunang didahar, tapi bisa dipaké pikeun kaperluan séjén. 25 Lamun aya nu ngabaktikeun sato nu dibeuleum ka Yéhuwa tapi gajihna didahar ku manéhna, éta jalma kudu dipaéhan.
26 ”’Di mana waé maranéh matuh, maranéh teu meunang ngadahar getih naon waé, boh getih manuk boh getih sato lianna. 27 Jalma nu ngadahar getih kudu dipaéhan.’”
28 Yéhuwa ngomong deui ka Musa, 29 ”Béjaan urang Israél, ’Saha waé nu mawa kurban karukunan ka Yéhuwa kudu ngabaktikeun sabagian kurbanna ka Yéhuwa. 30 Manéhna kudu mawa gajih jeung dada satona pikeun dijadikeun kurban nu dibeuleum keur Yéhuwa. Ayun-ayunkeun éta kurban supaya jadi kurban nu diayun-ayunkeun di hareupeun Yéhuwa. 31 Gajihna kudu dibeuleum dina mézbah supaya haseupna ngebul, ari dadana jadi milik Harun jeung anak-anak lalakina.
32 ”’Suku katuhu tina sato kurban karukunan kudu dibikeun ka imam. Éta téh bagian nu suci. 33 Éta bakal jadi milik imam, nyaéta anak-anak lalakina Harun, nu ngabaktikeun getih jeung gajih kurban karukunan. 34 Tina kurban karukunan nu dibikeun ku urang Israél, Kuring geus mikeun suku katuhu, nyaéta bagian nu suci, jeung dada kurban nu diayun-ayunkeun ka Imam Harun jeung anak-anak lalakina. Ieu téh aturan nu kudu terus dijalankeun ku urang Israél sapapanjangna.
35 ”’Tina kurban nu dibeuleum keur Yéhuwa, éta téh bagian nu dibikeun ka Harun jeung anak-anak lalakina dina poé maranéhna dilantik jadi imam keur Yéhuwa. 36 Yéhuwa méré paréntah ka urang Israél pikeun méré bagian éta ka para imam dina poé maranéhna dilantik. Éta téh aturan nu kudu terus dijalankeun ku urang Israél jeung turunanana.’”
37 Tah éta hukum keur kurban beuleuman, kurban kadaharan, kurban pangampura dosa, kurban kasalahan, kurban pikeun ngalantik imam, jeung kurban karukunan. 38 Yéhuwa méré paréntah éta ka Musa di Gunung Sinai, nyaéta waktu urang Israél dibéré paréntah pikeun ngabaktikeun kurban ka Yéhuwa di Tanah Gurun Sinai.