Imamat
9 Dina poé kadalapan, Musa ngageroan Harun, anak-anak lalakina, jeung sakabéh pamingpin Israél. 2 Manéhna ngomong ka Harun, ”Bawa ka hareupeun Yéhuwa hiji sapi ngora keur kurban pangampura dosa manéh jeung hiji domba jalu keur kurban beuleuman manéh, duanana kudu nu séhat. 3 Béjakeun kieu ka urang Israél, ’Bawa hiji embé jalu keur kurban pangampura dosa. Bawa hiji sapi sarta hiji domba jalu nu umurna sataun keur kurban beuleuman, duanana kudu nu séhat. 4 Bawa hiji sapi jalu jeung hiji domba jalu keur kurban karukunan. Baktikeun kabéhanana di hareupeun Yéhuwa bareng jeung kurban kadaharan nu dicampur ku minyak, lantaran poé ieu Yéhuwa bakal némbongan ka maranéh.’”
5 Jadi maranéhna mawa naon nu diparéntahkeun ku Musa ka hareupeun kémah tepangan. Tuluy, sakumna jamaah ngarumpul jeung narangtung di hareupeun Yéhuwa. 6 Musa ngomong kieu ka maranéhna, ”Éta téh paréntah Yéhuwa nu kudu dilampahkeun ku maranéh lantaran Yéhuwa rék némbongkeun kamulyaana-Na ka maranéh.” 7 Terus Musa ngomong ka Harun, ”Jung indit ka mézbah. Baktikeun kurban pangampura dosa jeung kurban beuleuman pikeun ménta pangampura keur manéh jeung kulawarga manéh. Geus kitu, baktikeun ogé kurban keur ieu bangsa sarta pangméntakeun pangampura keur dosa maranéhna. Lampahkeun ieu kabéh sakumaha nu diparéntahkeun ku Yéhuwa.”
8 Harun langsung indit ka mézbah tuluy meuncit sapi ngora keur kurban pangampura dosa manéhna. 9 Anak-anak lalakina mikeun getih éta sapi ka manéhna. Harun nganclomkeun ramona kana éta getih, tuluy diulaskeun kana tanduk-tanduk mézbah. Getih sésana dikucurkeun kana dasar mézbah. 10 Gajih tina kurban pangampura dosa, giginjelna, jeung gajih dina atina dibeuleum dina mézbah supaya haseupna ngebul, sakumaha nu diparéntahkeun ku Yéhuwa ka Musa. 11 Ari daging jeung kulitna diduruk di luareun pakémahan.
12 Geus kitu, manéhna meuncit kurban beuleuman. Anak-anak lalakina mikeun getih éta kurban ka Harun. Harun ngéprét-ngéprétkeun éta getih kana sakabéh sisi mézbah. 13 Maranéhna mikeun hulu jeung potongan-potongan kurban beuleuman éta ka Harun. Ku Harun éta dibeuleum dina mézbah supaya haseupna ngebul. 14 Ari peujit jeung bitisna dikumbah heula ku cai tuluy dibeuleum dina mézbah di luhureun kurban beuleuman supaya haseupna ngebul.
15 Sanggeus kitu, Harun ngabaktikeun kurban keur éta bangsa. Embé keur kurban pangampura dosa dicokot tuluy dipeuncit. Cara ngabaktikeunana téh kawas cara ngabaktikeun kurban pangampura dosa nu mimiti. 16 Geus kitu, manéhna mawa sato kurban beuleuman, tuluy dibaktikeun. Cara ngabaktikeunana sakumaha biasana.
17 Terus, manéhna ngabaktikeun kurban kadaharan. Manéhna nyokot kurban kadaharan sakeupeul, tuluy dibeuleum dina mézbah supaya haseupna ngebul. Ieu téh keur nambahan kurban beuleuman nu dibeuleum isuk-isuk.
18 Sanggeus éta, Harun meuncit sapi jalu jeung domba jalu keur kurban karukunan éta bangsa. Anak-anak lalakina mikeun getih éta sato ka manéhna, tuluy ku manéhna diképrét-képrétkeun kana sakabéh sisi mézbah. 19 Ari gajih dina sapi jalu, gajih dina buntut domba jalu, gajih nu nutupan peujit, giginjel, jeung gajih dina ati mah 20 ku maranéhna diteundeun di luhureun dada éta kurban. Geus kitu, kabéh gajihna dibeuleum ku Harun dina mézbah supaya haseupna ngebul. 21 Tapi, dada jeung suku katuhu éta sato ku Harun diayun-ayunkeun di hareupeun Yéhuwa. Éta téh jadi kurban nu diayun-ayunkeun, sakumaha nu diparéntahkeun ku Musa.
22 Tuluy, Harun ngangkat dua leungeunna ka arah éta bangsa sarta ngaberkahan maranéhna. Sanggeus ngabaktikeun kurban pangampura dosa, kurban beuleuman, jeung kurban karukunan, manéhna turun tina mézbah. 23 Geus kitu, Musa jeung Harun asup ka kémah tepangan tuluy kaluar sarta ngaberkahan éta bangsa.
Kamulyaan Yéhuwa katingali ku sakumna éta bangsa. 24 Gur seuneu ti Yéhuwa ngaduruk kurban beuleuman jeung sakabéh gajih dina mézbah nepi ka béak. Ningali kitu, éta bangsa sarurak jeung sarujud.