Imamat
10 Ka dieunakeun, anak-anak lalakina Harun, nyaéta Nadab jeung Abihu, nyokot wadah dupa tuluy dieusian ku areng ruhay jeung dibéré dupa. Éta ku maranéhna dibaktikeun ka Yéhuwa, tapi cara ngabaktikeunana teu sajalan jeung hukum sarta paréntah Allah. 2 Gur seuneu ti Yéhuwa ngaduruk maranéhna. Maranéhna tiwas di hareupeun Yéhuwa. 3 Tuluy Musa ngomong ka Harun, ”Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, ’Jalma-jalma nu aya di deukeut Kuring kudu inget yén Kuring téh suci. Sakumna jamaah kudu ngamulyakeun Kuring.’” Harun teu némbalan nanaon.
4 Geus kitu, Musa ngageroan Misyaél jeung Élzafan, anak-anak lalakina Uziél, emangna Harun. Musa ngomong ka maranéhna, ”Geura ka darieu, gotong mayit dulur-dulur maranéh ti hareupeun tempat suci. Bawa ka luareun pakémahan.” 5 Seug maranéhna nyampeurkeun sarta ngagotong mayit-mayit éta, nu maraké jubah kénéh. Digotongna ka luareun pakémahan, sakumaha nu diparéntahkeun ku Musa.
6 Geus kitu, Musa ngomong ka Harun jeung ka anak-anak lalakina nu séjén, nyaéta Éléazar jeung Itamar, ”Buuk maranéh ulah nepi ka acak-acakan sarta ulah nyoéhkeun baju, supaya maranéh teu maot, sarta supaya Allah henteu ambek ka sakumna jamaah. Dulur-dulur maranéh, nyaéta urang Israél séjénna, bakal nyeungceurikan jalma-jalma nu dipaéhan ku seuneu ti Yéhuwa. 7 Maranéh mah kudu tetep aya di deukeut lawang asup kémah tepangan. Lamun henteu, maranéh bakal maot, sabab maranéh geus dikucuran ku minyak suci* Yéhuwa.” Kekecapan Musa ku maranéhna diturut.
8 Tuluy Yéhuwa ngomong ka Harun, 9 ”Manéh jeung anak-anak lalaki manéh teu meunang nginum cianggur atawa inuman séjén nu aya alkoholan waktu maranéh asup ka kémah tepangan, supaya maranéh teu maot. Ieu téh aturan nu kudu terus dijalankeun ku turunan maranéh. 10 Ku kituna, maranéh jadi bisa ngabédakeun mana nu suci mana nu henteu, mana nu najis mana nu henteu. 11 Maranéh gé jadi bisa ngajar urang Israél sakabéh aturan ti Yéhuwa nu ditepikeun ku jalan Musa.”
12 Tuluy Musa ngomong ka Harun jeung ka anak-anak lalakina nu hirup kénéh, nyaéta Éléazar jeung Itamar, ”Cokot sésa kurban kadaharan nu dibeuleum keur Yéhuwa. Jieun jadi roti nu teu diragian. Dahar éta di deukeut mézbah, lantaran éta téh kacida sucina. 13 Maranéh kudu ngadahar éta di hiji tempat nu suci, lantaran éta jatah maranéh jeung turunan maranéh tina kurban nu dibeuleum keur Yéhuwa. Éta nu diparéntahkeun ku Allah ka urang. 14 Salian ti éta, maranéh sarta anak-anak maranéh nu lalaki jeung awéwé kudu ngadahar suku katuhu, nyaéta bagian nu suci, jeung dada tina kurban nu diayun-ayunkeun. Éta kabéh kudu didahar di tempat nu teu najis. Éta téh geus dibikeun jadi jatah maranéh jeung turunan maranéh tina kurban karukunan urang Israél. 15 Suku katuhu sato, nyaéta bagian nu suci, dada sato, jeung gajih tina kurban nu dibeuleum kudu dibawa jeung diayun-ayunkeun di hareupeun Yéhuwa. Bagian dada jeung suku katuhu bakal jadi jatah maranéh jeung turunan maranéh keur saterusna, sakumaha nu diparéntahkeun ku Yéhuwa.”
16 Musa néangan sésa daging embé nu dijadikeun kurban pangampura dosa, ari pék téh kabéhanana geus dibeuleum. Jadi manéhna ambek ka Éléazar jeung Itamar, anak-anak lalakina Harun nu hirup kénéh. Ceuk manéhna, 17 ”Ku naon daging kurban pangampura dosa henteu didahar ku maranéh di hiji tempat nu suci, pan éta téh kacida sucina? Éta geus dibikeun ka maranéh supaya maranéh bisa nanggung dosa jamaah sarta mangméntakeun pangampura keur jamaah di hareupeun Yéhuwa. 18 Getih éta kurban teu dibawa ka tempat suci. Jadi kuduna mah dagingna didahar di buruan tempat suci, sakumaha nu diparéntahkeun ku Allah ka urang.” 19 Harun ngajawab Musa, ”Poé ieu maranéhna geus ngabaktikeun kurban pangampura dosa jeung kurban beuleuman di hareupeun Yéhuwa. Tapi kuring téh keur keuna musibat. Lamun poé ieu kuring ngadahar kurban pangampura dosa, mémangna Yéhuwa bakal resep ka kuring?” 20 Ngadéngé kitu, Musa maklum.