Mikha
3 Ceuk kuring téh, ”Déngékeun atuh, hé para pamingpin turunan Yakub,
Hé para pangawasa urang Israél.
Kuduna mah maranéh téh nyaho nu adil, pan?
2 Ari maranéh mah ngadon mikangéwa kahadéan sarta mikaresep kagoréngan.
Kulit bangsa kuring disisitan ku maranéh, dagingna dicewolan tina tulang-tulangna.
3 Daging bangsa kuring diharakanan ku maranéh,
Kulitna disisitan,
Tulang-tulangna digeprékan nepi ka remuk,
Kawas tulang jeung daging nu dipasak dina panci.
4 Bakal datang mangsana maranéh sasambat ménta tulung ka Yéhuwa,
Tapi moal dijawab ku Anjeunna.
Dina mangsa éta Anjeunna bakal ngabalieur ti maranéh,
Ku sabab kalakuan maranéh téh jahat.
5 Para nabi nyasabkeun bangsa kuring.
Lamun huntuna masih kénéh aya capékeun,* maranéhna ngumumkeun, ’Maranéh bakal aman!’
Tapi lamun biwirna teu dibéré nanaon, maranéhna ngumumkeun perang.
Ku sabab kitu, Yéhuwa ngomong kieu ka maranéhna,
6 ’Maranéh bakal aya di nu poék kawas peuting-peuting, moal meunang titingalian.
Maranéh bakal kaliputan ku poék, moal bisa ngaramal deui.
Panonpoé bakal surup keur nabi-nabi éta,
Beurang bakal jadi poék keur maranéhna.
7 Tukang nepikeun titingalian bakal éra,
Tukang ngaramal bakal kuciwa.
Kabéhanana nepi ka kudu nutupan biwirna* bakating ku éra,
Sabab euweuh jawaban ti Allah.’”
8 Ari kuring mah, kuring boga kakuatan nu gedé ti kawasa suci Yéhuwa.
Ku kituna, kuring bisa adil jeung wani
Pikeun ngabéjaan Yakub ngeunaan kajahatanana,
Sarta ngabéjaan Israél ngeunaan dosana.
9 Déngékeun atuh, hé para pamingpin turunan Yakub,
Hé para pangawasa urang Israél.
Maranéh téh mikangéwa kaadilan sarta nganggap sagala nu bener téh salah.
10 Maranéh ngabangun Zion ku getih jeung ngabangun Yérusalém ku kateuadilan.
11 Para pamingpinna ngaadilan téh da hayang meunangkeun panyogok,
Para imamna ngajar téh da hayang dibayar,
Para nabina ngaramal téh lamun dibéré duit.*
Sanajan kitu, maranéhna ngakuna mah ngandelkeun Yéhuwa, pokna,
”Pan urang téh disarengan ku Yéhuwa,
Urang moal katarajang ku musibat naon-naon.”