Mikha
4 Dina poé-poé panungtungan,*
Gunung tempat bumina Yéhuwa+ bakal ajeg,
Ngadeg ngaluhuran puncak gunung-gunung,
Leuwih luhur tibatan pasir-pasir.*
Jalma-jalma bakal ngabring ka dinya.+
2 Loba bangsa bakal arindit sarta ngaromong kieu,
”Hayu urang nanjak ka gunung Yéhuwa,
Ka bumina Allahna Yakub.+
Anjeunna bakal ngajarkeun jalan-jalan-Na,
Sarta urang bakal nempuh jalan-jalan-Na.”
Hukum* bakal kaluar ti Zion,
Firman Yéhuwa bakal kaluar ti Yérusalém.
3 Anjeunna bakal mutus perkara di tengah bangsa-bangsa,+
Bakal ngaréngsékeun masalahna bangsa-bangsa nu kuat, boh nu jauh boh nu deukeut.
Bangsa-bangsa moal silih perangan deui,
Malah moal diajar perang deui.+
4 Tiap jalma bakal diuk* handapeun tangkal anggur jeung tangkal arana masing-masing.+
Maranéhna moal sieun ku naon-naon.+
Éta geus diucapkeun ku Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga.
5 Kabéh bangsa bakal ngabakti ka* déwana masing-masing,
Tapi urang mah bakal ngabakti ka* Yéhuwa, Allah urang,+ salalanggengna.
6 Yéhuwa nyabda, ”Dina poé éta,
Kuring bakal ngumpulkeun jalma nu pincang,
Bangsa nu geus paburencay,+
Sarta jalma nu dihukum ku Kuring.
7 Kuring bakal nyalametkeun jalma pincang nu nyésa kénéh.+
Bangsa nu geus diusir ka tempat nu jauh bakal dijadikeun bangsa nu kuat.+
Yéhuwa bakal maréntah jadi raja maranéhna di Gunung Zion,
Ti ayeuna nepi ka salalanggengna.
8 Hé munara jaga ingon-ingon,
Pasir milik urang Zion,+
Nya, éta téh karajaan milik kota Yérusalém.+
9 Ku naon manéh téh bet jejeritan?
Pédah teu boga raja?
Atawa, pédah jurunaséhat manéh paéh?
Pédah éta manéh ngarasa nyeri kawas awéwé nu keur ngajuru téh?+
10 Hé urang Zion, pék geura pepelengkingan jeung udah-aduh
Kawas awéwé nu keur ngajuru,
Da ayeuna maranéh kudu kaluar ti kota, kudu maratuh di tegalan.
Di ditu, maranéh bakal ditebus ku Yéhuwa tina leungeun musuh.+
11 Loba bangsa bakal karumpul rék ngalawan maranéh.
Ceuk maranéhna, ’Zion sina dihina.
Hayu urang tempo waktu éta ninggang ka Zion.’
12 Tapi maranéhna teu nyahoeun kumaha pikiran Yéhuwa,
Teu ngartieun naon tujuan* Anjeunna.
Anjeunna bakal ngumpulkeun maranéhna kawas beungkeutan gandum nu kakara diteukteuk tuluy dikumpulkeun ka pangirikan.*
13 Éh urang Zion, geura cengkat tuluy ngirik.+
Tanduk maranéh ku Kuring rék dijadikeun beusi,
Kuku maranéh rék dijadikeun tambaga.
Maranéh bakal ngancurkeun loba bangsa.+
Kauntungan maranéhna beunang ngalicikan batur téh ku maranéh bakal dibaktikeun ka Yéhuwa.
Harta maranéhna bakal dibaktikeun ka Gusti nu sajati, nu ngawasaan sakuliah bumi.”+