Habakuk
1 Ieu pesen nu ditarima ku Habakuk* dina titingalian:
2 Nun Yéhuwa, dugi ka iraha abdi kedah sasambat nyuhunkeun pitulung tapi teu didangu ku Gusti?
Dugi ka iraha abdi kedah nyuhunkeun pitulung supaya Gusti nyalametkeun abdi sadaya? Iraha Gusti badé nyingkirkeun kajahatan?
3 Ku naon Gusti ngantep abdi ningal kajahatan?
Ku naon Gusti ngantep jalmi-jalmi nindes batur?
Ku naon abdi ningal kaancuran sareng kajahatan?
Ku naon di mana-mana aya nu garelut sareng paraséa?
4 Hukum taya dayana,
Kaadilan teu dijalankeun.
Jalmi bener dikurilingan ku jalmi jahat,
Éta sababna kaadilan jadi tibalik.
5 ”Tuh tempo bangsa-bangsa, pék perhatikeun!
Maranéh bakal héran jeung olohok,
Sabab bakal aya kajadian dina jaman maranéh,
Tapi maranéh moal percaya sanajan geus dibéjaan.
6 Sabab Kuring bakal ngagerakkeun urang Khaldéa,
Bangsa anu kejem jeung gedé ambek.
Maranéhna nyerbu daérah nu lega di bumi,
Ngarampas imah-imah nu lain milikna.
7 Maranéhna pikasieuneun, jalmi-jalmi ngadarégdég ningali maranéhna.
Maranéhna nyieun hukum sorangan jeung ngarasa pangkawasana.*
8 Kuda-kudana leuwih tarik tibatan maung tutul,
Maranéhna leuwih galak tibatan ajag nu keur moro peuting-peuting.
Kuda-kuda perangna lumpatna tarik pisan.
Kuda-kudana datang ti tempat nu jauh.
Urang Khaldéa nyerbu kawas heulang nyamber mamangsan.
9 Maranéhna kabéh daratang, hayang pisan maéhan.
Éta pasukan nyerbu kawas angin wétan.
Nu ditawan ku maranéhna téh lobana kawas keusik.
10 Raja-raja dihina ku maranéhna.
Para pajabat diseungseurikeun.
Maranéhna nyeungseurikeun unggal tempat nu dibénténgan.
Maranéhna ngagundukkeun taneuh supaya bisa ngarebut éta tempat.
11 Geus kitu, maranéhna maju ngabelesat kawas angin.
Tapi maranéhna pantes dihukum,
Lantaran nganggap kakuatanana téh ti déwana.”*
12 Nun Yéhuwa, Gusti téh tos aya ti jaman baheula, pan?
Nun Allah abdi, Allah abdi nu suci, Gusti moal tiasa maot.*
Nun Yéhuwa, Gusti ngalantik maranéhna kanggo ngalaksanakeun putusan hukum Gusti.
Gunung Batu abdi, Gusti tos netepkeun maranéhna kanggo ngalaksanakeun hukuman.*
13 Soca Gusti téh murni pisan, moal tahan ningali jalmi ngalampahkeun nu jahat.
Kajahatan moal diantep ku Gusti.
Jadi, ku naon Gusti ngantep nu ngahianat?
Ku naon Gusti cicing waé ningali jalmi jahat ngajajah jalmi nu langkung bener tibatan manéhna?
14 Ku naon Gusti ngantep manusa dianggap kawas lauk di laut,
Kawas sasatoan laut nu teu aya pamingpinna?
15 Jalmi-jalmi dikaitan* ku useup,
Maranéhna diala ku jaring,
Dikumpulkeun ku kecrik.
Éta sababna jalmi-jalmi jahat éta gumbira pisan.
16 Éta sababna maranéhna ngabaktikeun kurban ka jaringna
Sarta ngabaktikeun kurban ka* kecrikna.
Ku lantaran alat-alat éta, maranéhna tiasa tuang nu narikmat
Sarta gaduh tuangeun nu pangsaéna.
17 Dugi ka iraha maranéhna badé teras nebarkeun jaringna?*
Ari maranéhna téh bakal teras ngabasmi bangsa-bangsa tanpa ampun, kitu?