Habakuk
2 Abdi bakal terus ngadeg di pos jaga abdi
Sarta bakal jaga di témbok pertahanan.
Abdi rék ngadago naon nu rék ditepikeun ku Anjeunna ku jalan abdi.
Abdi gé mikirkeun bakal ngajawab naon waktu ditegor.
2 Geus kitu Yéhuwa ngajawab abdi,
”Catet ieu titingalian, tuliskeun sing jelas dina papan-papan batu,*
Supaya babari* dibaca maké sora nu tarik.
3 Éta titingalian téh moal waka kajadian ayeuna, can waktuna.
Tapi waktuna geus téréh, sarta éta moal gagal.*
Najan telat gé,* dagoan baé sing yakin!
Sabab éta pasti kajadian.
Éta moal telat.
4 Tuh, tempo nu sombong.
Jalma kitu mah goréng haté.
Tapi jalma bener bakal hirup ku karana kasatiaanana.*
5 Saenyana, cianggur téh nyasabkeun.
Waktu mabok, jalma sombong bakal gagal ngajalankeun rencanana.
Manéhna hawek kawas Kuburan,*
Kawas maot nu taya seubeuhna.
Manéhna nalukkeun kabéh bangsa
Jeung ngumpulkeun kabéh jelema keur dirina sorangan.
6 Kabéhanana bakal moyok, ngahina, jeung nyindir manéhna.
Maranéhna pada ngomong kieu,
’Nepi ka iraha manéhna ngabeungharkeun diri ku nu lain milikna?
Cilaka manéhna téh, da hutangna beuki gedé!
7 Nu ngahutangkeun bakal ujug-ujug daratang.
Manéh bakal dihudangkeun jeung dioyag-oyag.
Manéh bakal dijarah ku maranéhna.
8 Ku sabab manéh geus ngajarah loba bangsa,
Geus maéhan loba jalma,
Ngaruksak bumi,
Kota-kotana, jeung jalma-jalmana,
Manéh bakal dijarah ku jalma-jalma nu nyésa.
9 Cilaka manéhna! Manéhna ngabeungharkeun kulawargana maké cara nu teu jujur,
Supaya bisa nyayang di tempat nu luhur,
Supaya aman tina bahla.
10 Tapi éta rarancang manéh téh bakal ngérakeun kulawarga* manéh sorangan.
Manéh ngalampahkeun dosa ku cara ngamusnakeun loba bangsa.
11 Batu dina témbok bakal ngajerit,
Jejeritanana bakal diteruskeun ku kai dina hateup.
12 Cilaka manéhna nu ngabangun kota ku cara maéhan loba jalma,
Sarta nu ngadegkeun éta kota ku kajahatan!
13 Jalma-jalma digawé susah payah, tapi hasilna béak kaduruk.
Bangsa-bangsa susah payah, tapi teu meunang nanaon.
Nu nyababkeun éta téh Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga, pan?
14 Sakumaha laut katutup ku cai,
Bumi ogé bakal pinuh ku kanyaho* ngeunaan kamulyaan Yéhuwa.
15 Cilaka manéhna nu ambek jeung amarahna ngagedur,
Tuluy méré inuman ka babaturanana sina marabok,
Ngarah bisa nempo maranéhna taranjang!
16 Manéh bakal seubeuh ku panghina, lain ku kamulyaan.
Manéh gé kudu nginum, seug batur bakal nénjo yén manéh téh taranjang jeung teu disunatan.*
Manéh bakal meunang giliran nginum tina gelas nu aya dina panangan katuhu Yéhuwa.
Kamulyaan manéh bakal jadi kahinaan.
17 Kakejeman manéh ka Lébanon bakal malik ka manéh.
Sasatoan di dinya sarieuneun jeung diparaéhan ku manéh, nya kitu ogé manéh bakal dipaéhan ku batur.
Éta jadi kitu téh lantaran manéh geus maéhan loba jalma
Sarta ngaruksak bumi,
Kota-kotana, jeung jalma-jalmana.
18 Jalma-jalma percaya kana patung-patung nu dijieun ku maranéhna tina kai, batu, jeung logam,
Padahal naséhat tina patung-patung éta téh palsu.
Maranéhna percaya kana barang jieunan sorangan,
Padahal patung-patung éta taya gunana
Jeung teu bisa ngomong-ngomong acan.
19 Cilaka jalma nu ngomong kana kai sapotong, ”Geura gugah!”
Atawa kana batu nu teu bisa ngomong, ”Geura gugah! Abdi sadaya badé nyuhunkeun pituduh!”
Tempo! Najan patung-patung éta dilapis ku emas jeung pérak,
Éta euweuh napasan.
20 Ari Yéhuwa mah aya di bait-Na nu suci.
Jalma saalam dunya kudu jempé di hareupeun Anjeunna!’”