PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Zéfanya 1
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Zéfanya

      • Poéna Yéhuwa ngahukum geus deukeut (1-18)

        • Poé Yéhuwa geus deukeut jeung gancang datangna (14)

        • Pérak jeung emas moal bisa nyalametkeun (18)

Zéfanya 1:1

Catetan Handap

  • *

    Hartina ”Yéhuwa Geus Nyumputkeun (Nyimpen)”.

Zéfanya 1:3

Catetan Handap

  • *

    Katingalina ieu téh barang atawa kagiatan nu aya patalina jeung berhala.

Zéfanya 1:5

Catetan Handap

  • *

    Harita, kalolobaan imah hateupna téh rata, siga loténg nu sok dipaké keur rupa-rupa kagiatan.

Zéfanya 1:7

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”nyucikeun”.

Zéfanya 1:10

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”bukit-bukit”.

Zéfanya 1:11

Catetan Handap

  • *

    Katingalina ieu téh hiji wilayah di Yérusalém, di deukeut Gerbang Lauk.

Zéfanya 1:15

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”awan”.

Zéfanya 1:17

Catetan Handap

  • *

    As. ”peujit”.

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
  • 18
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Zéfanya 1:1-18

Zéfanya

1 Dina jaman Yosia anak Amon jadi raja Yéhuda, Yéhuwa nepikeun firman-Na ka Zéfanya* anak Kusyi. Kusyi téh anak Gédalia, Gédalia téh anak Amaria, Amaria téh anak Hizkia.

 2 Yéhuwa nyarios, ”Kuring rék ngabasmi sagala rupa nu aya di bumi.”

 3 ”Kuring rék numpes manusa jeung sato,

Manuk di langit, lauk di laut,

Sarta jalma jahat jeung hal-hal nu matak pidosaeun.*

Kuring rék nyingkirkeun manusa ti bumi,” ucap Yéhuwa.

 4 ”Kuring rék ngahukum Yéhuda

Sarta ngalawan sakabéh penduduk Yérusalém.

Sésa-sésa ibadah ka Baal rék disingkirkeun ku Kuring.

Ngaran para imam allah asing jeung para imam palsu moal diinget-inget deui.

 5 Kuring gé rék nyingkirkeun saha waé nu naék ka hateup* imahna pikeun sujud ka béntang-béntang di langit,

Kitu deui nu sujud jeung sumpah satia ka Kuring, Yéhuwa,

Tapi ogé sumpah satia ka Déwa Malkam.

 6 Kuring, Yéhuwa, rék ngamusnakeun saha waé nu teu nurut deui ka Kuring

Sarta saha waé nu teu ménta bingbingan Kuring, Yéhuwa, atawa néangan pituduh Kuring.”

 7 Poéna Yéhuwa geus deukeut. Ku sabab kitu, sing jarempé hareupeun Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung.

Yéhuwa geus nyiapkeun kurban. Anjeunna gé geus ngageroan* jalma-jalma nu diondang ku Anjeunna.

 8 ”Dina poéan Kuring ngurban, Kuring, Yéhuwa, rék ngahukum para pajabat,

Anak-anak raja, jeung kabéh jalma nu maké baju bangsa séjén.

 9 Dina poé éta, Kuring rék ngahukum jalma-jalma nu naék ngadeukeutan tahta raja,

Nyaéta nu minuhan imah dununganana ku kajahatan jeung tipuan.”

10 Yéhuwa ngucap, ”Dina poé éta,

Bakal kadéngé sora tingjarerit ti Gerbang Lauk,

Sora ceurik auk-aukan ti Wilayah Anyar éta kota,

Jeung sora runtuh ngagulugur ti pasir-pasir.*

11 Éh maranéh penduduk Maktés,* geura careurik jejeritan,

Sabab kabéh padagang geus dimusnakeun,

Kabéh nu nimbang pérak geus dibinasakeun.

12 Dina éta mangsa, Kuring rék ngagaradah Yérusalém bari mawa lampu.

Kuring rék ngahukum jalma-jalma nu ngarasa sugema kana hirupna, nu ngomong kieu dina haténa,

’Yéhuwa moal ngalampahkeun nu hadé atawa nu jahat.’

13 Harta maranéhna bakal dirampas, imah-imahna bakal diburak-barik.

Maranéhna bakal ngabangun imah, tapi moal dicicingan ku maranéhna.

Maranéhna bakal nyieun kebon anggur, tapi moal nginum cianggurna.

14 Poé Yéhuwa nu hébat téh geus deukeut!

Poé éta geus deukeut, bakal gancang datangna!

Dina poé Yéhuwa, kadéngé sora nu pikasieuneun

Nepi ka prajurit gé ngajerit pegat harepan.

15 Poé éta téh poé amarah Kuring,

Poé kasusahan jeung kasangsaraan,

Poé angin ribut jeung kabinasaan,

Poé nu poék jeung ceudeum,

Poé nu pinuh ku méga* kandel jeung hideung,

16 Poéna jalma-jalma niup tarompét tanduk jeung tinggorowok

Rék merangan kota-kota nu dibénténgan jeung munara-munara laluhur nu aya di juru.

17 Kuring rék nyangsarakeun manusa

Nepi ka maranéhna leumpang kawas nu lolong,

Lantaran maranéhna geus dosa ka Kuring, Yéhuwa.

Getih maranéhna bakal ditincakan kawas kekebul,

Sarta daging* maranéhna kawas kokotor.

18 Sanajan barogaeun pérak jeung emas, maranéhna moal bisa salamet dina poé amarah Kuring, Yéhuwa.

Sakuliah bumi bakal béak kaduruk ku amarah Kuring nu kawas seuneu,

Sabab Kuring bakal ngadatangkeun kabinasaan nu sakitu hébatna ka sakabéh penduduk bumi.”

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun