Zéfanya
2 Éh bangsa anu teu boga kaéra,
Geura karumpul, sok karumpul.
2 Saacan putusan Allah dilaksanakeun,
Meungpeung masih kénéh aya waktu, da waktu téh kawas huut katiup angin,
Saacan amarah Yéhuwa ngagedur ka maranéh,
Saacan poé amarah Yéhuwa datang,
3 Sok téangan pituduh Yéhuwa, hé maranéh nu rendah haté* di bumi,
Nu ngajalankeun putusana-Na nu adil.
Pék lampahkeun nu bener, sing rendah haté.*
Sugan maranéh ditangtayungan dina poé amarah Yéhuwa.
4 Gaza moal bakal dicicingan deui ku saurang-urang acan,
Askélon bakal kosong taya jalmaan,
Penduduk Asdod bakal diusir pas tengah poé,
Sarta Ékron bakal dirabut.
5 ”Cilaka maranéh, éh urang Khéréti, nu cicing di basisir!
Yéhuwa geus mutuskeun rék ngahukum maranéh,
’Éh Kanaan, nagri urang Filistin, Kuring rék ngancurkeun manéh,
Supaya euweuh nu cicing di dinya.’
6 Basisir bakal jadi tegal jukut.
Di dinya gé aya sumur keur para pangangon jeung kandang batu keur domba-domba.
7 Éta bakal jadi daérahna urang Yéhuda nu saralamet.
Maranéhna bakal dalahar di dinya,
Sararé di imah-imahna urang Askélon ti peuting,
Sabab Yéhuwa Allah maranéhna bakal merhatikeun* maranéhna
Sarta ngumpulkeun kabéh nu ditawan.”
8 ”Kuring geus ngadéngé Moab moyok sarta Ammon ngahina umat Kuring.
Maranéhna moyokan jeung susumbar rék ngarebut tanah umat Kuring.”
9 Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga, Allahna Israél, ngucap kieu, ”Demi Kuring, Allah nu hirup,
Moab bakal jadi kawas Sodom,
Ammon bakal jadi kawas Gomora,
Tempat nu pinuh ku rungkun cucuk, nu taneuhna pinuh ku uyah sarta teu bisa dipelakan salilana.
Umat Kuring nu saralamet bakal ngajarah maranéhna,
Sarta nu harirup kénéh ti bangsa Kuring bakal ngarebut tanah maranéhna.
10 Tah, éta jatah keur nu adigung mah,
Sabab maranéhna geus ngagulkeun diri jeung ngahina ka umat milik Kuring, Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga.
11 Maranéhna ku Kuring, Yéhuwa, bakal disina sarieuneun,*
Sabab Kuring bakal ngamusnakeun kabéh allah nu aya di bumi.
Sakabéh bangsa nu aya di pulo-pulo bakal sarujud* ka Kuring,
Masing-masing ti tempatna.
12 Éh urang Étiopia, maranéh gé bakal dipaéhan ku pedang Kuring.
13 Kuring bakal ngangkat leungeun Kuring ka beulah kalér jeung ngancurkeun Asiria.
Kuring bakal ngalantarankeun Niniwé jadi kalantar, garing kawas gurun keusik.
14 Ingon-ingon, malahan sasatoan liar gé, bakal darepa di éta kota.
Ti peuting, manuk pelikan jeung landak bakal saré di antara pilar-pilarna nu geus rarubuh.
Dina jandéla, bakal kadéngé sora-sora.
Di lawang panto, bakal aya ruruntuhan.
Papan-papan kai aras gé bakal kapoé jeung kahujanan.
15 Tah, kitu pijadieunana kota nu pendudukna gumedé jeung ngarasa aman,
Nu ngomong dina haténa, ’Aing nu panghébatna, euweuh tandinganana.’
Ayeuna, saha waé nu ningali manéhna bakal sieuneun,
Sabab éta geus jadi tempat nyayangna sasatoan liar.
Saha waé nu ngaliwat ka dinya bakal ngahina jeung gogodeg.”*