Hagai
2 Dina poé ka-21 bulan ka-7, Yéhuwa nepikeun firman-Na ku perantaraan Nabi Hagai,+ kieu cenah, 2 ”Sok tanyakeun ka Zérubabél+ anak Syéaltiél, gubernur Yéhuda+ éta, ka Imam Agung Yosua+ anak Yéhozadak,+ jeung ka sakabéh rahayat: 3 ’Ti antara maranéh, saha nu pernah nempo sakumaha agréngna imah* Kuring nu baheula?+ Ari nu ayeuna kumaha? Nu ayeuna mah euweuh nanaonna, pan?’+
4 ”Yéhuwa ngucap kieu, ’Tapi ayeuna mah sing tabah, Zérubabél. Sing tabah, Imam Agung Yosua anak Yéhozadak.’
”Yéhuwa gé ngucap kieu, ’Sing tabah, sakabéh rahayat.+ Sok terus wéh digawé.’
”’Sabab Kuring nyarengan maranéh,’+ ucap Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga. 5 ’Sing inget kana jangji Kuring basa maranéh budal ti Mesir.+ Ti saprak harita, kawasa Kuring terus nungtun maranéh.+ Tong sieun.’”+
6 ”Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga, ’Sakeudeung deui, Kuring rék ngoyagkeun langit, bumi, laut, jeung daratan sakali deui.’+
7 ”’Kuring rék ngoyagkeun sakabéh bangsa, sarta harta bangsa-bangsa bakal asup ka ieu imah.+ Ieu imah ku Kuring bakal dipinuhan ku kamulyaan,’+ ucap Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga.
8 ”’Pérak téh nu Kuring, emas gé nu Kuring,’ kitu ucap Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga.
9 ”’Ieu imah engkéna bakal leuwih mulya tibatan nu saacanna,’+ ucap Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga.
”’Di ieu tempat, Kuring bakal méré katengtreman ka maranéh,’+ kitu ucap Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga.”
10 Dina taun kadua pamaréntahan Darius, nyaéta dina poé ka-24 bulan ka-9, Yéhuwa nepikeun firman-Na ku perantaraan Nabi Hagai,+ kieu cenah, 11 ”Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga, ’Sok tanyakeun ka para imam, naon nu ditulis dina hukum ngeunaan hal ieu:+ 12 ”Lamun aya jalma mawa daging nu suci* dina lipetan bajuna tuluy bajuna paantel jeung roti, sop, cianggur, minyak, atawa dahareun naon waé, éta dahareun bakal jadi suci ogé, kitu?”’”
Ku para imam dijawab, ”Henteu!”
13 Geus kitu Hagai nanya deui, ”Tah, ayeuna mun aya jalma nu jadi najis ku lantaran antel kana mayit, tuluy manéhna antel kana dahareun nu tadi, éta dahareun bakal jadi najis teu?”+
Ku para imam dijawab, ”Nya jadi najis.”
14 Hagai ngomong kieu, ”Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, ’Tah, keur Kuring mah ieu jalma-jalma jeung ieu bangsa téh kawas kitu, kitu ogé jeung sagala rupa nu dihasilkeun ku maranéhna. Naon waé nu dibaktikeun ku maranéhna téh najis.’
15 ”’Ti poé ieu nepi ka saterusna, pék pikirkeun kumaha hirup maranéh saacan bait Yéhuwa diwangun deui.+ 16 Kumaha kaayaanana? Waktu hiji jalma datang rék nyokot gandum, manéhna ngarepkeun meunang 20 karanjang, ari pék téh ngan meunang 10. Terus waktu hiji jalma datang ka tempat pameresan anggur, manéhna ngarepkeun meunang 50 botol cianggur, ari pék téh ngan meunang 20.+ 17 Sagala nu dipigawé ku maranéh téh ku Kuring diruksak ku angin panas, hama jamur,+ jeung hujan és. Sanajan kitu, euweuh saurang-urang acan nu balik ka Kuring,’ ucap Yéhuwa.
18 ”’Ti semet poé ieu nepi ka saterusna, nyaéta ti poé ka-24 bulan ka-9, ti semet pondasi bait Yéhuwa dipasang,+ pék pikirkeun ieu: 19 Aya kénéh binih di gudang?+ Tangkal anggur, ara, dalima, jeung zaitun can baruahan, pan? Tapi ti semet poé ieu, Kuring rék ngirimkeun berkah.’”+
20 Dina poé ka-24 bulan éta,+ Yéhuwa nepikeun deui firman-Na ka Hagai, kieu cenah, 21 ”Béjakeun ka Zérubabél, gubernur Yéhuda éta, ’Kuring rék ngoyagkeun langit jeung bumi.+ 22 Tahta raja-raja ku Kuring rék digulingkeun. Kawasa bangsa-bangsa ku Kuring rék dimusnakeun.+ Karéta-karéta perang jeung nu tarumpakna ku Kuring rék dijungkir-jungkirkeun. Kuda-kudana sina paraéh, nu tarumpakna sina silih paéhan ku pedang.’”+
23 ”Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga ngucap kieu, ’Hé Zérubabél+ anak Syéaltiél,+ hamba Kuring, manéh rék digunakeun ku Kuring dina poé éta.’ Yéhuwa ngucap kieu, ’Manéh ku Kuring rék dijadikeun kawas cingcin cap, sabab manéh nu dipilih ku Kuring.’ Tah, kitu kekecapan Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga.”