PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Bilangan 1
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Bilangan

      • Ngadaptar para lalaki jadi prajurit (1-46)

      • Urang Léwi teu didaptar jadi prajurit (47-51)

      • Aturan ngeunaan pakémahan (52-54)

Bilangan 1:1

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”tabernakel”.

Bilangan 1:3

Catetan Handap

  • *

    As. ”pasukan”.

Bilangan 1:4

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”pamingpin kulawarga ti pihak bapana”.

Bilangan 1:51

Catetan Handap

  • *

    Maksudna, nu lain ti kulawarga Harun.

Bilangan 1:52

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”nurutkeun bandérana masing-masing.”

  • *

    As. ”pasukanna”.

Bilangan 1:53

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”ngajaga; ngalalayanan di”.

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
  • 18
  • 19
  • 20
  • 21
  • 22
  • 23
  • 24
  • 25
  • 26
  • 27
  • 28
  • 29
  • 30
  • 31
  • 32
  • 33
  • 34
  • 35
  • 36
  • 37
  • 38
  • 39
  • 40
  • 41
  • 42
  • 43
  • 44
  • 45
  • 46
  • 47
  • 48
  • 49
  • 50
  • 51
  • 52
  • 53
  • 54
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Bilangan 1:1-54

Bilangan

1 Dina poé kahiji bulan kadua, dina taun kadua ti saprak urang Israél budal ti Mesir, Yéhuwa ngomong ka Musa di Tanah Gurun Sinai, di kémah tepangan.* Ceuk Anjeunna, 2 ”Itung sakumna jamaah Israél nurutkeun kaom jeung kulawarga pihak bapana. Jieun daptar ngaran sakabéh lalaki. 3 Manéh jeung Harun kudu ngadaptar sakabéh lalaki nu umurna 20 taun ka luhur, nu bisa jadi prajurit, nurutkeun kelompok* maranéhna.

4 ”Pilih hiji lalaki ti unggal kaom. Maranéhna bakal jadi pamingpin kaomna.* 5 Ieu ngaran lalaki-lalaki nu bakal ngabantu manéh: Ti kaom Rubén, Élizur anak Syédéur. 6 Ti kaom Siméon, Syélumiél anak Zurisyadai. 7 Ti kaom Yéhuda, Nahsyon anak Aminadab. 8 Ti kaom Isakhar, Nétanél anak Zuar. 9 Ti kaom Zébulon, Éliab anak Hélon. 10 Ti kaom Éfraim, Élisyama anak Amihud. Ti kaom Manasyé, Gamaliél anak Pédahzur. Éfraim jeung Manasyé téh turunan Yusuf. 11 Ti kaom Bényamin, Abidan anak Gidéoni. 12 Ti kaom Dan, Ahiézér anak Amisyadai. 13 Ti kaom Asyér, Pagiél anak Okhran. 14 Ti kaom Gad, Éliasaf anak Déuél. 15 Ti kaom Naftali, Ahira anak Énan. 16 Éta téh lalaki-lalaki nu dipilih ti antara jamaah. Maranéhna téh pamingpin kaom karuhunna, nu mingpin rébuan urang Israél.”

17 Jadi Musa jeung Harun ngageroan lalaki-lalaki nu geus dipilih ku Allah. 18 Dina poé kahiji bulan kadua, maranéhna ngumpulkeun sakumna jamaah supaya ngaran sakabéh lalaki nu umurna 20 taun ka luhur bisa didaptar nurutkeun kaom jeung kulawarga pihak bapana. 19 Kabéhanana ku Musa didaptar di Tanah Gurun Sinai, sakumaha paréntah Yéhuwa ka manéhna.

20 Kabéh lalaki turunan Rubén, anak cikalna Israél, ngaranna didaptar nurutkeun kaom jeung kulawarga pihak bapana. Kabéh lalaki nu umurna 20 taun ka luhur jeung bisa jadi prajurit diitung. 21 Nu didaptar ti kaom Rubén téh aya 46.500 urang.

22 Kabéh lalaki turunan Siméon, ngaranna didaptar nurutkeun kaom jeung kulawarga pihak bapana. Kabéh lalaki nu umurna 20 taun ka luhur jeung bisa jadi prajurit diitung. 23 Nu didaptar ti kaom Siméon téh aya 59.300 urang.

24 Kabéh lalaki turunan Gad, ngaranna didaptar nurutkeun kaom jeung kulawarga pihak bapana. Kabéh lalaki nu umurna 20 taun ka luhur jeung bisa jadi prajurit diitung. 25 Nu didaptar ti kaom Gad téh aya 45.650 urang.

26 Kabéh lalaki turunan Yéhuda, ngaranna didaptar nurutkeun kaom jeung kulawarga pihak bapana. Kabéh lalaki nu umurna 20 taun ka luhur jeung bisa jadi prajurit diitung. 27 Nu didaptar ti kaom Yéhuda téh aya 74.600 urang.

28 Kabéh lalaki turunan Isakhar, ngaranna didaptar nurutkeun kaom jeung kulawarga pihak bapana. Kabéh lalaki nu umurna 20 taun ka luhur jeung bisa jadi prajurit diitung. 29 Nu didaptar ti kaom Isakhar téh aya 54.400 urang.

30 Kabéh lalaki turunan Zébulon, ngaranna didaptar nurutkeun kaom jeung kulawarga pihak bapana. Kabéh lalaki nu umurna 20 taun ka luhur jeung bisa jadi prajurit diitung. 31 Nu didaptar ti kaom Zébulon téh aya 57.400 urang.

32 Kabéh lalaki turunan Yusuf ti Éfraim, ngaranna didaptar nurutkeun kaom jeung kulawarga pihak bapana. Kabéh lalaki nu umurna 20 taun ka luhur jeung bisa jadi prajurit diitung. 33 Nu didaptar ti kaom Éfraim téh aya 40.500 urang.

34 Kabéh lalaki turunan Manasyé, ngaranna didaptar nurutkeun kaom jeung kulawarga pihak bapana. Kabéh lalaki nu umurna 20 taun ka luhur jeung bisa jadi prajurit diitung. 35 Nu didaptar ti kaom Manasyé téh aya 32.200 urang.

36 Kabéh lalaki turunan Bényamin, ngaranna didaptar nurutkeun kaom jeung kulawarga pihak bapana. Kabéh lalaki nu umurna 20 taun ka luhur jeung bisa jadi prajurit diitung. 37 Nu didaptar ti kaom Bényamin téh aya 35.400 urang.

38 Kabéh lalaki turunan Dan, ngaranna didaptar nurutkeun kaom jeung kulawarga pihak bapana. Kabéh lalaki nu umurna 20 taun ka luhur jeung bisa jadi prajurit diitung. 39 Nu didaptar ti kaom Dan téh aya 62.700 urang.

40 Kabéh lalaki turunan Asyér, ngaranna didaptar nurutkeun kaom jeung kulawarga pihak bapana. Kabéh lalaki nu umurna 20 taun ka luhur jeung bisa jadi prajurit diitung. 41 Nu didaptar ti kaom Asyér téh aya 41.500 urang.

42 Kabéh lalaki turunan Naftali, ngaranna didaptar nurutkeun kaom jeung kulawarga pihak bapana. Kabéh lalaki nu umurna 20 taun ka luhur jeung bisa jadi prajurit diitung. 43 Nu didaptar ti kaom Naftali téh aya 53.400 urang.

44 Kabéhanana didaptar ku Musa, Harun, jeung 12 pamingpin Israél nu ngawakilan kaomna masing-masing. 45 Sakabéh urang Israél nu umurna 20 taun ka luhur jeung bisa jadi prajurit didaptar nurutkeun kulawarga pihak bapana. 46 Jumlah kabéhanana téh aya 603.550 urang.

47 Tapi, urang Léwi mah teu didaptar bareng jeung kaom-kaom séjénna. 48 Yéhuwa ngomong ka Musa, 49 ”Kaom Léwi mah ulah didaptar. Jumlah maranéhna ulah ditambahkeun ka jumlah urang Israél séjénna. 50 Tugaskeun urang Léwi pikeun ngurus tabernakel, nu di jerona aya dua papan batu, jeung sakabéh parabot tabernakel. Maranéhna nu bakal mawa tabernakel jeung sakabéh parabotna. Maranéhna gé bakal ngalalayanan di ditu jeung masang kémah di sakuriling tabernakel. 51 Upama tabernakelna rék dipindahkeun, urang Léwi nu kudu ngabongkarna. Upama tabernakelna rék diadegkeun deui, urang Léwi nu kudu masangna. Saha waé anu ngadeukeutan tempat suci, padahal manéhna lain imam,* kudu dipaéhan.

52 ”Urang Israél masing-masing kudu masang kémah di tempat nu geus ditangtukeun, nurutkeun rombongan tilu kaom,* nurutkeun kelompokna* masing-masing. 53 Urang Léwi kudu masang kémah di sakuriling tabernakel, nu di jerona aya dua papan batu. Ku kituna, Kuring moal ambek ka sakumna jamaah Israél. Urang Léwi kudu tanggung jawab pikeun ngurus* tabernakel, nu di jerona aya dua papan batu.”

54 Urang Israél ngalampahkeun sakabéh paréntah Yéhuwa nu ditepikeun ku Musa. Éta dilampahkeun percis sakumaha nu diparéntahkeun.

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun