PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Bilangan 2
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Bilangan

      • Kémah diatur nurutkeun rombongan tilu kaom (1-34)

        • Rombongan kaom Yéhuda masang kémah di beulah wétan (3-9)

        • Rombongan kaom Rubén masang kémah di beulah kidul (10-16)

        • Pakémahan urang Léwi aya di tengah-tengah (17)

        • Rombongan kaom Éfraim masang kémah di beulah kulon (18-24)

        • Rombongan kaom Dan masang kémah di beulah kalér (25-31)

        • Jumlah lalaki nu didaptar (32-34)

Bilangan 2:2

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”tanda”.

Bilangan 2:3

Catetan Handap

  • *

    As. ”pasukanna”.

Bilangan 2:10

Catetan Handap

  • *

    As. ”pasukanna”.

Bilangan 2:18

Catetan Handap

  • *

    As. ”pasukanna”.

Bilangan 2:25

Catetan Handap

  • *

    As. ”pasukanna”.

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
  • 18
  • 19
  • 20
  • 21
  • 22
  • 23
  • 24
  • 25
  • 26
  • 27
  • 28
  • 29
  • 30
  • 31
  • 32
  • 33
  • 34
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Bilangan 2:1-34

Bilangan

2 Tuluy Yéhuwa ngomong ka Musa jeung Harun, 2 ”Urang Israél kudu masang kémah di tempat nu geus ditangtukeun keur rombongan tilu kaom, nurutkeun bandéra* kulawarga pihak bapana. Maranéhna kudu masang kémah di sakuriling kémah tepangan, nyanghareup ka éta kémah tepangan.

3 ”Rombongan tilu kaom nu dipingpin ku kaom Yéhuda bakal masang kémah di beulah wétan, di arah panonpoé medal, nurutkeun kelompokna* masing-masing. Pamingpin kaom Yéhuda téh Nahsyon anak Aminadab. 4 Nu didaptarkeun jadi pasukan kaom Yéhuda téh aya 74.600 urang. 5 Kaom Isakhar bakal masang kémah di gigireunana. Pamingpin kaom Isakhar téh Nétanél anak Zuar. 6 Nu didaptarkeun jadi pasukan kaom Isakhar téh aya 54.400 urang. 7 Kaom Zébulon gé bakal masang kémah di gigireun kaom Yéhuda. Pamingpin kaom Zébulon téh Éliab anak Hélon. 8 Nu didaptarkeun jadi pasukan kaom Zébulon téh aya 57.400 urang.

9 ”Nu didaptarkeun di kelompok pasukan nu dipingpin ku kaom Yéhuda téh aya 186.400 urang. Upama urang Israél rék pindah, maranéhna nu kudu indit pangheulana.

10 ”Rombongan tilu kaom nu dipingpin ku kaom Rubén bakal masang kémah di beulah kidul, nurutkeun kelompokna* masing-masing. Pamingpin kaom Rubén téh Élizur anak Syédéur. 11 Nu didaptarkeun jadi pasukan kaom Rubén téh aya 46.500 urang. 12 Kaom Siméon bakal masang kémah di gigireunana. Pamingpin kaom Siméon téh Syélumiél anak Zurisyadai. 13 Nu didaptarkeun jadi pasukan kaom Siméon téh aya 59.300 urang. 14 Kaom Gad gé bakal masang kémah di gigireun kaom Rubén. Pamingpin kaom Gad téh Éliasaf anak Réuél. 15 Nu didaptarkeun jadi pasukan kaom Gad téh aya 45.650 urang.

16 ”Nu didaptarkeun di kelompok pasukan nu dipingpin ku kaom Rubén téh aya 151.450 urang. Upama urang Israél rék pindah, maranéhna nu kadua nu kudu indit.

17 ”Upama kémah tepangan rék dipindahkeun, urang Léwi kudu aya di tengah-tengah kelompok-kelompok séjénna.

”Urang Israél leumpangna kudu nurutkeun aturan nu sarua kawas waktu maranéhna masang kémah. Masing-masing kudu aya di tempatna, nurutkeun rombongan tilu kaom.

18 ”Rombongan tilu kaom nu dipingpin ku kaom Éfraim bakal masang kémah di beulah kulon, nurutkeun kelompokna* masing-masing. Pamingpin kaom Éfraim téh Élisyama anak Amihud. 19 Nu didaptarkeun jadi pasukan kaom Éfraim téh aya 40.500 urang. 20 Kaom Manasyé bakal masang kémah di gigireunana. Pamingpin kaom Manasyé téh Gamaliél anak Pédahzur. 21 Nu didaptarkeun jadi pasukan kaom Manasyé téh aya 32.200 urang. 22 Kaom Bényamin gé bakal masang kémah di gigireun kaom Éfraim. Pamingpin kaom Bényamin téh Abidan anak Gidéoni. 23 Nu didaptarkeun jadi pasukan kaom Bényamin téh aya 35.400 urang.

24 ”Nu didaptarkeun di kelompok pasukan nu dipingpin ku kaom Éfraim téh aya 108.100 urang. Upama urang Israél rék pindah, maranéhna nu katilu nu kudu indit.

25 ”Rombongan tilu kaom nu dipingpin ku kaom Dan bakal masang kémah di beulah kalér, nurutkeun kelompokna* masing-masing. Pamingpin kaom Dan téh Ahiézér anak Amisyadai. 26 Nu didaptarkeun jadi pasukan kaom Dan téh aya 62.700 urang. 27 Kaom Asyér bakal masang kémah di gigireunana. Pamingpin kaom Asyér téh Pagiél anak Okhran. 28 Nu didaptarkeun jadi pasukan kaom Asyér téh aya 41.500 urang. 29 Kaom Naftali gé bakal masang kémah di gigireun kaom Dan. Pamingpin kaom Naftali téh Ahira anak Énan. 30 Nu didaptarkeun jadi pasukan kaom Naftali téh aya 53.400 urang.

31 ”Nu didaptarkeun di kelompok pasukan nu dipingpin ku kaom Dan téh aya 157.600 urang. Upama urang Israél rék pindah, maranéhna nu pangpandeurina nu kudu indit, nurutkeun rombongan tilu kaom.”

32 Tah, éta urang Israél nu didaptar nurutkeun kulawarga pihak bapana. Kabéh nu bisa jadi prajurit téh aya 603.550 urang. 33 Tapi urang Léwi mah teu didaptar bareng jeung urang Israél séjénna, sakumaha paréntah Yéhuwa ka Musa. 34 Tah, éta nu kudu dilampahkeun ku urang Israél upama maranéhna rék masang kémah atawa pindah, nyaéta kudu nurutkeun rombongan tilu kaom, nurutkeun kaomna jeung kulawarga pihak bapana. Urang Israél ngalampahkeun kabéh nu diparéntahkeun ku Yéhuwa ka Musa.

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun