PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Bilangan 12
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Bilangan

      • Miryam jeung Harun nangtang Musa (1-3)

        • Musa téh jalma nu paling lemah lembut (3)

      • Yéhuwa ngabéla Musa (4-8)

      • Miryam keuna kusta (9-16)

Bilangan 12:3

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”rendah haté, leuwih-leuwih ti jalma séjén”.

Bilangan 12:5

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”tihang awan”.

Bilangan 12:7

Catetan Handap

  • *

    As. ”Di saeusi imah Kuring, manéhna kabukti satia”.

Bilangan 12:8

Catetan Handap

  • *

    As. ”ngomong biwir jeung biwir ka”.

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Bilangan 12:1-16

Bilangan

12 Miryam jeung Harun ngagogoréng Musa lantaran Musa kawin jeung urang Kus. 2 Ceuk maranéhna, ”Mémangna Yéhuwa ngomong ku perantaraan Musa hungkul? Ku perantaraan urang duaan ogé, pan?” Omongan maranéhna didéngé ku Yéhuwa. 3 Musa téh jalma nu paling lemah lembut, taya tandingna* di sakuliah bumi.

4 Geus kitu, Yéhuwa ujug-ujug ngomong ka Musa, Harun, jeung Miryam, ”Maranéh tiluan, jung arindit ka kémah tepangan.” Bral tiluanana arindit. 5 Terus, Yéhuwa turun dina tihang méga* jeung ngadeg di lawang asup kémah tepangan. Anjeunna ngageroan Harun jeung Miryam, seug duanana maju. 6 Ceuk Allah, ”Yeuh, déngékeun omongan Kuring. Lamun di antara maranéh aya nabi Yéhuwa, Kuring bakal méré nyaho manéhna ngeunaan Kuring dina titingalian sarta ngomong ka manéhna dina impian. 7 Tapi ka Musa hamba Kuring mah teu kitu. Sakabéh umat Kuring geus dipercayakeun ka manéhna.* 8 Kuring, Yéhuwa, ngomong langsung jeung* Musa sabalakana jeung sajéntré-jéntréna, malah Kuring geus némbongan ka manéhna. Jadi, naha maranéh bet wawanianan ngagogoréng Musa hamba Kuring?”

9 Yéhuwa kacida ambekna ka maranéhna, tuluy Anjeunna indit. 10 Méga téh nyingkah ti kémah tepangan. Dak dumadak Miryam keuna ku kusta, kulitna jadi bodas kawas salju. Barang ngalieuk ka Miryam, Harun ningali Miryam keuna ku kusta. 11 Harun langsung ngalengis ka Musa, ”Aduh, Juragan! Abdi duaan ulah dihukum gara-gara ieu dosa. Abdi duaan téh mémang bodo. 12 Tulungan, si Ceuceu ulah dugi ka sapertos orok nu maot ti barang dijurukeun, anu dagingna parantos satengah buruk.” 13 Seug Musa sasambat ka Yéhuwa, ”Nun Allah, mugia si Ceuceu dicageurkeun ku Gusti.”

14 Yéhuwa ngajawab Musa, ”Lamun beungeutna diciduhan ku bapana, manéhna bakal diéra-éra salila tujuh poé, pan? Keun wéh manéhna sina dikarantina tujuh poé di luar pakémahan, sanggeus kitu kakara manéhna meunang balik.” 15 Jadi, Miryam dikarantina tujuh poé di luar pakémahan. Éta bangsa henteu pindah nepi ka Miryam balik deui. 16 Sanggeus kitu, kakara éta bangsa indit ti Hazérot tuluy masang kémah di Tanah Gurun Paran.

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun