Bilangan
15 Geus kitu Yéhuwa méré paréntah ka Musa, 2 ”Béjakeun kieu ka urang Israél, ’Waktu maranéh ahirna asup ka tanah nu rék dibikeun ku Kuring pikeun dicicingan, 3 tuluy maranéh ngabaktikeun sapi, domba, atawa embé pikeun jadi kurban nu dibeuleum keur Yéhuwa supaya seungitna nyukakeun Yéhuwa, teu sual éta téh kurban beuleuman, kurban keur ikrar husus, kurban sukaréla, atawa kurban dina perayaan-perayaan, 4 maranéh gé kudu ngabaktikeun kurban kadaharan ka Yéhuwa, nyaéta tipung lemes 2,2 liter* nu dicampur ku minyak kira-kira saliter.* 5 Baktikeun ogé kurban inuman, nyaéta cianggur kira-kira saliter* waktu nyanggakeun kurban beuleuman atawa unggal ngurbankeun hiji anak domba jalu. 6 Tapi unggal ngurbankeun hiji domba jalu, baktikeun ogé kurban kadaharan, nyaéta tipung lemes 4,4 liter* nu dicampur ku minyak kira-kira hiji saparapat liter.* 7 Salian ti éta, baktikeun ogé kurban inuman, nyaéta cianggur kira-kira hiji saparapat liter,* nu seungitna nyukakeun Yéhuwa.
8 ”’Lamun nu dibaktikeun téh hiji sapi jalu keur kurban beuleuman, kurban keur ikrar husus, atawa kurban karukunan ka Yéhuwa, 9 baktikeun ogé kurban kadaharan, nyaéta tipung lemes 6,6 liter* nu dicampur ku minyak kira-kira 2 liter.* 10 Terus baktikeun ogé kurban inuman, nyaéta cianggur kira-kira 2 liter pikeun jadi kurban nu dibeuleum, nu seungitna nyukakeun Yéhuwa. 11 Éta téh panambah unggal ngurbankeun hiji sapi jalu, atawa domba jalu, atawa anak domba jalu, atawa embé. 12 Teu sual sakumaha loba satona, éta panambah keur unggal sato nu dikurbankeun. 13 Kitu carana lamun urang Israél rék ngabaktikeun kurban nu dibeuleum nu seungitna nyukakeun Yéhuwa.
14 ”’Lamun aya urang asing, boh nu geus lila cicing di antara maranéh boh nu cicingna ngan saheulaanan, rék ngabaktikeun kurban nu dibeuleum nu seungitna nyukakeun Yéhuwa, aturanana sarua. 15 Aturan keur maranéh jeung urang asing nu cicing di antara maranéh téh sarua. Éta aturan nu kudu terus dijalankeun ku maranéh jeung turunan maranéh sapapanjangna. Dina pandangan Yéhuwa, urang asing jeung maranéh téh sarua. 16 Boh keur maranéh boh keur urang asing nu cicing di antara maranéh, hukum jeung aturanana téh sarua.”’
17 Tuluy ceuk Yéhuwa ka Musa, 18 ”Béjakeun kieu ka urang Israél, ’Waktu maranéh asup ka tanah nu rék dibikeun ku Kuring, 19 tuluy maranéh ngadahar hasil tanah* di dinya, maranéh kudu méré sumbangan ka Yéhuwa. 20 Maranéh kudu méré sumbangan tina hasil panén nu mimiti, nyaéta tipung kasar anu dijieun roti nu bentukna siga geulang. Cara ngabaktikeunana kudu sarua jeung cara ngabaktikeun sumbangan ti tempat ngirik.* 21 Hasil panén nu mimiti, nyaéta tipung kasar, kudu disumbangkeun sawaréh ka Yéhuwa. Éta kudu dijalankeun ku maranéh jeung turunan maranéh.
22 ”’Lamun maranéh salah atawa ngalanggar paréntah Yéhuwa nu ditepikeun ku Musa, 23 nyaéta sakabéh paréntah Yéhuwa nu ditepikeun ku Musa, nu kudu dijalankeun saterusna ku maranéh jeung turunan maranéh ti saprak éta diucapkeun ku Yéhuwa, 24 lamun kasalahanana téh teu kahaja jeung saacanna euweuh nu sadar yén éta téh salah, sakumna jamaah kudu ngabaktikeun hiji sapi jalu ngora pikeun jadi kurban beuleuman nu seungitna nyukakeun Yéhuwa. Éta kudu dibaktikeun bareng jeung kurban kadaharan sarta kurban inuman sakumaha biasana. Salian ti éta, baktikeun ogé embé ngora pikeun jadi kurban pangampura dosa. 25 Imam kudu mangméntakeun pangampura keur sakumna jamaah Israél. Dosa maranéhna bakal dihampura, lantaran éta teu kahaja. Maranéhna geus ngabaktikeun kurban nu dibeuleum ka Yéhuwa. Maranéhna gé geus ngabaktikeun kurban pangampura dosa di hareupeun Yéhuwa keur kasalahan maranéhna. 26 Sakumna jamaah Israél jeung urang asing anu cicing di antara maranéhna bakal dihampura, sabab éta téh kasalahan nu teu kahaja.
27 ”’Lamun aya nu teu kahaja nyieun dosa, manéhna kudu ngabaktikeun hiji embé bikang nu umurna sataun atawa kurang pikeun jadi kurban pangampura dosa. 28 Imam bakal mangméntakeun pangampura keur éta jalma nu teu kahaja nyieun dosa di hareupeun Yéhuwa. Ku sabab geus dipangméntakeun pangampura, dosana bakal dihampura. 29 Lamun aya nu teu kahaja nyieun dosa, boh urang Israél boh urang asing nu cicing di antara maranéhna, hukumna téh sarua.
30 ”’Tapi lamun aya nu ngahaja nyieun dosa, rék urang Israél rék urang asing, manéhna kudu dipaéhan lantaran geus ngahina Yéhuwa. 31 Manéhna kudu dipaéhan téh lantaran nyapirakeun kekecapan Yéhuwa jeung ngalanggar paréntah-Na. Manéhna paéh ku sabab kasalahanana sorangan.’”
32 Waktu urang Israél keur aya di tanah gurun, aya hiji lalaki nu kanyahoan ku jalma-jalma keur ngala suluh dina poé Sabat. 33 Éta jalma ku maranéhna dibawa ka Musa, Harun, jeung sakumna jamaah. 34 Éta lalaki ditahan heula lantaran tacan nyaho kudu dikumahakeun.
35 Tuluy Yéhuwa maréntahkeun ka Musa, ”Éta lalaki kudu dipaéhan. Sakumna jamaah kudu ngabalédogan manéhna ku batu nepi ka paéh di luar pakémahan.” 36 Jadi, manéhna dibawa ka luareun pakémahan ku sakumna jamaah tuluy dibalédogan ku batu nepi ka paéh, sakumaha paréntah Yéhuwa ka Musa.
37 Geus kitu Yéhuwa ngomong kieu ka Musa, 38 ”Béjakeun ka urang Israél yén maranéhna turun-tumurun kudu nyieun rumbé-rumbé dina tungtung baju bagian handap. Luhureun rumbé-rumbéna, kaputan maké benang biru salambar. 39 Éta rumbé-rumbé téh kudu dipasang sangkan katingali ku maranéh, ku kituna maranéh bakal inget kana sagala paréntah Yéhuwa tuluy ngajalankeunana. Ulah nuturkeun kahayang haté jeung panon, sabab mun kitu, maranéh bakal ngahianat ka Kuring.* 40 Éta téh supaya maranéh inget, ngajalankeun sakabéh paréntah Kuring, jeung jadi suci keur Allah maranéh. 41 Kuring téh Yéhuwa Allah maranéh, nu mawa maranéh budal ti Mesir pikeun ngabuktikeun yén Kuring téh Allah maranéh. Kuring téh Yéhuwa Allah maranéh.”