PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Bilangan 17
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Bilangan

      • Tongkat Harun sirungan (1-13)

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Bilangan 17:1-13

Bilangan

17 Yéhuwa ngomong ka Musa, 2 ”Béjakeun ka urang Israél sina mawa 12 iteuk, hiji iteuk ti unggal kaom, ti unggal pamingpin kaom. Tulis ngaran unggal pamingpin kaom dina unggal iteuk. 3 Tulis ngaran Harun dina iteukna kaom Léwi. Unggal pamingpin kaom kudu boga hiji iteuk. 4 Simpen kabéh iteuk éta di kémah tepangan hareupeun peti perjangjian, tempat Kuring biasana manggihan maranéh. 5 Iteukna jalma nu dipilih ku Kuring bakal sirungan. Kuring bakal ngeureunkeun kukulutusna urang Israél ka Kuring jeung ka maranéh.”

6 Jadi, éta ditepikeun ku Musa ka urang Israél. Ku kituna, para pamingpin kaom méré iteuk. Unggal pamingpin méré hiji iteuk, jadi kabéhanana aya 12. Iteuk Harun gé aya di dinya. 7 Geus kitu, kabéh iteuk téh ku Musa disimpen hareupeun Yéhuwa, di kémah tempat peti perjangjian.

8 Isukna Musa asup ka kémah tempat peti perjangjian, ari pék téh iteukna Harun nu ngawakilan kaom Léwi téh sirungan, kembangan, jeung buahan, nyaéta buah almond nu geus asak! 9 Geus kitu, sakabéh iteuk nu aya di hareupeun Yéhuwa ku Musa dibawa kaluar, ditémbongkeun ka sakabéh urang Israél, tuluy ditingali ku maranéhna. Sanggeus kitu, unggal pamingpin kaom nyokot iteukna masing-masing.

10 Ti dinya Yéhuwa ngomong deui ka Musa, ”Iteukna Harun teundeun deui hareupeun peti perjangjian. Éta bakal jadi tanda paringetan keur jalma-jalma nu sok barontak. Ku kituna, maranéhna moal kukulutus deui ka Kuring jeung moal tiwas.” 11 Éta langsung dilampahkeun ku Musa, percis sakumaha nu diparéntahkeun ku Yéhuwa ka manéhna.

12 Geus kitu urang Israél ngomong ka Musa, ”Abdi sadaya bakal tiwas, abdi sadaya bakal musna, pasti musna! 13 Jalma nu deukeut-deukeut ka tabernakel Yéhuwa pasti tiwas. Jadi, abdi sadaya téh bakal tiwas?”

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun