PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Bilangan 32
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Bilangan

      • Pamatuhan di wétaneun Yordan (1-42)

Bilangan 32:9

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”Wadi”.

Bilangan 32:34

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”ngabangun deui”.

Bilangan 32:41

Catetan Handap

  • *

    Hartina ”Kampung-Kampung Pakémahan Yair”.

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
  • 18
  • 19
  • 20
  • 21
  • 22
  • 23
  • 24
  • 25
  • 26
  • 27
  • 28
  • 29
  • 30
  • 31
  • 32
  • 33
  • 34
  • 35
  • 36
  • 37
  • 38
  • 39
  • 40
  • 41
  • 42
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Bilangan 32:1-42

Bilangan

32 Turunan Rubén jeung turunan Gad boga ingon-ingon nu kacida lobana. Maranéhna nempo tanah di Yazér jeung Giléad téh alus keur ingon-ingon. 2 Jadi maranéhna ngadep Musa, Imam Éléazar, jeung para pamingpin jamaah, seug ngomong kieu, 3 ”Atarot, Dibon, Yazér, Nimra, Hésbon, Éléalé, Sébam, Nébo, sareng Béon téh 4 wilayah nu ditalukkeun ku Yéhuwa demi jamaah Israél. Éta tanah téh saé kanggo ingon-ingon. Hamba-hamba Juragan ieu gaduh seueur ingon-ingon.” 5 Tuluy maranéhna ngomong deui, ”Upami Juragan kersa, hamba-hamba Juragan ieu badé nyuhunkeun ieu wilayah jadi tanah milik. Mugia abdi-abdi henteu dipiwarang meuntasan Walungan Yordan.”

6 Musa ngajawab kieu ka turunan Gad jeung turunan Rubén, ”Dulur-dulur maranéh téh rék maraju perang, ari maranéh rék cicing waé di dieu? 7 Naha maranéh téh ngaleuleutik haté urang Israél? Atuh engké maranéhna arembungeun meuntas ka tanah nu rék dibikeun ku Yéhuwa ka maranéhna. 8 Tah, baheula gé kalakuan karuhun maranéh téh kitu basa kuring ngutus maranéhna ti Kadés-barnéa sina mariksa éta tanah. 9 Waktu nepi ka Lebak* Éskol, éta tanah téh ditilik-tilik ku maranéhna, terus maranéhna kalah ka ngaleuleutik haté urang Israél. Nu matak, urang Israél teu daékeun indit ka tanah nu rék dibikeun ku Yéhuwa ka maranéhna. 10 Tah ku sabab éta, harita Yéhuwa kacida ambekna. Anjeunna nepi ka sumpah kieu, 11 ’Nu umurna 20 taun ka luhur basa budal ti Mesir, saurang gé moal aya nu nempo tanah nu dijangjikeun ku Kuring maké sumpah ka Ibrahim, Ishak, jeung Yakub, sabab maranéhna teu nurut ka Kuring ku sapinuhna haté. 12 Nu bisa nempo éta tanah téh ngan Kaléb anak Yéfuné urang Kénaz jeung Yosua anak Nun, sabab maranéhna mah nurut ka Yéhuwa ku sapinuhna haté.’ 13 Harita, Yéhuwa ambek pisan ka Israél. Matakna, urang Israél disina kukulibekan di tanah gurun salila 40 taun, nepi ka jalma-jalma nu barontak éta paraéh kabéh. 14 Tah, maranéh téh teu béda ti karuhun maranéh, jalma-jalma doraka. Kalakuan maranéh ieu téh bakal beuki ngagedurkeun amarah Yéhuwa ka urang Israél. 15 Mun maranéh teu nurut ka Anjeunna, ieu bangsa pasti ditinggalkeun deui di tanah gurun. Gara-gara maranéh, ieu bangsa bakal binasa.”

16 Sanggeus éta, turunan Gad jeung turunan Rubén ngadep deui ka Musa tuluy ngomong kieu, ”Idinan abdi sadaya ngadamel kandang-kandang batu kanggo ingon-ingon sarta ngabangun kota-kota kanggo barudak abdi sadaya. 17 Tapi, abdi sadaya mah bakal tetep ngiring perang. Abdi sadaya bakal maju pangpayunna nepi ka urang Israél ngarebut éta tanah. Ari barudak abdi mah keun sina matuh di kota-kota nu dibénténgan, sangkan aman tina gangguan penduduk éta tanah. 18 Abdi sadaya moal waka marulang nepi ka unggal urang Israél meunang tanah warisanana masing-masing. 19 Abdi sadaya moal nyandak tanah warisan peuntaseun Walungan Yordan, sabab abdi sadaya tos narima tanah warisan di beulah wétan Walungan Yordan.”

20 Musa némbalan, ”Ieu nu kudu dilampahkeun ku maranéh: Maranéh kabéh kudu siap perang sakumaha paréntah Yéhuwa 21 sarta meuntasan Walungan Yordan pikeun perang demi Yéhuwa. Engké sanggeus Anjeunna nyingkirkeun musuh-musuh-Na ti payuneun Anjeunna, 22 sarta éta tanah geus ditalukkeun payuneun Yéhuwa, kakara maranéh meunang balik. Maranéh moal dianggap salah ku Yéhuwa jeung ku urang Israél. Salian ti éta, ieu tanah bisa dijadikeun milik ku maranéh. 23 Tapi mun maranéh embung ngalampahkeun éta, maranéh dosa ka Yéhuwa jeung bakal nanggung balukarna. 24 Heug ayeuna mah mun rék ngadegkeun kota-kota keur barudak jeung nyieun kandang-kandang keur ingon-ingon, tapi jangji maranéh kudu ditedunan.”

25 Turunan Gad jeung turunan Rubén ngomong kieu ka Musa, ”Hamba-hamba Juragan ieu bakal ngalaksanakeun paréntah Juragan. 26 Barudak, bojo, ingon-ingon, sareng sato piaraan sina di darieu, di kota-kota Giléad. 27 Ari abdi sadaya mah badé meuntasan Walungan Yordan, badé ngiring perang demi Yéhuwa, sakumaha nu diparéntahkeun ku Juragan.”

28 Jadi, Musa méré paréntah kieu ka Imam Éléazar, Yosua anak Nun, jeung para pamingpin kaom Israél ti pihak bapa, 29 ”Lamun turunan Gad jeung turunan Rubén meuntasan Walungan Yordan bareng jeung maranéh, terus maranéhna perang demi Yéhuwa, sarta maranéh kabéh nalukkeun éta tanah, bikeun tanah Giléad ka maranéhna. 30 Tapi mun maranéhna henteu maju perang, teu milu meuntas jeung maranéh, maranéhna kudu matuh di tanah Kanaan bareng jeung maranéh.”

31 Turunan Gad jeung turunan Rubén némbalan, ”Abdi sadaya badé ngalaksanakeun naon waé nu diparéntahkeun ku Yéhuwa. 32 Abdi sadaya badé maju perang, badé ngiring meuntas ka tanah Kanaan demi Yéhuwa. Tapi, tanah warisan abdi sadaya mah di sisi Walungan Yordan beulah dieu.” 33 Ti dinya, kota-kota jeung tanah di wilayah karajaan Sihon raja urang Amori jeung wilayah karajaan Og raja Basyan, kitu deui kota-kota di sakurilingna, ku Musa dibikeun ka turunan Gad, turunan Rubén, jeung satengah kaom Manasyé anak Yusuf.

34 Geus kitu, turunan Gad ngabangun* Dibon, Atarot, Aroér, 35 Atrot-syofan, Yazér, Yogbéha, 36 Bét-nimra, jeung Bét-haran. Éta kabéh téh kota-kota nu dibénténgan. Maranéhna gé nyieun kandang-kandang batu keur ingon-ingon. 37 Ari turunan Rubén ngabangun Hésbon, Éléalé, Kiriataim, 38 Nébo, Baal-méon (ngaran kota-kota ieu geus dirobah), jeung Sibma. Ngaran kota-kota nu dibangun deui téh ku maranéhna dirobah.

39 Turunan Makhir anak Manasyé nyerang jeung ngarebut Giléad. Terus, urang Amori nu maratuh di dinya dialusiran. 40 Tuluy, tanah Giléad ku Musa dibikeun ka turunan Makhir anak Manasyé, seug maranéhna maratuh di dinya. 41 Yair anak Manasyé nyerang jeung ngarebut kampung-kampung pakémahan Giléad. Geus kitu, éta tempat dingaranan Hawot-yair.* 42 Nobah gé nyerang sarta ngarebut Kénat jeung kota-kota sakurilingna, seug éta tempat dingaranan Nobah, maké ngaranna sorangan.

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun