Nu Ditulis ku Matius
1 Ieu téh buku nu nyaritakeun kahirupan* Isa Al-Masih.* Anjeunna téh turunan Daud,+ turunan Ibrahim.+ Ieu daptar karuhunna:
Ishak téh bapana Yakub.+
Yakub téh bapana Yéhuda+ jeung dulur-dulurna nu lalaki.
3 Yéhuda téh bapana Péréz jeung Zérah,+ indung maranéhna téh Tamar.
Péréz téh bapana Hézron.+
Hézron téh bapana Ram.+
4 Ram téh bapana Aminadab.
Aminadab téh bapana Nahsyon.+
Nahsyon téh bapana Salmon.
5 Salmon téh bapana Boaz, indungna Boaz téh Rahab.+
Boaz téh bapana Obéd, indungna Obéd téh Rut.+
Obéd téh bapana Isai.+
Daud téh bapana Sulaéman,+ indungna Sulaéman téh baheulana pamajikan Uria.
7 Sulaéman téh bapana Réhoboam.+
Réhoboam téh bapana Abiya.
Abiya téh bapana Asa.+
Yéhosyafat téh bapana Yéhoram.+
Yéhoram téh bapana Uzzia.
Yotam téh bapana Ahaz.+
Ahaz téh bapana Hizkia.+
10 Hizkia téh bapana Manasyé.+
Manasyé téh bapana Amon.+
Amon téh bapana Yosia.+
11 Yosia+ téh bapana Yékonia+ jeung dulur-dulurna nu lalaki, nu lahir di pangbuangan di Babilon.+
12 Waktu aya di pangbuangan di Babilon, Yékonia boga budak nu dibéré ngaran Syéaltiél.
Syéaltiél téh bapana Zérubabél.+
13 Zérubabél téh bapana Abiud.
Abiud téh bapana Éliakim.
Éliakim téh bapana Azor.
14 Azor téh bapana Zadok.
Zadok téh bapana Akhim.
Akhim téh bapana Éliud.
15 Éliud téh bapana Éléazar.
Éléazar téh bapana Mattan.
Mattan téh bapana Yakub.
16 Yakub téh bapana Yusuf, salakina Maryam. Maryam ngalahirkeun Isa+ nu disebut Al-Masih.+
17 Jadi, ti Ibrahim nepi ka Daud aya 14 turunan, ti Daud nepi ka pangbuangan di Babilon aya 14 turunan, ti pangbuangan di Babilon nepi ka Al-Masih aya 14 turunan.
18 Carita lahirna Isa Al-Masih téh siga kieu: Harita, Maryam jeung Yusuf geus tunangan. Tapi saacan maranéhna kawin, Maryam geus ngandung ku lantaran kawasa suci.*+ 19 Ku sabab Yusuf salakina* téh jalma bener, manéhna embung Maryam dipandang goréng ku batur. Jadi, manéhna cicing-cicing rék nyerahkeun Maryam.+ 20 Sanggeus Yusuf mikirkeun hal ieu, aya malaikat Yéhuwa* nu datang ka manéhna dina impian terus ngomong kieu, ”Yusuf, turunan Daud, tong asa-asa kawin jeung Maryam, sabab nu dikandung ku manéhna téh hasil tina kawasa suci.+ 21 Maryam bakal ngalahirkeun anak lalaki. Ku anjeun kudu dibéré ngaran Isa,*+ lantaran anjeunna bakal nyalametkeun jalma-jalma tina dosa.”+ 22 Ieu kabéh téh bener-bener kajadian supaya naon nu diucapkeun ku Yéhuwa* ku jalan nabi-Na laksana, 23 ”Éta parawan bakal ngandung tuluy ngajurukeun hiji anak lalaki, ku maranéhna bakal dingaranan Imanuél,”+ nu hartina ”Allah Nyarengan Urang”.+
24 Geus kitu Yusuf hudang, seug ngalampahkeun paréntah malaikat Yéhuwa.* Manéhna kawin jeung Maryam. 25 Tapi, Yusuf teu ngalakukeun hubungan séks jeung Maryam nepi ka Maryam ngalahirkeun anak lalaki+ nu dingaranan Isa.+