Nu Ditulis ku Matius
2 Isa lahir di Bétléhém+ di Yudéa dina jaman Hérodés*+ jadi raja. Geus kitu, para ahli béntang ti Wétan datang ka Yérusalém. 2 Maranéhna nanya, ”Raja urang Yahudi+ nu kakara lahir téh aya di mana? Abdi sadaya ningali béntangna di Wétan, jadi abdi sadaya datang badé sujud ka anjeunna.” 3 Barang ngadéngé kitu, Raja Hérodés jadi guligah, kitu ogé kabéh jalma di Yérusalém. 4 Manéhna ngumpulkeun kabéh imam kapala jeung ahli Torét, tuluy nanyakeun Al-Masih* téh bakal lahir di mana. 5 Maranéhna ngajawab, ”Di Bétléhém+ di Yudéa, sabab para nabi nulis kieu, 6 ’Hé Bétléhém di tanah Yéhuda, sakuduna manéh téh teu disapirakeun ku para pangawasa Yéhuda, sabab ti manéh bakal muncul hiji pangawasa nu bakal mingpin Israél, umat Kuring.’”+
7 Sanggeusna, Hérodés cicing-cicing ngageroan para ahli béntang éta tuluy mastikeun iraha mimitina éta béntang muncul. 8 Geus kitu, manéhna nitah para ahli béntang indit ka Bétléhém. Ceuk manéhna, ”Sok angkat ka ditu, pilarian budakna. Engké upami tos kapendak, ngalapor deui ka abdi. Abdi gé hoyong ka ditu, badé sujud ka anjeunna.” 9 Ngadéngé éta paréntah, bral maranéhna indit. Ari pék téh béntang nu katingali di Wétan+ téa maju miheulaan maranéhna, reg eureun di tempat éta budak. 10 Maranéhna mani bungah pisan ningali éta béntang. 11 Waktu asup ka éta imah, maranéhna ningali éta budak jeung Maryam indungna. Brek maranéhna sujud ka éta budak. Maranéhna muka kotak harta, tuluy éta budak dibéré hadiah emas, menyan, jeung emur.* 12 Geus kitu, maranéhna balik ka nagri asalna tapi ngaliwatan jalan séjén, lantaran dina impian,+ Allah ngalarang maranéhna balik deui ka Hérodés.
13 Sanggeus maranéhna indit, malaikat Yéhuwa* némbongan ka Yusuf dina impian.+ Ceuk manéhna, ”Geura hudang! Hérodés téh keur néangan budak anjeun, rék dipaéhan! Bawa kabur éta budak jeung indungna ka Mesir. Cicing heula di ditu, engké ku kuring dibéjaan deui.” 14 Koréjat Yusuf hudang. Peuting éta kénéh, manéhna mawa éta budak jeung indungna kabur ka Mesir. 15 Manéhna cicing di ditu nepi ka Hérodés maot. Ku kituna, naon nu disebutkeun ku Yéhuwa* ku jalan nabi-Na jadi kanyataan, ”Putra Kuring digeroan sina kaluar ti Mesir.”+
16 Hérodés ngarasa dibobodo ku para ahli béntang. Manéhna kacida ambekna, tuluy méré paréntah ka para prajuritna pikeun maéhan kabéh budak lalaki nu aya di Bétléhém jeung sakurilingna, nu umurna dua taun ka handap, sakumaha nu dijelaskeun ku para ahli béntang.+ 17 Ku kituna, naon nu disebutkeun ku Nabi Yérémia jadi kanyataan, 18 ”Di Rama, kadéngé sora ceurik jejeritan. Éta téh Rakhél,+ nu keur nyeungceurikan barudakna. Manéhna embung diupahan sabab kabéh barudakna geus maraot.”+
19 Sanggeus Hérodés maot, malaikat Yéhuwa* némbongan ka Yusuf di Mesir dina impian.+ 20 Éta malaikat ngomong kieu, ”Hudang, sok bawa éta budak jeung indungna balik ka nagri Israél, sabab jalma-jalma nu rék maéhan éta budak geus paraéh.” 21 Seug Yusuf hudang tuluy mawa éta budak jeung indungna balik ka nagri Israél. 22 Tapi waktu ngadéngé yén Arkhélaus jadi raja Yudéa ngaganti Hérodés bapana, Yusuf sieuneun. Dina impian gé, Allah ngalarang manéhna indit ka ditu.+ Jadi, Yusuf indit ka daérah Galiléa.+ 23 Manéhna nepi ka hiji kota nu ngaranna Nazarét tuluy cicing di ditu.+ Ku kituna, naon nu disebutkeun ku para nabi téh jadi kanyataan, ”Manéhna* bakal disebut urang Nazarét.”*+