Nu Ditulis ku Matius
11 Sanggeus Isa bérés méré pituduh ka 12 muridna, manéhna indit ka kota-kota deukeut dinya pikeun ngajar jeung ngawawar.
2 Yahya nu keur di panjara ngadéngé sagala nu dilakukeun ku Al-Masih. Manéhna nitah murid-muridna 3 nanya ka Isa, ”Ari anjeun téh Pribadi nu dijangjikeun téa, atawa urang kudu ngadagoan nu séjén?” 4 Isa ngajawab, ”Béjakeun ka Yahya naon nu didéngé jeung nu ditingali ku maranéh: 5 Nu lolong jadi bisa ningali, nu lumpuh jadi bisa leumpang, nu kusta jadi cageur, nu torék jadi bisa ngadéngé, nu maot dihirupkeun deui, jeung nu miskin ngadéngé warta hadé. 6 Bagja jalma nu teu cangcaya ka urang.”*
7 Sanggeus maranéhna baralik, Isa ngomong ngeunaan Yahya ka jalma réa, ”Maranéh indit ka gurun keusik téh rék nempo naon? Jujukutan jangkung nu luak-léok katebak ku angin? 8 Mun kitu rék nempo naon? Jalma nu maké baju méwah?* Jalma nu kawas kitu mah ayana di istana raja-raja. 9 Jadi, rék naon atuh maranéh téh? Rék nempo nabi? Éta bener. Ceuk urang mah manéhna leuwih luhur tibatan nabi. 10 Manéhna nu dimaksud dina tulisan ieu: ’Kuring ngirim utusan miheulaan* manéh, nu nyiapkeun jalan keur manéh!’ 11 Sing percaya, di antara jalma nu pernah dijurukeun ku awéwé euweuh nu leuwih luhur tibatan Yahya Jurubaptis. Tapi, nu pangleutikna dina Pamaréntahan sorga leuwih punjul tibatan manéhna. 12 Ti mimiti Yahya Jurubaptis ngawula nepi ka ayeuna, jalma-jalma sakuat tanaga ngupayakeun asup ka Pamaréntahan sorga, jeung jalma nu teu nyerah bakal asup. 13 Nepi ka jamanna Yahya, kabéh Kitab Para Nabi jeung Torét geus ngaramalkeun naon nu bakal kajadian. 14 Maranéh rék percaya rék henteu, Yahya téh ’Élia nu bakal datang’ téa. 15 Nu baroga ceuli, pék déngékeun bener-bener.
16 ”Ari jelema-jelema jaman kiwari bisa diupamakeun kawas saha? Kawas barudak nu dariuk di pasar jeung ngomong ka babaturanana, 17 ’Urang niup suling tapi maranéh henteu ngigel. Urang ngawihkeun lagu sedih tapi maranéh henteu milu sedih.’* 18 Kitu ogé, Yahya datang, teu dahar jeung teu nginum cianggur, tapi ceuk jalma-jalma, ’Manéhna kasurupan roh jahat.’ 19 Putra manusa osok dahar osok nginum cianggur, tapi ceuk jalma-jalma, ’Tuh tempo, jelema rewog, tukang nginum cianggur. Babaturanana gé tukang mulung pajeg jeung jelema-jelema dosa.’ Sanajan kitu, kabijaksanaan* saurang jalma katémbong* tina lalampahanana.”*
20 Geus kitu, Isa nyela kota-kota nu teu daraék tobat, padahal manéhna nyieun mujijat panglobana di dinya. 21 ”Cilaka manéh, Khorazin! Cilaka manéh, Bétsaida! Lamun mujijat-mujijat nu ditémbongkeun ka maranéh ditémbongkeun di Tirus jeung Sidon, jalma-jalma di dinya geus ti baréto kénéh maraké baju karung jeung ngawuran awakna ku lebu tanda tarobat. 22 Urang ngabéjaan, dina Poé Pangadilan, hukuman keur Tirus jeung Sidon bakal leuwih hampang tibatan keur maranéh. 23 Kitu deui manéh, Kapernaum, samaruk manéh rék dibawa ka sorga, kitu? Moal, manéh rék ditotogkeun ka Kuburan,* sabab lamun mujijat-mujijat nu ditémbongkeun ka manéh ditémbongkeun di Sodom, kota éta masih kénéh aya nepi ka ayeuna. 24 Urang ngabéjaan, dina Poé Pangadilan, hukuman keur Sodom bakal leuwih hampang tibatan keur maranéh.”
25 Harita Isa ngomong kieu, ”Bapa, Pangawasa langit jeung bumi, abdi muji Bapa di hareupeun loba jalma, lantaran Bapa nyumputkeun hal-hal ieu ka jalma-jalma palinter jeung bijaksana tapi ngungkabkeun ieu ka jalma-jalma saderhana nu siga budak leutik. 26 Éta nu dipikahayang ku Bapa.” 27 Tuluy manéhna ngomong kieu, ”Sagala hal ku Bapa geus disérénkeun ka urang. Euweuh nu bener-bener kenal ka Putra salian ti Bapa, jeung euweuh nu bener-bener kenal ka Bapa salian ti Putra, sarta euweuh nu bisa bener-bener kenal ka Bapa lamun teu dibéré nyaho ku Putra. 28 Hiap ka dieu kabéh nu keur lalungsé jeung loba beban hirup, ku urang bakal dikuatkeun. 29 Pék paké kai tanggungan* ti urang jeung diajar ti urang, sabab urang téh lemah lembut jeung rendah haté. Maranéh bakal ngarasa dikuatkeun. 30 Sabab kai tanggungan ti urang mah ngeunaheun, bebanna gé hampang.”