Nu Ditulis ku Matius
12 Harita, Isa ngaliwatan lahan gandum dina poé Sabat. Lantaran lapar, murid-muridna maretik gandum tuluy didalahar.+ 2 Waktu katempo ku urang Farisi, maranéhna ngomong, ”Tuh tingali! Murid-murid manéh ngalanggar aturan poé Sabat.”+ 3 Isa ngajawab, ”Pernah maca teu naon nu dilampahkeun ku Daud jeung baladna waktu maranéhna lapar?+ 4 Daud asup ka bumina Allah tuluy maranéhna dalahar roti nu dibaktikeun,+ padahal éta téh teu meunang didahar salian ku para imam, pan?+ 5 Atawa, pernah maca teu dina Torét, para imam di bait tetep digawé* dina poé Sabat tapi teu dianggap salah?+ 6 Tapi urang ngabéjaan, di dieu aya jalma nu leuwih penting tibatan bait.+ 7 Coba lamun maranéh ngarti naon hartina ieu kekecapan, ’Kuring mah hayang jalma-jalma téh karunyaan,+ lain ngan saukur méré kurban’,+ maranéh moal nyalahkeun nu teu boga salah. 8 Lantaran Anak manusa téh Dununganana poé Sabat.”+
9 Ti dinya, Isa indit tuluy asup ka tempat ibadah. 10 Di dinya, aya lalaki nu leungeunna lumpuh jeung mungkered sabeulah.+ Sababaraha jalma nanya ka Isa, ”Meunang kitu nyageurkeun jalma dina poé Sabat?” Maranéhna ngomong kitu téh supaya bisa nuduh Isa.+ 11 Isa ngajawab, ”Mun aranjeun boga hiji domba terus tigebrus kana sumur dina poé Sabat, ku aranjeun tangtu dikaluarkeun ti dinya, pan?+ 12 Jalma téh jauh leuwih penting tibatan domba! Jadi, nyieun kahadéan dina poé Sabat téh teu salah.” 13 Geus kitu, Isa ngomong ka éta lalaki, ”Cing asongkeun leungeun anjeun.” Tuluy leungeunna diasongkeun, harita kénéh leungeunna cageur siga nu sabeulahna. 14 Urang Farisi ngalaléos ka luar, badami rék maéhan Isa. 15 Lantaran nyahoeun, Isa nyingkah ti dinya. Jalma-jalma ngabring naluturkeun,+ kabéh nu gering dicalageurkeun ku Isa. 16 Tapi, Isa ngomat-ngomat supaya maranéhna henteu nyaritakeun ngeunaan dirina.+ 17 Ku kituna, kekecapan Nabi Yésaya ieu laksana,
18 ”Tah ieu palayan+ pilihan Kuring téh. Kuring nyaah jeung resep ka manéhna.+ Kuring bakal méré kawasa suci ka manéhna,+ ngarah manéhna bisa némbongkeun naon nu disebut adil ka bangsa-bangsa. 19 Manéhna moal paséa+ atawa hoak-haok, sorana gé moal kadéngé di jalan-jalan gedé. 20 Jarami nu ngaplék moal dipiteskeun, sumbu lampu nu kakalincesan gé moal dipareuman,+ nepi ka manéhna ngadatangkeun kaadilan di mana-mana. 21 Manéhna* bakal jadi harepan bangsa-bangsa.”+
22 Tuluy, jalma-jalma mawa hiji lalaki nu pireu jeung lolong lantaran kasurupan roh jahat. Manéhna ku Isa dicageurkeun jadi bisa ngomong jeung ningali deui. 23 Jalma réa arolohok jeung ngomong, ”Boa-boa manéhna téh Putra Daud téa!” 24 Ngadéngé ieu, urang Farisi ngomong, ”Si éta mah moal bisa ngusir roh jahat mun teu dibantuan ku Béélzébul,* pangawasa roh-roh jahat.”+ 25 Ku lantaran nyaho pikiran maranéhna, Isa ngomong, ”Unggal karajaan anu papecah bakal ancur. Unggal kota atawa rumah tangga anu papecah ogé bakal paburantak. 26 Nya kitu deui, lamun Sétan ngusir Sétan, éta hartina manéhna merangan diri sorangan. Mun kitu, kumaha karajaanana bisa terus ngadeg? 27 Salian ti éta, lamun urang ngusir roh-roh jahat ku bantuan Béélzébul, murid-murid maranéh ngusir roh-roh jahat téh dibantuan ku saha? Mun kitu mah murid-murid maranéh nunjukkeun yén omongan maranéh téh salah. 28 Tapi lamun urang ngusir roh-roh jahat ku bantuan kawasa suci Allah, éta nandakeun yén Pamaréntahan Allah geus aya, ngan maranéh teu sadar.+ 29 Lamun aya jalma nu rék asup ka imahna jalma bedas jeung rék ngarampas harta bandana, manéhna kudu nalian heula nu boga imahna kakara bisa ngajarah éta imah. 30 Saha waé nu teu mihak ka urang, éta hartina ngalawan ka urang. Saha waé nu teu ngumpulkeun bareng jeung urang, éta hartina manéhna ngaburencaykeun jalma-jalma.+
31 ”Éta sababna urang méré nyaho, sagala rupa dosa jeung panghina manusa bakal dihampura, tapi saha waé nu ngahina kawasa suci moal dihampura.+ 32 Misalna, saha waé anu omonganana ngalawan ka Anak manusa bakal dihampura.+ Tapi, anu omonganana ngalawan ka kawasa suci moal dihampura, boh dina jaman* ieu boh dina jaman engké.+
33 ”Lamun maranéh tangkal nu alus, buahna gé tangtu alus. Lamun maranéh tangkal nu goréng, buahna gé tangtu goréng, sabab tatangkalan mah katingali alus henteuna téh tina buahna.+ 34 Hé, turunan oray matih,+ kumaha maranéh bisa ngomongkeun hal-hal nu hadé ari maranéh jahat mah? Sabab omongan anu mudal tina biwir téh asalna ti jero haté.+ 35 Jalma nu hadé tangtu omonganana gé hadé, lantaran haténa pinuh ku hal-hal hadé. Jalma nu jahat tangtu omonganana gé jahat, lantaran haténa pinuh ku hal-hal jahat.+ 36 Urang ngabéjaan, dina Poé Pangadilan, jalma-jalma kudu tanggung jawab+ kana sagala omongan nu taya mangpaatna, 37 sabab bener salahna manéh téh ditangtukeun ku omongan manéh sorangan.”
38 Sanggeusna, sababaraha ahli Torét jeung urang Farisi ngomong, ”Guru, cik urang hayang nempo tanda nu ngabuktikeun omongan Guru.”+ 39 Isa ngajawab, ”Jalma-jalma jaman ayeuna nu jahat jeung teu satia* terus ménta tanda, tapi maranéhna moal dibéré tanda salian ti tanda Nabi Yunus.+ 40 Sarua siga Yunus nu aya di jero beuteung lauk gedé salila tilu poé tilu peuting,+ Anak manusa gé bakal aya di jero kuburan salila tilu poé tilu peuting.+ 41 Dina Poé Pangadilan, urang Niniwé jeung jalma-jalma jaman ayeuna bakal dihirupkeun deui. Éta jalma-jalma bakal kabukti salah, lantaran urang Niniwé mah tarobat basa ngadéngé warta ti Yunus.+ Sabenerna, di dieu aya jalma nu leuwih penting tibatan Yunus.+ 42 Dina Poé Pangadilan, ratu nagri Syéba* jeung jalma-jalma jaman ayeuna bakal dihirupkeun deui. Éta jalma-jalma bakal kabukti salah, lantaran éta ratu ngabélaan datang ti nu jauh hayang ngadéngékeun kekecapan Sulaéman nu bijaksana.+ Sabenerna, di dieu téh aya jalma nu leuwih penting tibatan Sulaéman.+
43 ”Aya roh jahat kaluar ti hiji jalma. Manéhna ngaliwatan gurun-gurun kukulayaban néangan pamatuhan, tapi teu manggih.+ 44 Geus kitu manéhna ngomong, ’Aing rék balik deui ah ka imah nu baheula.’ Barang nepi ka dinya, ari pék téh imahna geus kosong, bersih, jeung dihias. 45 Seug manéhna indit heula, balikna mawa batur tujuhan, roh-roh nu leuwih jahat tibatan manéhna. Sup maranéhna asup tuluy matuh di dinya. Ahirna, kaayaan éta jalma jadi leuwih parah tibatan saacanna.+ Éta nu bakal kaalaman ku jalma-jalma jahat dina jaman ayeuna.”
46 Waktu Isa keur ngomong ka jalma réa, indung jeung dulur-dulurna+ ngadagoan di luar rék ngomong ka anjeunna.+ 47 Aya nu ngabéjaan anjeunna, ”Itu aya ibu sareng dulur-dulur nuju ngarantosan di luar badé nyarios.” 48 Anjeunna ngajawab, ”Saha indung jeung dulur-dulur urang téh?” 49 Bari nunjuk ka murid-muridna, anjeunna ngomong, ”Tah ieu indung jeung dulur-dulur urang téh!+ 50 Saha waé nu ngajalankeun kahayang Bapa urang di sorga, nya manéhna nu jadi dulur awéwé, dulur lalaki, jeung indung urang.”+