Nu Ditulis ku Matius
14 Harita Hérodés, pangawasa daérah* Galiléa, ngadéngé laporan ngeunaan Isa, 2 tuluy ngomong ka palayan-palayanna, ”Moal salah, manéhna téh Yahya Jurubaptis téa. Manéhna geus hirup deui matakna bisa nyieun mujijat-mujijat kawas kitu.” 3 Saméméhna, Yahya ku Hérodés* ditéwak, diranté, jeung dipanjarakeun ku lantaran masalah Hérodias, nu tadina pamajikanana Filipus, lanceukna Hérodés. 4 Yahya sering negor manéhna, ”Awéwé éta teu meunang dikawin.” 5 Najan hayang maéhan, Hérodés teu wanieun lantaran Yahya dianggap nabi ku jalma réa. 6 Tapi pas parayaan ulang taun Hérodés, budak awéwéna Hérodias ngigel di hareupeun tamu-tamu. Hérodés atoheun pisan 7 nepi ka ngucap sumpah rék méré naon waé nu dipénta ku manéhna. 8 Tuluy lantaran dititah ku indungna, budakna ngomong, ”Abdi nyuhunkeun sirahna Yahya Jurubaptis dina baki.” 9 Hérodés teu resepeun, tapi da lantaran geus sumpah di hareupeun para tamu, paménta éta dicumponan. 10 Jadi, manéhna nitah jalma pikeun neukteuk beuheung Yahya nu aya di panjara. 11 Sirahna diteundeun dina baki, dibikeun ka budak awéwé éta, tuluy ku manéhna dibikeun ka indungna. 12 Ka dieunakeun, murid-murid Yahya nyokot mayitna tuluy dikuburkeun. Geus kitu maranéhna ngabéjaan Isa. 13 Ngadéngé kitu, Isa naék parahu indit ka tempat nu sepi rék nyorangan, tapi kanyahoan ku jalma réa. Maranéhna leumpang ti kotana masing-masing rék nyusul Isa.
14 Waktu turun tina parahu, Isa ningali jalma réa geus ngarumpul. Manéhna karunyaeun, jadi kabéh nu gering dicalageurkeun. 15 Pas geus soré, murid-muridna nyampeurkeun jeung ngomong ka manéhna, ”Tempat ieu téh jauh ti mamana, jaba geus soré deuih. Titah indit atuh jalma-jalma téh sina meuli dahareun sorangan ka kampung-kampung.” 16 Tapi, Isa ngajawab, ”Ulah disina indit. Maranéh wéh nu méré dahar.” 17 Ceuk maranéhna, ”Urang teu boga nanaon, ngan boga lima roti jeung dua lauk.” 18 Dijawab ku Isa, ”Sok ka dieukeun.” 19 Geus kitu, manéhna nitah jalma réa dariuk dina jukut. Tuluy, manéhna nyokot lima roti jeung dua lauk éta, tanggah ka langit, jeung ngucap sukur. Rotina disemplékan, dibikeun ka murid-muridna. Geus kitu, ku murid-muridna dibagi-bagikeun ka jalma réa. 20 Kabéh dalahar nepi ka wareg. Tuluy sésana dikumpulkeun, aya 12 karanjang pinuh. 21 Nu dalahar téh aya 5.000 lalaki, can kaasup awéwé jeung barudak. 22 Geus kitu, manéhna langsung nitah murid-muridna indit ti heula ka peuntaseun naék parahu. Ari manéhna mah rék ngabubarkeun jalma réa.
23 Sanggeus ngabubarkeun jalma réa, manéhna naék ka gunung sorangan rék ngadoa. Di dinya, manéhna nyorangan nepi ka peuting. 24 Ari parahuna murid-murid geus aya di tengah situ, ratusan méter* ti darat. Parahuna kaumbang-ambing ku ombak sabab anginna gedé pisan. 25 Pas subuh-subuh,* manéhna nyampeurkeun murid-muridna, leumpang dina cai. 26 Waktu murid-muridna ningali aya nu keur leumpang dina cai, maranéhna rareuwaseun, tuluy ngomong, ”Éta naon siga aya nu datang!”* Maranéhna tingjarerit kasieunan. 27 Isa langsung ngomong ka maranéhna, ”Tenang, ulah sieun! Ieu urang.” 28 Dijawab ku Pétrus, ”Juragan, lamun mémang bener éta Juragan, titah abdi ka dinya leumpang dina cai.” 29 Ceuk Isa, ”Sok ka dieu!” Jadi, Pétrus turun tina parahu, leumpang dina cai, nyampeurkeun Isa. 30 Tapi barang ningali angin gedé, Pétrus sieuneun. Manéhna rék tilelep, terus ngagorowok, ”Tulungan, Juragan!” 31 Isa langsung nyodorkeun leungeunna nyekel Pétrus, bari ngomong, ”Naha manéh bet kurang percaya jeung asa-asa?” 32 Sanggeus maranéhna naék kana parahu, jep anginna jempé. 33 Murid-murid nu aya dina parahu sujud ka manéhna, jeung ngomong, ”Juragan téh bener-bener Putra Allah.” 34 Maranéhna nepi di peuntaseun, balabuh di Génésarét.
35 Urang dinya nu wawuheun ka Isa ngabéjaan jalma-jalma di sakuliah daérah éta. Jadi, maranéhna marawaan kabéh nu gering. 36 Maranéhna ménta diidinan nyabak tungtung baju luarna. Kabéh nu nyabak jadi calageur.