Nu Ditulis ku Matius
15 Tuluy, aya sababaraha urang Farisi jeung ahli Torét ti Yérusalém nu daratang ka Isa,+ naranya kieu, 2 ”Ku naon murid-murid manéh ngalanggar tradisi karuhun urang? Contona, maranéhna tara kukumbah leungeun* saacan dahar.”+
3 Isa ngajawab, ”Ku naon aranjeun ngalanggar paréntah Allah demi ngajalankeun tradisi?+ 4 Contona, Allah nyarios, ’Manéh kudu hormat ka indung bapa,’+ sarta, ’Saha waé nu nyumpahan* bapana atawa indungna kudu dipaéhan.’+ 5 Tapi ceuk aranjeun, ’Saha waé nu ngomong ka indung bapana, ”Sagala milik abdi nu tadina badé dianggo ngarawat Ema sareng Bapa tos dibaktikeun ka Allah,”+ 6 éta jalma teu kudu ngahormat bapana deui.’ Ku kituna, gara-gara aranjeun firman Allah jadi teu dijalankeun demi tradisi.+ 7 Aranjeun téh munapék! Ramalan Yésaya ngeunaan aranjeun téh cocog pisan,+ 8 ’Ieu umat mah hormat ka Kuring téh ngan semet biwir, ari haténa mah jauh ti Kuring. 9 Cumah baé maranéhna ibadah ka Kuring, sabab nu diajarkeun téh kalah ka paréntah manusa.’”+ 10 Tuluy jalma-jalma dikumpulkeun ku Isa. Ceuk anjeunna, ”Déngékeun, aranjeun kudu ngarti hal ieu:+ 11 Anu matak jalma jadi najis téh lain nu asup kana baham, tapi nu kaluar ti dinya.”+
12 Geus kitu, murid-muridna nyampeurkeun anjeunna sarta ngomong, ”Urang Farisi ambek ngadéngé omongan Guru.”+ 13 Anjeunna ngajawab, ”Pepelakan nu teu dipelak ku Bapa urang di sorga bakal dirabut. 14 Geus, keun baé. Maranéhna téh pamingpin lolong. Jadi mun nu lolong nungtun nu lolong, duanana bakal tigebrus kana lombang.”+ 15 Ceuk Pétrus, ”Tiasa pangnerangkeun hartina éta ibarat ka urang kabéh?” 16 Isa ngajawab, ”Maranéh téh can ngarti kénéh geuning.+ 17 Piraku teu nyaho yén nu diasupkeun kana baham terusna téh ka jero beuteung tuluy dipiceun ka jamban. 18 Tapi, naon nu kaluar tina baham asalna tina haté, hal-hal éta nu nyababkeun jalma jadi najis.+ 19 Misalna, tina haté kaluar pikiran jahat,+ nu nyababkeun jalma jadi maéhan, jinah, cabul,* maling, ngucapkeun tuduhan palsu, jeung ngahina. 20 Tah, hal-hal éta nu nyababkeun jalma jadi najis. Ari dahar teu ngumbah leungeun* heula mah teu matak najis.”
21 Ti dinya, Isa indit ka daérah Tirus jeung Sidon.+ 22 Ari pék téh aya awéwé Fénisia ti daérah dinya nu nyampeurkeun anjeunna tuluy ngagero, ”Sing karunya ka abdi, Juragan, Putra Daud. Budak awéwé abdi kasiksa sabab kasurupan roh jahat.”+ 23 Tapi, ku Isa teu dijawab sakecap-kecap acan. Jadi, murid-muridna nyampeurkeun, ngadesek anjeunna, ”Sina indit atuh éta awéwé téh, ti tadi ngageroan waé.” 24 Anjeunna ngajawab, ”Urang diutus téh ngan ka bangsa Israél, nu siga domba-domba nyasar.”+ 25 Tapi, éta awéwé kalah ka beuki ngadeukeutan, bruk sujud bari ngomong, ”Tulungan atuh, Juragan!” 26 Ku Isa dijawab, ”Salah lamun nyokot roti nu barudak tuluy dibikeun ka anak-anak anjing.” 27 Ceuk éta awéwé, ”Muhun, Juragan. Tapi, anak-anak anjing pan osok ngadahar réméh nu ragragan tina méja dununganana.”+ 28 Isa ngomong ka manéhna, ”Iman Ibu kuat pisan. Heug, paménta Ibu sing laksana.” Harita kénéh, budakna cageur.
29 Ti dinya, Isa indit ka daérah deukeut Situ Galiléa.+ Anjeunna naék ka gunung tuluy diuk di dinya. 30 Brul jalma réa daratang bari marawaan nu lumpuh, cacad, lolong, pireu, jeung sajabana. Maranéhna digolérkeun di deukeut suku Isa. Ku anjeunna kabéh dicalageurkeun.+ 31 Jalma réa arolohok ningali nu pireu bisa ngomong, nu cacad jadi cageur, nu lumpuh bisa leumpang, jeung nu lolong bisa nénjo. Kabéh maruji Allahna urang Israél.+
32 Isa ngageroan murid-muridna jeung ngomong, ”Urang karunya ka maranéhna.+ Geus tilu poé aya di dieu, teu baroga dahareun. Urang teu téga nitah maranéhna balik bari can dahar, bisi kapiuhan* di jalan.”+ 33 Murid-muridna ngajawab, ”Di tempat nu mencil kieu mah rék néangan roti ka mana keur jalma sakitu lobana?”+ 34 Isa nanya, ”Maranéh boga roti sabaraha hiji?” Ceuk murid-muridna, ”Aya tujuh, jeung sababaraha lauk leutik.” 35 Sanggeus nitah jalma réa dariuk dina taneuh, 36 Isa nyokot tujuh roti jeung laukna. Anjeunna ngucap sukur tuluy éta disemplékan jeung dibikeun ka murid-muridna. Ku murid-muridna dibagikeun ka jalma réa.+ 37 Kabéh dahar nepi ka wareg. Geus kitu sésana dikumpulkeun, meunang tujuh tolombong pinuh.+ 38 Nu dalahar téh aya 4.000 lalaki, can kaasup awéwé jeung barudak. 39 Ahirna, sanggeus nitah jalma-jalma baralik, anjeunna naék parahu indit ka daérah Magadan.+