Nu Ditulis ku Matius
18 Harita, murid-murid ngadeukeutan Isa tuluy nanya kieu, ”Dina Pamaréntahan sorga, saha nu pangpunjulna?” 2 Jadi, Isa ngageroan budak leutik sina nangtung di tengah 3 terus ngomong, ”Sing percaya, lamun maranéh teu daék barobah jadi kawas barudak leutik, maranéh moal bisa asup ka Pamaréntahan sorga. 4 Ku kituna, saha waé nu ngahandapkeun manéh kawas budak leutik ieu bakal jadi nu pangpunjulna dina Pamaréntahan sorga, 5 jeung saha waé nu narima budak leutik kawas kieu demi urang,* éta sarua jeung narima urang. 6 Tapi saha waé nu nyababkeun jalma nu siga budak leutik ieu pegat iman ka urang,* leuwih hadé lamun beuheungna dikalungan ku batu gedé* tuluy dialungkeun ka laut.
7 ”Cilaka dunya ieu sabab geus ngalantarankeun jalma-jalma pegat iman!* Mémang jalma nu ngalantarankeun pegat iman* mah bakal aya waé, tapi cilaka jalma siga kitu téh! 8 Jadi, lamun leungeun atawa suku manéh matak pidosaeun,* mending teukteuk tuluy piceun. Leuwih hadé manéh buntung atawa pincang tapi meunangkeun kahirupan, tibatan manéh boga dua leungeun atawa dua suku tapi dialungkeun kana seuneu abadi.* 9 Kitu ogé, lamun panon manéh matak pidosaeun,* mending cokél, tuluy piceun. Leuwih hadé manéh boga panon sabeulah tapi meunangkeun kahirupan, tibatan manéh boga dua panon tapi dialungkeun ka Géhéna* nu seuneuna ngagedur. 10 Kadé, ulah nyapirakeun jalma-jalma nu siga budak leutik ieu, sabab urang ngabéjaan, malaikat-malaikat maranéhna di sorga aya terus di hareupeun* Bapa urang nu di sorga. 11 *——
12 ”Ceuk maranéh kumaha? Lamun aya jelema nu boga domba 100 tuluy leungit hiji, manéhna bakal ninggalkeun nu 99 éta di gunung tuluy néangan nu leungit éta, pan? 13 Waktu kapanggih, manéhna tangtu leuwih atoh ku nu hiji éta tibatan ku nu 99 nu teu leungit. 14 Kitu ogé, kahayang Bapa urang* nu di sorga mah ulah aya saurang-urang acan ti jalma-jalma nu siga budak leutik ieu anu leungit.
15 ”Lamun dulur manéh nyieun dosa, panggihan tuluy béjaan kasalahanana,* tapi ngan manéh jeung manéhna hungkul. Lamun manéhna daék ngadéngékeun, manéh geus ngabantu dulur manéh balik ka jalan nu bener. 16 Tapi lamun manéhna teu daék ngadéngékeun, bawa batur saurang atawa duaan, lantaran hiji hal bisa dianggap bener téh lamun aya katerangan ti* dua atawa tilu saksi. 17 Tapi lamun manéhna teu daék ngadéngékeun maranéhna, ngomong ka sidang jamaah. Lamun manéhna masih kénéh teu daék ngadéngékeun ogé, geus anggap manéhna jalma ti bangsa séjén jeung anggap tukang mulung pajeg.
18 ”Sing percaya, naon waé nu dibeungkeut ku maranéh di bumi, éta geus dibeungkeut di sorga, jeung naon waé nu dileupaskeun ku maranéh di bumi, éta geus dileupaskeun di sorga. 19 Sing percaya ogé, lamun dua di antara maranéh nu di bumi satuju ménta hiji hal nu penting, éta bakal dikabulkeun ku Bapa urang di sorga. 20 Sabab mun aya dua atawa tilu jalma kumpul mawa ngaran urang, urang aya di antara maranéhna.”
21 Ti dinya Pétrus nyampeurkeun Isa, tuluy nanya, ”Juragan, lamun aya dulur anu boga dosa ka urang, sabaraha kali urang kudu ngahampura manéhna? Nepi ka tujuh kali, nya?” 22 Isa ngajawab, ”Urang ngabéjaan ka manéh, lain tujuh kali, tapi nepi ka 77 kali.
23 ”Éta sababna Pamaréntahan sorga téh diupamakeun siga raja nu rék nagih hutang palayan-palayanna. 24 Pas keur nagih, aya jelema nu boga hutang 10.000 talénta* dibawa ka hareupeun manéhna. 25 Tapi lantaran manéhna teu sanggup mayar, raja nitah supaya manéhna, pamajikanana, barudakna, jeung sagala pangabogana dijual keur mayar hutangna. 26 Éta palayan ngarumpuyuk sujud bari ngalengis, ’Sing sabar ka abdi, engké ku abdi dilunasan.’ 27 Raja karunyaeun, palayan éta dibébaskeun jeung hutangna dianggap punah. 28 Tapi waktu kaluar, palayan éta paamprok jeung palayan séjén nu boga hutang 100 dinar* ka manéhna. Ku manéhna ditarik tuluy dicekék bari ngomong, ’Bayar hutang sia.’ 29 Baturna sujud tuluy ngalengis ka manéhna, ’Sing sabar ka abdi, engké ku abdi dilunasan.’ 30 Tapi manéhna embungeun, baturna kalah ka dijebloskeun ka panjara nepi ka bisa ngalunasan hutangna. 31 Waktu éta katempo ku palayan-palayan séjén, maranéhna kacida sedihna, tuluy kabéh kajadianana dilaporkeun ka raja. 32 Éta palayan digeroan ku raja jeung dicarékan, ’Dasar palayan jahat! Waktu manéh ngalengis, kabéh hutang manéh ku urang dianggap punah. 33 Kuduna mah manéh karunya atuh ka batur manéh, siga urang karunya ka manéh.’ 34 Saking ambekna raja, éta palayan dipanjarakeun* nepi ka bisa ngalunasan kabéh hutangna. 35 Tah, Bapa urang di sorga gé bakal siga kitu ka maranéh lamun maranéh masing-masing teu iklas ngahampura dulur maranéh.”