Nu Ditulis ku Matius
17 Genep poé ti harita, Isa ngajak Pétrus, sarta Yakobus jeung dulurna, nyaéta Yahya, ka gunung nu luhur, ngan opatan baé. 2 Tuluy rupa Isa barobah* di hareupeun maranéhna. Beungeutna caang kawas panonpoé, baju luarna bodas nyacas. 3 Bréh katempo ku maranéhna aya Musa jeung Élia keur ngobrol jeung manéhna. 4 Tuluy Pétrus ngomong ka Isa, ”Juragan, urang resep pisan bisa aya di dieu. Mun daék, ku urang dipangmasangkeun tilu kémah, keur Juragan, keur Musa, jeung keur Élia.” 5 Pétrus keur ngomong kénéh, bray aya awan ngagebray turun mayungan maranéhna, tuluy aya sora tina awan, ”Tah ieu Putra Kuring téh. Kuring nyaah jeung resep ka manéhna. Sing nurut ka manéhna.” 6 Bakating ku sieun ngadéngé sora éta, murid-muridna sarujud. 7 Isa nyampeurkeun tuluy nyabak maranéhna. Ceuk manéhna, ”Cengkat, ulah sieun.” 8 Barang tanggah, nu ditingali téh ngan Isa hungkul. 9 Basa maranéhna turun gunung, Isa nitah, ”Nu ditingali ku maranéh ulah waka dibéjakeun ka sasaha nepi ka Putra manusa dihirupkeun deui.”
10 Tapi, murid-murid naranya kieu ka manéhna, ”Ku naon ceuk para ahli Torét, Élia kudu datang ti heula?” 11 Manéhna ngajawab, ”Élia mémang bakal datang jeung nyiapkeun sagalana. 12 Urang ngabéjaan, sabenerna Élia geus datang tapi jalma-jalma teu nyarahoeun, malah sangeunahna dijahatan ku maranéhna. Putra manusa gé bakal dikitukeun ku jalma-jalma.” 13 Murid-murid ngarti nu dimaksud téh Yahya Jurubaptis.
14 Sanggeus maranéhna bareng deui jeung jalma réa, datang saurang jalma sideku di hareupeun Isa, tuluy ngomong, 15 ”Juragan, sing karunya ka budak lalaki abdi. Manéhna boga panyakit ayan* jeung sok labuh kana seuneu atawa sok tigejebur kana cai. 16 Abdi geus mawa manéhna ka murid-murid, tapi maranéhna teu bisa nyageurkeun.” 17 Isa ngajawab, ”Jalma-jalma jahat nu teu boga iman, rék nepi ka iraha urang kudu babarengan jeung maranéh? Rék nepi ka iraha urang kudu sabar ka maranéh? Bawa ka dieu jalmana.” 18 Roh jahatna dibentak ku Isa, langsung kaluar, jeung éta budak cageur harita kénéh. 19 Pas keur euweuh sasaha, murid-murid ngadeukeutan Isa tuluy nanya, ”Ku naon urang-urang mah teu bisa ngusir roh éta?” 20 Manéhna ngajawab, ”Sabab iman maranéh leutik. Sing percaya, lamun maranéh boga iman sagedé siki sasawi,* maranéh bisa nitah ka gunung, ’Pindah ka ditu,’ éta gunung bakal pindah. Euweuh nu mustahil keur maranéh.” 21 *——
22 Basa keur ngumpul di Galiléa, Isa ngomong ka murid-muridna, ”Putra manusa bakal dihianatan tuluy disérénkeun ka leungeun musuh. 23 Manéhna bakal dipaéhan jeung dina poé nu katilu bakal dihirupkeun deui.” Murid-muridna sarediheun pisan.
24 Sanggeus maranéhna nepi di Kapernaum, Pétrus disampeurkeun ku tukang mulung pajeg bait* tuluy ditanya, ”Ari guru manéh sok mayar pajeg tara?” 25 Dijawab, ”Osok.” Tapi, basa asup ka imah, Isa langsung ngomong ka manéhna, ”Simon, ari ceuk manéh kumaha? Raja-raja di dunya meunang bayaran atawa pajeg* ti saha? Ti barudakna atawa ti batur?” 26 Basa dijawab, ”Ti batur,” Isa ngomong deui, ”Jadi sabenerna mah barudakna teu kudu mayar pajeg. 27 Tapi ngarah teu piributeun, sok nguseup ka situ, cokot lauk nu mimiti kaala ku manéh, engké dina sungutna aya duit pérak.* Pék cokot duitna keur mayar pajeg jang urang duaan.”