Nu Ditulis ku Matius
21 Pas geus deukeut ka Yérusalém, maranéhna nepi di Bétfagé di Gunung Zaitun, tuluy Isa ngutus dua muridna, 2 ”Pék indit ka kampung di hareup. Pas asup, maranéh bakal ningali kaldé jeung anakna nu keur dicangcang. Leupaskeun talina tuluy bawa duanana ka dieu. 3 Lamun aya nu tatanya, béjakeun kieu, ’Dipénta ku Juragan.’ Geus kitu pasti meunang dibawa.”
4 Ku kituna, kekecapan saurang nabi laksana, nu nyebutkeun, 5 ”Béjakeun ka putri Zion, ’Tuh tempo raja manéh geus datang. Manéhna téh lemah lembut. Datangna numpak kaldé, enya, anak kaldé.’”
6 Dua murid éta indit, nuturkeun pituduh ti Isa. 7 Kaldé jeung anakna dibawa ku maranéhna, terus tonggongna ditilaman ku baju luar maranéhna. Tuluy ku Isa anak kaldéna ditumpakan. 8 Kalolobaan jalma ngamparkeun baju luarna di jalan, nu séjénna neukteukan palapah-palapah palem tuluy diamparkeun di jalan. 9 Salian ti éta, jalma-jalma nu leumpang di hareupeun jeung di tukangeunana tinggarero, ”Mugia Putra Daud disalametkeun! Mugia diberkahan jalma nu datang mawa ngaran Yéhuwa! Anjeun nu aya di sorga, salametkeun manéhna!”
10 Basa manéhna asup ka Yérusalém, kabéh jalma di kota géhgér, ”Saha éta?” 11 Dijawab ku nu naluturkeun, ”Manéhna téh Nabi Isa, ti Nazarét di Galiléa!”
12 Geus kitu, Isa asup ka bait jeung ngusiran nu jual beuli di bait. Méja-méja tukang nukeuran duit jeung bangku-bangku tukang dagang japati ku manéhna diguling-gulingkeun. 13 Ceuk manéhna, ”Aya ayat nu nyebutkeun, ’Imah Kuring bakal disebut imah doa,’ tapi ku maranéh kalah ka dijadikeun sayang* bégal.” 14 Geus kitu, nu lolong jeung nu lumpuh nyalampeurkeun manéhna di bait, tuluy dicalageurkeun.
15 Imam-imam kapala jeung ahli-ahli Torét ningali mujijat-mujijat nu dilakukeun ku Isa jeung ningali barudak lalaki nu tinggarero, ”Mugia Putra Daud disalametkeun!” Maranéhna jadi ambek 16 jeung ngomong, ”Kadéngé teu barudak téh ngomong naon?” Ceuk Isa, ”Enya. Pernah maca teu, ’Biwir orok jeung barudak leutik ku Anjeun disina ngucapkeun pupujian’?” 17 Geus kitu Isa ninggalkeun maranéhna. Manéhna indit ka luar kota ka Bétani, tuluy mondok di dinya.
18 Isuk-isuk kénéh, pas balik deui ka kota, manéhna lapareun. 19 Terus katempo ku manéhna tangkal ara di sisi jalan. Pas dideukeutan, ari pék téh euweuh buahna ngan daun hungkul. Manéhna ngomong ka éta tangkal, ”Sing teu buahan deui salilana.” Tangkal ara éta ngadadak garing. 20 Basa ningali, murid-murid arolohokeun jeung ngomong, ”Naha tangkal ara téh bisa ngadadak garing kieu?” 21 Isa ngajawab, ”Sing percaya, lamun maranéh boga iman jeung teu cangcaya, maranéh teu ngan saukur bisa nyieun tangkal ara jadi kitu, maranéh malah bisa ngomong ka ieu gunung, ’Pindah ka ditu, ka laut,’ éta gé bakal kajadian. 22 Kitu ogé, lamun maranéh boga iman, sagala nu didoakeun ku maranéh bakal dikabul.”
23 Sanggeus manéhna asup ka bait, para imam kapala jeung pamingpin bangsa éta nyampeurkeun manéhna nu keur ngajar, tuluy ngomong, ”Naon hak manéh ngalakukeun hal-hal ieu? Saha nu nitah manéh?” 24 Isa ngajawab, ”Urang rék nanya heula, lamun ku maranéh dijawab, urang gé bakal méré nyaho saha nu nitah urang. 25 Saha nu nitah Yahya ngabaptis? Allah di sorga atawa manusa?” Maranéhna badami heula, cenah, ”Mun urang ngajawab, ’Allah di sorga,’ atuh engké manéhna ngomong, ’Naha atuh maranéh bet teu percaya ka manéhna?’ 26 Tapi mun ngajawab, ’Manusa,’ urang sieun ka jalma réa sabab maranéhna nganggap Yahya téh nabi.” 27 Jadi maranéhna ngajawab, ”Urang-urang teu apal.” Isa ngajawab deui ka maranéhna, ”Mun kitu urang gé moal méré nyaho saha nu nitah urang ngalakukeun hal-hal ieu.
28 ”Ceuk maranéh kumaha? Aya saurang lalaki boga dua budak. Ka nu hiji manéhna ngomong, ’Jang, poé ieu manéh digawé di kebon anggur nya.’ 29 Dijawab ku budakna, ’Embung ah,’ tapi sanggeusna manéhna kaduhung tuluy indit digawé. 30 Ka nu kadua manéhna gé nitah kitu. Nu ieu mah ngajawab, ’Enya, Pa,’ tapi bari jeung teu indit. 31 Ti antara dua budak éta, saha nu nurut ka bapana?” Ceuk maranéhna, ”Nu kahiji.” Isa ngomong ka maranéhna, ”Tah sabenerna, tukang mulung pajeg jeung palacur bakal miheulaan maranéh asup ka Pamaréntahan Allah. 32 Sabab Yahya datang ngajarkeun jalan nu bener, tapi maranéh teu percaya ka manéhna. Sabalikna, tukang mulung pajeg jeung palacur mah percaya ka manéhna. Ari maranéh geus ningali hal éta gé angger teu ngarasa kaduhung jeung teu percaya ka manéhna.
33 ”Aya ibarat séjén: Saurang juragan tanah boga kebon anggur. Sakurilingna dipageran, tuluy manéhna nyieun bak keur meres anggur sarta ngabangun munara jaga. Geus kitu éta kebon diséwakeun sina digarap ku nu séjén, terus manéhna indit ka luar nagri. 34 Pas keur usum panén, manéhna nitah pagawé-pagawéna nyokot hasil anggur bagianana. 35 Tapi ku nu nyaréwa, pagawé-pagawéna ngadon ditaréwakan, aya nu digebugan, aya nu dipaéhan, aya ogé nu dibalédogan ku batu. 36 Manéhna nitahan deui leuwih loba pagawé séjén, tapi angger sarua dikitukeun. 37 Tungtungna mah manéhna nitah anakna. Ceuk pamikirna, ’Ka anak urang mah tangtu ngahormat.’ 38 Ningali anakna datang, nu nyaréwa kebon ngaromong kieu, ’Tuh tempo ahli warisna datang, hayu urang podaran, urang cokot warisanana!’ 39 Jadi, anak juragan éta ditéwak jeung diséréd ka luareun kebon anggur, tuluy dipaéhan. 40 Cik, pas juragan nu boga kebonna datang, nu nyaréwa kebonna bakal dikumahakeun?” 41 Ceuk maranéhna, ”Lantaran jahat, maranéhna tangtu diparaéhan. Geus kitu, éta kebon bakal diséwakeun ka nu séjén, nu bakal méré hasilna pas keur usumna.”
42 Isa ngomong ka maranéhna, ”Maranéh pernah maca teu? Dina Kitab Suci ditulis, ’Batu nu teu kapaké ku tukang bangunan geus jadi batu nu utama.* Éta téh asalna ti Yéhuwa. Keur urang mah éta batu téh kacida éndahna.’ 43 Éta sababna urang ngabéjaan ka maranéh, Pamaréntahan Allah bakal dicokot ti maranéh, terus dibikeun ka bangsa séjén nu ngalampahkeun kahayang Allah.* 44 Salian ti éta, saha waé nu tibeubeut kana batu éta bakal ancur, jeung saha waé nu katinggang batu éta bakal remuk.”
45 Basa imam-imam kapala jeung urang Farisi ngadéngé ibarat-ibarat éta, maranéhna ngarti nu dimaksud ku Isa téh maranéhna. 46 Hayangna mah maranéhna téh néwak Isa, tapi sieun ku jalma réa nu nganggap Isa téh nabi.